Sunday, December 23, 2007

Balada Utopia Dr Sucitra




Dene utamaning nata
Berbudi bawa laksana
Dene utamaning praja
Adilmakmur paramarta

ATASANGIN.—Sareng Dekan FISIP Prof Dr Kumbayana, Dr Sucitra ngadep Rektor Universitas Atasangin Prof Dr Baratwaja.

BARATMAJA: Kaula kaget maos serat panyuwun andika pikeun undur diri salaku akademisi. Naha, Dr Sucitra?

SUCITRA: Kaula bade ganti profesi.

BARATMAJA: Profesi naon?

SUCITRA: Politisi!

KOMBAYANA: Jadi politikus? Nah, hahaha… hebring! Utopia anu kacida luar biasana! Nangng, naha atos dipigalih ku anjeun? Pan anjeun teh teoretisi ilmu sosial politik, sanes praktisi. Bisa naon?

SUCITRA: Justru eta! Kaula bade turun kana politik praktis. Dina jagat akademisi teu aya peluang pikeun jadi politisi. Kaula butuh kabebasan politik, sanes saukur kabebasan mimbar!

BARATMAJA: Naha aya?

SUCITRA: Aya di luar negeri! Kaula bade emigrasi ka nagara anu ngajungjung demokrasi.

BARATMAJA: Atasangin oge nagara demokrasi. Arek ka mana deui andika milari demokrasi?

SUCITRA: Hmh! Demokrasi Atasangin semu-feodal! Kaula bade ka Pancala. Di ditu nuju aya suksesi. Presiden Pancala Jendral Gandabayu nuju matrapkeun suksesi demokratis.

KOMBAYANA: Naon eta teh?

SUCITRA: Saha wae tiasa janten presiden Pancala, upami mibanda power anu sanggem nandingan Jendral Gandamana.

KOMBAYANA: Nah, hahaha… power naon anu jadi andelan anjeun? Power Wagon, Power Metal, Power Slave? Nah, hahaha… naon coba? Teori? Gombal! Teori handal jiga naon oge sakadar aya dina wacana, sareng sadaya wacana pisah tina realitana. Leuwih radikal deui, teu aya hartina sadaya anu aya di luar wacana! Nah, Citra ulah ngimpi! Realistislah! Minterkeun kahirupan bangsa leuwih mulya tibatan utopia. Nah, hahaha.…

SUCITRA: Punten, Prof Yan! Kaula sungkan debat sareng anjeun. Acuan teori urang mah benten. Kaula saluyu sareng Michel Foucault! Wacana lan kawasa teu misah tina realita. Ieu perlu bukti! Prof Dr Baratwaja—kaula permios!

BARATMAJA: Sae, masing wiyatna di jalan!

SUCITRA: Permios, Prof Yan.

KOMBAYANA: Mangga-mangga, pamugi teh sukses! Upami aya hasilna, engkin tapaklacak anjeun diturutan ku kaula. Nah, hahaha… good bye!

SUCITRA: G’bye!

Kebat lumampah Sucitra
Tumuju ka nagara Pancala
Sayembara Pancala
Ngalawan Gandamana

PANCALA.—Presiden Gandabayu ngangkir Menhankam Jendral Gandamana kangge ngarembag suksesi politik.

GANDABAYU: Kumaha, Jendral Gandamana? Masih acan aya anu sanggup nandingan andika?

GANDAMANA: Acan, Pak! Nanging ieu aya jago anyar, Dr Sucitra ti Atasangin, inohong ageung ilmu sosial politik, sareng … bujangan! Huahaha… mangga majeng, Dr Sucitra.

SUCITRA: Hatur Nuhun!

GANDABAYU: Atoh terang kana aturan sayembara ieu? Air-war, perang gegana! Upami sanggem nandingan kahebatan tempur-udara Jendral Gandamana, andika boga hak diangkat jadi presiden Pancala sareng ngistrenan putri kaula Dewi Gandawati.

SUCITRA: Hah?

GANDAMANA: Huahahaha… ulah kaget! Naha arek adutinju kitu? Kuno! Hayu adulaga di angkasa! Salira bisa milih pesawat tempur mana anu salira suka.

SUCITRA: Modar awak kaula! Sae kaula bade nyoba.

GANDAMANA: Mangga!

Tandang gonera
Sang Gandamana
Sadaya warga
Nongton laga

PALAGAN.—Jendral Gandamana ngalengkah gagah ka arah pesawat tempur supermewah. Dr Sucitra bingunglutung! Sayembara ieu kanyana ku mantenna. Emutanna namung kaeusi ku teori politik, teu kenal strategi tempur. Bade mundur, isin! Tibatan mundur, mendingan tempur.

“Hayu, Sucitra!”
“Sayagi!” (Blaas!)

Dua pesawat
Pesat-kebat

“Hidup, Jendral Ganda!” “Hidup! Hidup!” (Prok! Prok! Prok! Suit-suit!) “Wah, nekad!” (Teet!) “Trompetna, Jang—torek yeuh!” (Toeet!) “Kehed!” (Buk!) “Adoow!” (Bruk!)
“Rasakeun tah!”
“Sst! Gandeng!”
“Caaang-kacaaang! Kacang, Om?” “Teu!” “Rokok, tisu, Getsbi!” “Teu!” (Jdak!) “Aduh, anjing! Teu meli, ninju!” “Hahaha…!”
(Duut!) “Hitut deui sia!” (Hfuh!) “Dasar!”
“Cicing! Ubreg wae! Eh, totoan yo?” “Oke, uing ngajagokeun Om Ganda!” (Cplek!) “Siplah! Kuring, Om Goen!” “Lho!”
“Heheheh…!”
(Zoss!) “Luput” (Blar!)
(Plas!) “Keuna!” (Glar!)

Pesawat tempur
Sucitra hancur

“Modar sia?”
“Teuing atuh!”

Gandamana jaya
Jago sayembara
Ganti kang cinarita
Tandana gara-gara

KARANG KABOLOTAN.—Teuis angin sumilir di pereng gunung. Pucuk gunung katutup layung. Tina hiji saung eurih nguumandang tembang. Kidung panghibur kalbu, tembang pangbeberah manah! Panakawan pada sempal kapiguyon.

Wayang mana, wayang mana?
Wayang eta nu pang jagona
Hayang mana, hayang mana?
Hayang eta nu pang gedena

“Ehm, brr… tiris euy! Moro bareng Agan Pandu mah sial wae kuring teh! Mantenna meunang anu ageung terus; ari kuring meunang nu leutik wae.”
“Nya heu-euh atuh, Dawala! Agan mah make bedil, ari silaing make palinteng. Beda!”
“Ahihi… tradisionil!”
“Moal bisa nyaruaan Agan Pandu: alat modern! Alat leuwih hebat tibatan bakat. Najan bakat hebat, tanpa alat pasti lambat. Biasa serba santai, nya narima atuh. Budaya statis arek ngalawan budaya dinamis. Moal bisa?”
“Enya-nya! Bapa ka mana?”
“Sareng Agan Pandu!”
“Ka ditu, yu?”

PANDU: Jigana liburan kaula atos cekap, Kang Semar. Hayu urang ka Astina.

SEMAR: Mangga, Gan!—Hayu, Jang!

“Asiiik!” “Siplah, Pa!”

Pandu ngambah jalan
Leuweung pangalasan
Halang terjang
Perang kembang

ALASAMAR.—Pandu Dewanata ogol begalan pati. Rintang-halang ditarajang. Para danawa nunjangmalang. Salangtunjang!

“Puah, bangsat! H-hareupan k-kaula Gendir Penjalin!”
“O, Cakil—teunggeul, Reng!”
(Pletak!) “Aduh!” (Cpret!) “Rasakeun!” (Bletak!) “Wadow! M-modar a-aing….” (Bluk!) “Hehe… ngan sakitu! Deui yeuh!” (Cpret! Thaak!) “Waaw… palinteng sia keuna hulu aing, Reng! Ngawur sia mah!” “Hehe…!”
“Babo-babo! Pragalba, Rambutgeni, Padasgempal, Jurangrawah, Buta Terong, Galiuk—serbu!" (Jlap! Jlap! Jlap! Jlap!)
(Plas!) “Hakan tah bom!”
(BLAARR!)

Para Buta
Pada fana
Kaget denira ningali
Satria ing geganawiyati

“Eh, tempo, Dawala! Tuh!”
“Hah? Parasit lagrag!”

Panakawan
Lalumpatan

PANDU: Saha andika?

SUCITRA: Kaula Sucitra. Haduh… untung kaula salamet! Eh, ari anjeun saha?

PANDU: Kaula Pandu sareng ieu Ki Semar. Naha andika bisa lagrag di dieu?

SUCITRA: Yeah… kaula kalah sayembara. Sialdangkal! Kaula teu mampuh nandingan kapiawaian air-war Jendral Gandamana ti Pancala. Luarbiasa!

PANDU: O, memang! Komo deui upami mantenna ngangge jet tempur Wungkalbener, moal tiasa nandingan. Eta kakiatan Pancala! Nanging, upami andika kersa, kaula tiasa ngabantu.

SUCITRA: Hah? Nanging—?

SEMAR: Em, hahahah… ulah samar, Pak Citra! Jendral Pandu Dewanata ieu the Presiden Astina. Mantenna ahli polemologi, pakarakbar budaya tempur.

SUCITRA: O, sae atuh!

PANDU: Tandinganana jet tempur Wungkalbener teu aya deui namung jet tempur Narantaka. Ieu logika perwira. Nanging kaperwiraan perlu disarengan ku kapinteran. Tempur sanes mung adubedas, nanging oge aducerdas. Modernitas Pancala ngan tiasa ditandingan ku posmodernitas. Inget Powershift Toffler, sareng War and Anti-War tiasa diacu.

SUCITRA: Wah, kawiryan teu leupas tina kawinasisan. Ngeunah teuing sare kaula dina menaragading politik. Kacipta ku realita, hirup dina utopia. Bener-bener anugerah, kaula tiasa papendak sareng Jendral Pandu Dewanata.

PANDU: Bawa jet Narantaka. Mugi-mugi tiasa sukses! Bral!

SUCITRA: Hatur nuhun!

Kebat Narantaka
Melesat angkasa
Genah ayena Sucitra
Megadigdaya di udara

PANCALA.—Dr Sucitra menang! Sarengsena sayembara mantenna dipasihan anugerah pangkat Jendral, nikah sareng Dewi Gandawati, lan dilantik janten presiden Pancala. Ayeuna mantenna ganti nami Jendral Drupada. Dina pamarentahanana, mantenna saluyu upami Jendral Gandamana diangkat janten Wapres.

Petik kembang sinebaran
Tutup lawang singgotaka


Semarang, 22 Desember 2007 Ki Harsono Siswocarito

Saturday, December 22, 2007

Sang Hyang Segara Rekayasa


Puja-puji kaula kangge mantenNa
Anu nyipta alam dunya saeusina
Hormat kaula kangge ki bujangga
Anu ngamumulyakeun mantenNa


ASTINA.—Para Kurawa nuju badami sareng Jendral Baladewa, Presiden Mandura, ngarembag masalah musibah negara.

DURYUDANA: Dewan sidang anu mulya! Luapan samodra, musim hujan anu luarbiasa, hujanangin, banjirbandang, siga bakal ngalelepkeun jagat, jadi malabencana global. Naha musibah ieu oge tumiba ka nagara Mandura?

BALADEWA: Iyo—sami! Malah loba daerah anu geus kalelep ku luapan samodra.

KARNA: Kitu oge Propinsi Awangga! Nalayan janten korban! Wisata bahari mati! Rusakporak di mana-mana.

DURYUDANA: Naon sabenarna panyebab malabencana ieu? Sareng kumaha cara ngatasina?

SAKUNI: Punten, Pa! Sugan Prof Durna gaduh sumbangsih pamikiran otentik sareng strategi pameulah masalah anu jitu.

DURYUDANA: Leres, Prof Dur—mangga unggah ka mimbar.

DURNA: Nah, hahaha… nuhun! Inohong ageung teu kudu kokoar dina mimbar! Tut wuri handayani! Nah, hahaha… regepkeun dewan sidang anu mulya—teu ukur Astina, Mandura, Awangga anu kena musibah, malah dugi ka Bangladesh. Leuwih miris! Nah, sacara teoritis—aya akibat, aya sebab! Sadaya mala sakadar akibat tina hiji sebab. Samodra ngaluap, hujanangin, banjirbandang, malah gunung es di kadua kutub bumi oge ngaleleh—eta sadaya lantaran padamelan manusa anu teu malire kana karahayuan lingkungan kahirupan. Oknum anu teu boga tanggungjawab!

BALADEWA: Krrk-cuah! Oknum jahanam! Saha, Prof?

DURNA: Miturut panalungtikan, eta sadaya akibat padamelan si Antasena anu nuju migawe eksperimen di dasar samodra.

BALADEWA: Krrk-cuah! Laknat si Antasena!

KARNA: Naon maksadna?

DURNA: Lantaran anjeunna Kasal Amarta, pasti gaduh tujuan politis. Demi kajayaan bangsa Pandawa! Anjeuna hoyong janten pangawasa samodra sareng ngaku gelar Sang Hyang Segara Rekayasa.

BALADEWA: Naon? Sang Hyang? Krrk-cuah! Edan! Sinting si Antasena! Apa gelar eta aya dina kitab, Prof?

DURNA: Ah, teu aya! Sadaya pustaka parantos kabaca. Pustaka Universitas Sokalima dugi Universitas Atasangin parantos ditalungtik ku kaula. Kawit dina kitab kuno model Tantu Panggelaran, Kitab Manik Maya, Kitab Paramayoga, Kitab Kanda, Kitab Sudamala, Kitab Nawaruci, Kitab Gatutkacasraya, Mahabarata, Ramayana, dugi kitab anu sanes—teu aya gelar Sang Hyang Segara Rekayasa. Sang Hyang gadungan! Palsu!

DURYUDANA: Lamun kitu, gagalkeun eksperimen si Antasena, tewak sareng adili!

SAKUNI: Upami Amarta nangtayungan?

DURYUDANA: Serbu!


“Saluyu! Saluyu! Saluyu!” + “Ziplah!” + “B-beres!” + “OK!” + “Hidup Kurawa!” + “Hidup! Hidup! Hidup!”
BALADEWA: Krrk-cuah! Cocog!

DURYUDANA: Mangga, Jendral Baladewa—luluguan pasukan multinasional. Sareng Letjen Karna, mangga luluguan pasukan Parakomando Astina.

BALADEWA: Sayagi!

KARNA: Sayagi!

“Pasukan Parakomando Operasi Samudra—sigra tumindak! Lapor: Dursasana, Dursala, Dursata, Durmuka, Durkarna, Duradara, Durwigata, Durmagati, Kartamarma, Kartipeya, Citragada, Citramarma, Citrakandala, Citrayuda, Citraksa, Citraksi, Adityaketu, Bimabahu, Dirgabahu, Dirgalacana, Dirgarama, Dredarata, Drepasastra, Drestahasta, Drepayuda Drepawarman,—siap bergerak!”
“Laksanakeun!”
“Sayagi!”
Pertempuran samodra
Siapsergap Antasena

DASAR SAMUDRA.—Zona teritorial Amarta.

(BLAARR!)
“Krrk-cuah! Ranjo laknat!”
“Awas kapal slam!”
(BLAARR!)

ANTASENA: Hmh, Kurawa—ulah ngimpi bisa ngadobrak-rusak hankam Amarta. Submarine Antaboga karyarekacipta Prof Dr Antaboga handal pisan. Kaula Sang Hyang Segara Rekayasa nuju migaweeksperimentasi di jero Sea-Lab Oceanoculture demi masa depan bangsa. Saha wae ulah asup ka jero Sea-Lab ieu.

Gara-gara
Bumi beuncah
Laut beungkah

TUMARITIS.—Dina dukamala dunya, Panakawan nuju bobodoran.

“Excuse me, I’m Petruk Swayze. Dear Readres—how are you today? Fine? OK, so am I. Hehehe… caritana the keur ngijih yeuh: baseuh, bocor, becek! Ehm… Yun, Ren, Sis—nuju naon? Ngeceng wungkul! Iraha mejeng deui di Matahari? Gantian! Ngampus kek, hehehe… kumaha tuh Wayang Kampus ? Hura-hura wungkul! Ngomongna mah: aktivis! Ngilmiyah kek, hehehe… teu nyeni ah!”
“Omong jeung saha, Dawala?”
“To my fans, of course!”
“Huh, sok ngetop! Sok ngepop!”
“Hehehe… puguh atuh! Eh, si Gareng mana? Bang, si Gareng Mbeling atos digarap acan? Cepet atuh kaburu dianggap! Pan arek show—ulah ngan si Cepot wae anu in action. Bosen!”
“Sentimen sia, Dawala!”
“Kudu! Nah, tuh si Gareng! Ka dieu, Reng! Where’re ye from?”
“Show-biz!” + “Show off!”
“Zow, ngarti? Teu siga sia: ngeceng wungkul. Teu payu-payu!”
“Sangeunahna wae sia! Di ditu aing teh observasi: nalungtik kalakuan budaya konsumerisme demi antisipasi bisnis masadepan. Pan asik!”
“O dasar Cepot Urban!”
“Minggeus! Pak Jun datang!”
ARJUNA: Kang Semar—Laksamana Antasena mesti dipilari. Lami anjeuna teu lapor ka Amarta.
SEMAR: Mangga, Gan.

Arjuna lan Panakawan
Nyusup ka jero leuweung

“E-e-babo-babo… Gog—aya p-panjalajah r-rimba Pringga-dingatala. S-saha, Gog?
“Sst! Jendral Arjuna!”
“E-e-babo-babo… s-serbu!”—(Clap!)—“C-ciaat!”—(Dez! Zplak! Deb! Bugh!)—“Hugk-khoeekh uhuooo… m-modar a-aing, Gog!”—(Bruk!)
“Cakil paeh, Lung!”
“Keun wae, Gog!”
“Grr-babo-babo, keparat! Hareupan kaula Dityakala Badaisegara! Heh, kanca-kanca: Pragalba, Rambut Geni, Padas Gempal, Jurangrawah, Buta Ijo, Buta Terong, Buta Endog—hayu urang koroyok tuh si perwira keparat!”
“C’mon!” + “OK!” + “Move!”
“Satu, dua, tilu! Ciat! Ciat! Ciiaatt!”—(Blaarr!)—“Aduh! Ahk! Khk! Klk!”—(Blug! Blug! Blug!)
“Zuilah! Mampuz zadaya!” + “Benel! Hayu lumpat, Mas!”
(Jleg!)—“Eureun!”
“Zaha zia? O yez! Kenalan—aing Mr George! Yez, Mr Joz!”
“Busyet! Ginding teuing geuning ieu Buta—make nami beken sagala! Silaing kalah, Reng.”
“Em… sia saha, Pelo?”
“Mistel Gabliel! Ayo mantog ah! Ulah ngulusan jalma teu benel!”—(Bugh! Bugh!)—“Adow! Main pelmak deui! Blantem-blantem, tapi spoltif! Ngawul sia mah!”
(Dor-dor!)—“Beres, Gong!”
Buta-buta mala
Pada sirnafana
Gentur tutur
Bangun catur

SEA-LAB OCEANOCULTURE.—Laksamana Antasena anu ajejuluk Sang Hyang Segara Rekayasa gawe geter jagat lantaran panemuan Sistem Hankam Dasar Samodra, sareng Oceanomigration demi ngatasi masalah padatna penduduk masadepan ku ngarekacipta Gedong Pencakar Laut. Eksperimentasi fantastik samodel eta nyebabkeun pro sareng kontra di sakabeh jujuru jagat. Lain gaib-ajaib upami Girinata, Presiden Sorgaloka, turun ka marcapada.

GIRINATA: O Jagat Dewa Batara! Antasena—eureunan eksperimen eta! Ulah miheulaan pangersa! Jeung leupaskeun eta gelar Sang Hyang anu dipake ku andika.

ANTASENA: Punten, teu bisa! Eksperimen sanes saukur sok cendekia. Gelar sanes keur gagah-gagahan! Ieu demi kahirupan.

GIRINATA: Babo-khhk-cuah! Kurang ajar! Apa andika teu melang ku pasukan multisemesta ti Jagat Triloka?

ANTASENA: Punten, Gusti! Teu pisan!

GIRINATA: Jahanam! Tewak!

“Sayagi! Indra, Bayu, Brahma, Wisnu, Surya, Sambu, Kama-jaya, Yamadipati, Temboro, Trembuku—tewak si Antasena!”
“Sayagi! Sayagi! Sayagi! Sayagi!”
(BLAARR!)
“O Jagat Dewa Batara!” + “Mundur! Bayu Mundur!”
“Bergenzong-pada-ndoyong, si Antasena teu bisa ditaklukkeun! Bener-bener gagah megadigdaya mantena! Cilaka! Ieu urusan Ki Semar, Adi Guru!”
“Tuh Ki Semar dongkap!”
SEMAR: Aya naon, Nun? Bakutempur sareng Pa Antasena rupina. Punten, Maha Sang Hyang! Demi pranata alam—Sang Hyang Segara Rekayasa saleresna mah kahirupan ku pangawasana Sang Hyang Wenang. Nah, Pa Antasena—tugas parantos salse! Wenang nyipta, Wenang ngarekayasa, Wenang malire. Sugan teh kitu, Maha Sang Hyang?

“Soal LBH—bapa pakarna!”
“LBH teh naon, Dawala?”
“LBH: Lakon Bangsa Hyang.”
SANG HYANG WENANG: Ki Semar bener! Manggayuh karahar-janing praja, memayu-hayuning bawana.

Petik bunga guna
Intisari merdeka



Semarang, 22 Desember 2007 Ki Harsono Siswocarito

Wednesday, December 19, 2007

Sang Hyang Mayadewa





Sri tinon ing pasewakan
Busana manekawarna kebak
Puspiteng udiyana miyang
Hanjrah sarwa rukma …

ASTINA.—Para pamimpin Kurawa nuju ngagelar sidang umum, kangge ngarembag babagan krisis Kurusetra.

DURYUDANA: Dewan sidang anu mulya! Krisis Kurusetra parantos janten krisis dunya anu kedah dirojong sacara global seteuacanna janten Perang Dunya Baratayuda. Kangge kajayaan Kurawa, sidang ieu dibuka. Wilujeng sumping kangge Jendral Baladewa.

BALADEWA: Iyo, nuhun! Huahahaha… punten, kaula telat dongkap. Maklum—sibuk! Loba urusan di jero nagara. Pikeun ngarataan pangwangunan! Huahahaha….

SAKUNI: Hehe… sami! Malah Astina kiwari nuju ngarojong kadamean dunya. Nyegah PD III Baratayuda! Kitu nya, Prof?

DURNA: Leres! Nah, justru eta Kurawa perlu nerapkeun strategi politik mancanagara anu jitu! Menang tanpa perang! Nah, hahaha….

DURYUDANA: Tepat, Prof Dur! Salaku mahaguru pinuh-ilmu canggih-teori loba-pustaka tangtos andika sanggem masihan strategi jitu!

DURNA: Nah, hahaha… tangtu, tangtu! Durna sanes saukur profesor tampang, sanes profesor pangkat, nanging mahapakar sarwa pinter, mahaahli multicanggih!

BALADEWA: Krrk-cuah! Ulah balaga! Buktikeun, Prof!

DURNA: Sae! Saluyu sareng panalungtikan, dasar kakiatan hankam Amarta teh ayana dina kamanunggalan antara Pandawa sareng Panakawan. Nyaeta kamanunggalan antara aparat sareng rakyat! Nah, demi ngabubarambyarkeun eta kakiatan—culik Semar! Sandra! Upami perlu, podaran!

KARNA: Ke heula! Eta teh ngalanggar hak-hak azasi manusa. Kaula teu saluyu!

SAKUNI: Tenang, Bapa Gubernur Awangga! Kabijakan eta aya di Presiden Duryudana, decision-maker.

DURYUDANA: Hmh, saluyu! Kumaha, Jendral Baladewa?

BALADEWA: OK!

DURYUDANA: Sae—Brigjen Dursasana, siapkeun Operasi Panakawan. Sandra Semar!

DURSASANA: Ait! Sayagi! Huaha… e-e-e, permios!

“Haturan ka sadayana! Ieu daftar perwira pinilih kangge Operasi Panakawan: Dursala, Dursata, Durmagati, Durmuka, Durkarma, Durwigata, Duradara, Kartamarma, Kartipeya, Citrayuda, Citra-marma, Citrakandala, Citraksa, Citraksi, Citragada, Drepayuda, Drepawarman, Drepasastra, Dredarata, Ugrasewa, Drestahasta, Adityaketu, Bimabahu, Dirgarama, Dirgabahu, Dirgalacana…!”

“Sayagi! Sayagi! Sayagi! Sayagi!”

Lampah kebat
Siap ngembat

Waspada Gatotkaca
Perwiratama gegana

TAPAL BATAS, AMARTA.—Pesawat tempur Krincingwesi mesat kebat mapak mega jumantara!

“Hmmm… laknat Kurawa! Hareupan heula Angkatan Udara Amarta!"—(Plas! Plas! Plas!)
“Awas bom! Tiarap!”
(Blar! Blar! Blar!)
“Krrk-cuah! Kapal laknat keparat! Kumawani ngajegal pasukan Astina—rasakeun tah!”—(Dreder-der-der…!!!)
“Break, Divisi Jangkarbumi, di dieu Marsekal Gatotkaca butuh bantuan Angkatan Darat Amarta, over!”
“Well, Kolonel Antareja sayagi ngabantu—”
“Kontek Laksamana Antasena!”
“Sayagi!”
(Blar! Blar! Blar!)

BALADEWA: Krrk-cuah! Gawat!

KARNA: Dur, Dir, Cit, Karta… mundur! Mundur!

BALADEWA: Krrk-cuah! Kumaha, Prof?

DURNA: Beurat! Tinimbang ancurlebur, leuwih sae mundur. Ganti taktik diplomatik! Kaula bade nepangan Gubernur Arjuna di Madukara.”

DURSASANA: Sae! Ati-ati, Prof!”

DURNA: Sae, permios!”

Cepatkebat Prof Durna
Tumuju ka Madukara

MADUKARA.—Jendral Arjuna nyambut dongkapna Prof Durna.

ARJUNA: Wilujeng sumping, Prof.

DURNA: Nuhun! Salaku duta Astina ama diutus ku Presiden Duryudana pikeun ngarunding masalah krisis Kurusetra. Kangge nyegah perang Baratayuda, demi kadamean dunya, Astina minta Amarta masrahkeun Semar.

ARJUNA: Kangge naon, Prof?

DURNA: Pikeun dijadikeun sesepuh Astina! Nah, lamun teu ka kabeuratan, geura anteurkeun Semar ka nagara anu baheula, eh… ka Astina.

ARJUNA: Sae! Petuduh rama guru kaula laksanakeun.

DURNA: Nah, hahaha… mangga!

Bumi goncang
Laut goncang

GARA-GARA—Taktiklicik konflik politik karsundut genipati. Tumaritis keuna wabah sarakah babangus kurawus.

Suwe ora jamu, Mas
Jamune godong telo
Suwe ra ketemu Mas
Lho kok malah bodo


“Hobat, Reng—kuno! Teu maju-maju! Seni kudu boga ciri anu mandiri. Kudu khas, lain klise!”
“Penting duit—Anjing!”
“Hobat! Keuna wabah dokuisme, idealisme seni luntur!”
“Kajeun—Bangsat!”
“Minggeus! Ribut wae! Era tuh ku panongton.”
“Sendika dawuh, Yayi Prabu—”
“Minggeus—Anjing! Ulah dadalangan edan kitu!”
“Hihi… keun wae, omongan wayang ngeunaheun euy. Lamun aing dalang!"
“Naon?”
“Arek ganti aran jadi Cepot De Vito—hihihi….”
“Busyet! Sugan the naon?”
“Eh, tempo tuh aya Agan Arjuna!”

ARJUNA: Sampurasun!

SEMAR: Rampes, Jendral Arjuna, mangga ka lebet.

ARJUNA: Nihun. Kang Semar, kaula menta kasayagianana jadi duta kadamean Amarta di Astina. Ayeuna pisan andika kudu mangkat sareng Prof Durna.

DURNA: Leres, Ki Semar!

SEMAR: Sae, mangga—Jang, jaga desa!”


“Beres, Pa!”

Kocap kacarita Durna
Mawa Semar ka Astina

ASTINA.—Dina panjara jero tanah Semar dibui. Sanes janten duta mantenna, nanging katalangsara. Mantenna teu kawasa teu daya teu upaya.


“Aduh, Gusti! naon noda, dosa, cela, atawa mala anu dipidamel ku sim kuring, dugi ngalampahan nasib anu medel kieu?”

Duka daku dikau daki
Dikau duka daku daki


“Hey, Kurawa! Semar leungit ti bui ilang tina panjara!”
“Krrk-cuah! Bangsat! Saha sia?”
“Ulah kaget, Kurawa! Kaula Sang Hyang Mayadewa anu geus ngabebaskeun Ki Semar Badranaya.”
“Dur, Cit, Karta—tewak!”
“Sayagi!
Sayagi! Sayagi!”
(Clap!)—“Ciaat!”—(Jder!)—“Ait! Pfuh!”—(Splak! Bugh!)
“Aduh!”
“Krrk-cuah! Keparat! Hiaatt!”— (Zplak! Dez! Bugh!) —“Heughk!
Hoeekh ooo…!”
“Tenjo tuh, Dur! Jendral Baladewa ditonjok dugi olab muntaber!”
“Krrk-cuah! Lumpat, Cit!”
“Oke deh!”

Kurawa lalumpatan
Kabur paburantakan

Sang Hyang Mayadewa
Kebat tumuju ka Amarta

AMARTA.—Jendral Arjuna menta suaka.

YUDISTIRA: Aya naon, Jendral Arjuna?

ARJUNA: Cilaka! Kaula diudag mahajaksa anu ngaku Sang Hyang Mayadewa.

BIMA: Hmh, naha?

ARJUNA: Kaula parantos ngirim Kakang Semar ka Astina salaku duta kadamean, nanging mantenna murca.

KRESNA: O, pantes!


“Heh, Arjuna! Ulah sambat kaniaya! Najan lumpat ka luar tata jagat pramudita, anjeun moal bisa bebas leupas tina tuntutan Mahajaksa Sang Hyang Mayadewa!”

ARJUNA: Belaan kaula.

KRESNA: Keun akang anu mayunan!


“Babo krrk-cuah! Budak hideung, arek naon anjeun?”

KRESNA: Punten, Mahajaksa—memang Arjuna aya di pihak kadakwa, upami aya bukti kasalahanana. Nanging Amarta teh nagara hukum anu ngajungjung azas praduga tanpa salah. Nah, mangga urang badamikeun di pangadilan.”


“Ulah ngadalih! Arjuna kalibat dina panipuan tanaga kerja, nyalahgunakeun jabatan, ngomplot jeung Kurawa pikeun nyilakakeun Ki Semar Badranaya.”

KRESNA: Sae, kasaksian andika tiasa dijelentrehkeun di pangadilan. Andika tiasa nungtut Jendral Arjuna! Apa andika warga Amarta?”

“Enya! Ieu KTP kaula!”

KRESNA: Eladalah! Kakang Semar?


SEMAR: Leres, Nun! Sang Hyang Mayadewa sakadar nama samaran!”

KRESNA: O!

SEMAR: Uhahahahah… atoslah, Agan Kresna. Kahilafan Jendral Arjuna dihapunten ku sim kuring! Sim kuring bade teras wangsul ka desa Tumaritis. Permios!”

KRESNA: Mangga, Kakang Semar!”






Semarang 20 Desember Ki Harsono Siswocarito

Thursday, November 29, 2007

Artikel Lakonet

Lakonet mengrupi gabungan tembung "lakon" sareng "internet" anu didamel ku Ki Harsono Siswocarito kanggo nami hiji genre lakon wayang anu dipagelarkeun dina media internet. Genre iyeu benten sareng genre sastra anu sanes mangrupi puisi, prosa, atawa drama. Benten dina jenis, eusi, tawa mediana. Jenisna saluyu sareng lakon anu nganggo murwa (puisi), nyandra (prosa), sareng antawacana (drama). Eusi cariosna saluyu sareng carios wayang nanging digarap ngangge gagrak anyar.

Mimitina mantena nganggit lakon wayang mbeling kanggo media cetak. Sanggitana benten sareng sanggitan-sanggitan anu sanes margi mantena nerapken estetika Sastra Padalangan mangrupi murwa, nyandra, antawacana, rumpaka, sareng onomatopia anubiasa dianggo dina komik.

Rembagan

Murwa

Murwa nu aya dina lakonet Ki Harsono Siswocarito marupi gubahan tina suluk "kembang sungsang" wayang golek Sunda, nanging disaluyuken sareng media internet nu dijantenkeun papan pagelarana disebat "kelirbeling" atanapi "layarmaya".

Kembang sungsang cahya kunang
Kadia lintang gilang gumilang
Tembang hyang pangreka dalang
Dadia piwulang wong ngawayang

Nyandra

Sedengkeun nyandrana ditulis model warta koran anu biasa nyebatkeun tempat ngangge huruf ageung, teras narasi prosana ngangge nyandra anu pondok disaluyukeun sareng kabutuhan jejer cariyosna.

MERCUKUNDA, SURALAYA.—Maharaja Tribuwana Sang Hyang Otipati Pramesti Guru Jagatgirinata ya Sang Hyang Manikmaya maharaja diraja jagat pramudita calik dina singgasana Dampar Kencana lemek babut permadani sutra rerenda permata tinaretesing sosoca dipunadep dening para dewa pemuka triloka samiya pada jajar denira pinara.

Antawacana

Antawacana ngangge model dialog drama, nami wayang ditulis ngangge huruf ageung, dipasihan tanda titik dua, teras dilajengkeun caturan. Upami aya katerangan gerak-gerik wayang tiasa ditulis dina jero tanda kurung.

GIRINATA: Kakang Panji Kanekaputra, kunaon mamala triloka teu acan reda? Malah tambah musibah. Batara pada susah, batari pada sedih; lara hapsara parah, nyeri hapsari peurih. Iyeu mesti dipandegani, Kang Narada.

Onomatopia

Onomatopia diangge dina "sabetan" anu ngagambarkeun adegan perang. Ramena ogol begalan pati dipagelarkeun ngangge suara-suara anu ditulis dina jero tanda kurung, sareng omongan-omongan anu ditulis ngangge tanda petik.

RIMBAMALA.—Mintaraga aduyuda sareng bala Manimantaka.
“E-eureun! S-saha s-sia?”
“Dawala, sikat yu!”
“Soklah!”—(Duk! Bugh!) Ambruktakluk (Blug! Gludug!)—“Yeuh rasakeun! Hih!”—(Jplak! Gdubrak!)—“Aaawww!”
“Bah! Keparat! Kaladurga, Kaladurjana, Kaladuraksa, Kaladurmala, Kalastuwila, Kaladaksa, Kaladarba, Kalagarba, Kaladuskerta, Kaladusta, Kaladursila—majuserbu!”
“Reng, embat granat!” + “Okelah!”—(Plas!)
(BLAARR!)

Rumpaka

Rumpaka diangge kangge kakawihan para Panakawan. Cara nulisna sami sareng murwa anu mangrupi puisi. Na lakonet Gitadarma Dr Mintaraga, rumpaka mangrupi petikan lagu "Asmaradana" Sunda. Rumpaka lakonet tiasa oge ngangge lagu-lagu modern anu saluyu sareng cariyosna. Di lebah diyeu kreativitas sanggitan tiasa dikembangkeun sajembarna.

Pungkasan

Mungkas cariyos ngangge Tancep Kayon utawi ngangge Gunungan saparantosna pocapan "Tutup Lawang Sigotaha". Mugi-mugi seratan iyeu tiasa janten wiwitan pangembangan Lakonet anu kapayun. Hatur nuhun. Semarang 5 Nopember 2007. Ki Harsono Siswocarito.

Serat Mahapurwa

Murwa

Serat Mahapurwa nyarioskeun lalakon Sang Hyang Adama, Sang Hyang Sita, Sang Hyang Nurcahya, Sang Hyang Nurasa, Sang Hyang Wenang, Sang Hyang Tunggal, sareng Sang Hyang Manikmaya. Wawaton seratan iyeu ngarujuk kana Serat Paramayoga garapan Pujangga Ranggawarsita di Surakarta anu ngarujuk Serat Jitapsara garapan Begawan Palasara di Astina sareng ngarujuk Pustaka Darya garapan Sang Hyang Nurcahya di Lokadewa.

Lalakon Sang Hyang Adama

Kocap kacarita Sang Hyang Adama saparantosna diturunkeun ka alam dunya sareng dihampura dosana, ngadeg raja di Kusniamalabari, ngaratuan sato kewan. Daharna tina pamuja. Sang Hyang Adama nyiptaken taun surya sareng taun candra, teras nyipta Tanajultarki kangge miwitan pepelakan na taun 129 SA atawa taun 133 CA. Teu lami bojona Sang Hyang Adama nyaeta Dewi Hawa babaran kembar dampit putra-putri. Kembar dampit kahiji rupana awon, kadua sae, katilu awon, kaopat sae, kalima awon, kitu saterasna dugi opat puluh dua kali, nanging anu kagenep sareng ka opat puluh hiji teu dampit.

Saparantosna gaduh putra lima dampit, Sang Hyang Adama bade ngajodokeun putra-putrina. Putra anu gagah dijodokeun sareng putri anu awon. Putri anu geulis dijodokeun sareng putra anu awon. Jadi teu dijodokeun saluyu sareng dampitanna.

Ari pangersana Dewi Hawa, putra-putrina dijodokeun saluyu sareng dampitanna, anu gagah dijodokeun sareng anu geulis, anu awon sareng anu awon. Jojodoan iyeu jadi pasulaya antara Sang Hyang Adama sareng Dewi Hawa. Pasulayana ngantos rebutan kawasa ngaluarkeun rahsa anu diwadahan ku cupumanik sareng dipujakeun ka Gustina.

Saparantosna dugi kana wancina, cupumanik dibuka. Rahsa pamuja dina cupumanik Sang Hyang Adama janten babayi nanging ngan raragana wungkul; sedengkeun rahsa pamuja dina cupumanik Dewi Hawa ngawujud getih. Dewi Hawa ngarasa nalangsa ku kaayaan eta.

Jabang bayi anu aya dina cupumanik Sang Hyang Adama kena ku dihim pinasti janten jabang bayi anu sampurna kacaangan ku cahya nurbuat sareng aya sasmita ti Gusti nami eta jabang bayi teh Sang Hyang Sita. Mantenna suka bungah anu teu aya papadana.

Teu lami aya gara-gara, cupumanik Sang Hyang Adama katiup angin puyuh lilimbungan tumiba kana teleng sagara hideung. Cupumanik kacekel ku Danyang Azazil, ratu banujan anu ngawasa sagara hideung.

Ahirna Dewi Hawa manut kana aturan jojodoan Sang Hyang Adama. Sadaya putra-putrina lobana opat puluh dampit, sareng aya anu dua anu teu dampit nyaeta Sang Hyang Sita sareng Dewi Hunun.

Putra-putri Sang Hyang Adama nyaeta

Sang Hyang Kabila, Dewi Alima, Sang Hyang Habila, Dewi Damima, Sang Hyang Isrila, Dewi Sarira, Sang Hyang Israwana, Dewi Mona, Sang Hyang Basaradiwana, Dewi Dayuna, Sang Hyang Sita, Sang Hyang Yasita, Dewi Awisa, Sang Hyang Sesana, Dewi Aisa, Sang Hyang Yasmiyana, Dewi Ramsa, Sang Hyang Yanmiyana, Dewi Yarusa, Sang Hyang Suryana, Dewi Siriya, Sang Hyang Amana, Dewi Mahasa, Sang Hyang Kayumarata, Dewi Hindunmaras, Sang Hyang Yajuja, Dewi Majuja, Sang Hyang Lata, Dewi Uzza, Sang Hyang Harata, Dewi Haruti, Sang Hyang Danaba, Dewi Daniba, Sang Hyang Bantasa, Dewi Bintisa, Sang Hyang Somala, Dewi Susia, Sang Hyang Jamaruta dampitanna Dewi Malki, Sang Hyang Tamakala, Dewi Tamakali, Sang Hyang Adana, Dewi Adini, Sang Hyang Harnala, Dewi Harnila, Sang Hyang Samala, Dewi Samila, Sang Hyang Awala, Dewi Awila, Sang Hyang Astala, Dewi Astila, Sang Hyang Nurala, Dewi Nureli, Sang Hyang Nuhkala, Dewi Nuhkali, Sang Hyang Nuskala, Dewi Arki, Sang Hyang Sarkala, Dewi Sarki, Sang Hyang Karala, Dewi Karia, Sang Hyang Dujala, Dewi Dujila, Sang Hyang Katala, Dewi Katili, Sang Hyang Arkala, Dewi Arkali, Sang Hyang Mrihakala, Dewi Mrihakali, Sang Hyang Ardabala, Dewi Ardiati, Sang Hyang Sanala, Dewi Peni, Sang Hyang Pujala, Dewi Puji, Sang Hyang Sasala, Dewi Sasi, Sang Hyang Sahnala, Dewi Sani, Dewi Hunun, Sang Hyang Sahalanala, sareng Dewi Sahini

Nanging Sang Hyang Kabila, Dewi Alima, Sang Hyang Basaradiwana, Dewi Dayuna, Sang Hyang Lata, Dewi Uzza, teu manut kana aturan jojodoan Sang Hyang Adama. Sang Hyang Kabila teu saluyu, sareng hoyong dijodokeun ka jodo rayina nyaeta Sang Hyang Habila. Pasulaya rebutan jodo eta dugi ka rebutan pati. Sang Hyang Habila dipaehan ku Sang Hyang Kabila. Saparantosna rayina maot, Sang Hyang Kabila ngahuleng liyeur mikiran kumaha carana ngubur eta layon rayina. Teras aya manuk gaok totoker dina taneuh. Sang Hyang Kabila nurutan manuk gaok ngadamel liang lahat.

Sang Hyang Kabila sareng bojona Dewi Alima jeung Dewi Damima ditundung ku Sang Hyang Adama, teras ngalalana dugi ka tanah Afrika, disarengan ku rayina Sang Hyang Basaradiwana, sareng Dewi Dayuna. Kitu oge Sang Hyang Yajuja sareng dampitanna Dewi Majuja nyusul Sang Hyang Kabila ka tanah Afrika. Sedengkeun Sang Hyang Lata Sareng Dewi Uzza ngalalana ka tanah Asia.

Saterasna Sang Hyang Adama ngaratuan sato-kewan sareng anak-turunanna.


Lalakon Sang Hyang Sita

Saparantosna dewasa Sang Hyang Sita dipasihan jodo bidadari ku Gusti. Nami bojona Dewi Mulat. Rumahtanggana silih asah silih asih silih asuh.
Kocap kacarita, Danyang Azazil ratu banujan di Sagara Hideung hoyong ngajodokeun putrina anu namina Dayang Dalajah ka turunan Sang Hyang Adama sangkan bisa ngaratuan bangsa manusa. Danyang Azazil ngaboyong putrina ka Kusniamalabari. Kusaktina Danyang Azazil, putrina malih rupa janten Dewi Mulat. Sedengkeun Dewi Mulat anu asli kasarung leungit tanpa lebih ilang tanpa karana disumputkeu ku Danyang Azazil.

Kasurung ku gandrung kasorang ku cinta, Sang Hyang Sita saresmi sareng Dewi Mulat mamalihan. Kama manjing ing kenyapuri Dayang Dalajah kena ku dihim pinasti, cabar tina mamalihanana lajeng mulang ka Sagara Hideung sareng ramana Danyang Azazil. Dewi Mulat anu asli parantos katingali deui, sare sareng Sang Hyang Sita.

Dewi Mulat ngandung jabang bayi. Dina wancina ngalahirkeun, wayah janari Dewi Mulat babaran kembar, anu kahiji mangrupi bayi lalaki, anu kadua mangrupa cahaya. Wanci sarepna dina poe anu sami, Dayang Dalajah oge ngalahirkeun wujudna rahsa, lajeng dibawa ka Kusniamalabari Ku Danyang Azazil.

Rahsa sareng Cahaya gumulung ngahiji jadi bayi lalaki anu kalimputan ku cahaya gilang gumilang teu tiasa digarayang.

Eyangna, Sang Hyang Adama masihan aran ka eta bayi kembar. Anu kahiji namina Sang Hyang Nara, anu kadua Sang Hyang Nara, margi kalimputan cahaya katelah Sang Hyang Nurcahya.

Saparantosna dewasa, Sang Hyang Nasa suka kana elmu agama anu diwedar ku eyangna Sang Hyang Adama. Sedengkeun Sang Hyang Nurcahya suka tatapa di leuweung luwang-liwung, di pucuk-pucuk gunung, atawa dina jero-jero guha.

Sang Hyang Nurcahya suka ngalalana ngalanglang buana, teras papendak sareng Danyang Azazil anu malih rupa janten maharesi anu sakti mandraguna pasagi ku pangarti pinuh ku elmu jembar ku pangabisa. Sang Hyang Nurcahya guguru ka Danyang Azazil, diwuruk diwulang olah kanuragan, kasakten, elmu panemu jampe pamake, kawedukan, kabedasan. Sang Hyang Nurcahya teu tutung ku api teu baseh ku cai teu teurak ku badama, bisa mancala putra mancala putri, bisa ngaleungit tanpa lebih ilang tanpa karana, bisa ngagegana mapak mega jumantara, bisa ambles bumi neuleuman sagara.

Saparantosna tamat guguruna, Sang Hyang Nurcahya mulang ka Kusniamalabari. Sang Hyang Adama kaget ngaweruhan kaayaan incuna. Sang Hyang Nurcahya benten pisang sareng kembaranna Sang Hyang Nasa. Nanging Sang Hyang Adama teu kasamaran yen eta sadaya lantaran Danyang Azazil.

Sang Hyang Adama ngadawuhan putrana Sang Hyang Sita ngabaran yen Sang Hyang Nurcahya isukan bakal mukir tina agama Sang Hyang Adama lantaran nganut ajaran Danyang Azazil. Sang Hyang Sita ngahuleung ngaraga meneng, kaduhung ku kalakuan Sang Hyang Nurcahya.

Dina umur 990 tahun Sang Hyang Adama tilar dunya. Sadaya elmuna diwariskeun ka Sang Hyang Sita; sedengkeun kakawasaanna diwariskenana ka Sang Hyang Kayumarata, putrana anu ka tilu belas. Pambagian eta dumasar kana kaunggulan putra-putrana. Sang Hyang Sita janten pangawasa babagan rohani; sedengkeun Sang Hyang Kayumaratan janten pangawasa babagan jasmani.


Lalakon Sang Hyang Nurcahya

Maotna eyang Sang Hyang Adama janten memengen incunna nyaeta Sang Hyang Nurcahya. Anjeuna ngaraos kaduhung margi Sang Hyang Adama kena lara pati. Upami anjeunna masih netepan elmuna Sang Hyang Adama, pinasti anjeunna bakal kena ku lara pati. Teras Sang Hyang Nurcahya nilar Kusniamalabari bade milari elmu anu hanteu kena ku lara pati sangkan hirupna mulus rahayu lestari abadi.

Sang Hyang Nurcahya ngalalana dugi ka luar batas nagari Kusniamalabari. Di tepis miring anu tumuju ka leuweung liwang-liwung, Sang Hyang Nurcahya papendak sareng Danyang Azazil. Anjeunna dibantun ka talatah Awinda nyaeta wewengkonna para siluman, anu kacida wingitna, poek-mongkleng, sareng tiis-tingtrim, ayanna di puser bumi belah kaler, anu teu kaambah ku cahaya panon poe. Di dinya ayana Tirtamarta Kamandalu, nyaeta cai kahuripan anu kaluar tina mustika mega.

Sang Hyang Nurcahya sareng Danyang Azazil muja ka Gusti sangkan dipasihan Tirtamarta Kamandalu. Lajeng aya mega lalambakan mocoran cai kahuripan tina Sagara Rahmat. Sang Hyang Nurcahya disuruh mandi sareng nginum Tirtamarta Kamandalu. Sang Hyang Nurcahya hoyong ngawadahan eta cai kahuripan nanging teu mawa wadah. Danyang Azazil masihan wadah namina Cupumanik Astagina anu saleresna kagungan Sang Hyang Adama waktu katiup angin puyuh liliwungan lagrag dina teleng Sagara Hideung wewengkonna Danyang Azazil. Cupumanik Astagina gaduh kasaktian sadaya anu diwadahan ku eta cupu moal bakal seep.

Lajeng Sang Hyang Nurcahya kaluar ti talatah Awinda, sareng Danyang Azazil leungit tanpa lebih ilang tanpa karana. Sang Hyang Nurcahya neraskeun lalampahanna sorangan. Di hiji talatah anjeunna mendak hiji tatangkalan anu akarna tiasa ngalantaran hurip kajati mulang ka asal kebo mulih makandangan, sumber kahirupanna alam dunya, anu katelah Lata Maosadi.

Wancina Sang Hyang Nurcahya bade mulang ka Kusniamalabari bingung kasarung teu emut kamana jalanna. Anjeunna kalunta-lunta ngalalana ngambah jurang jungkrang, gunung nangtung, leuleuweungan.

Dina hiji poe anjeunna anjog ka sisi sagara, sareng ningali aya dua mahluk nangtung di luhur sagara. Sang Hyang Nurcahya nampak sancang leumpang di luhur cai nyaketan eta mahluk. Anu kahiji namina Danyang Haruta, anu kadua Danyang Maruta. Baheulana mah eta mahluk teh namina Sang Hyang Isyana sareng Sang Hyang Isaya anu meunang bebendu ti Gusti katulah janten banujan nyaeta bangsa jin.

Danyang Haruta sareng Danyang Maruta ngawuruk kaweruh Sang Hyang Nurcahya babagan lumakuna bumi, panon poe, bulan, bentang, anu katelah elmu palakiah, sareng elmu hikmah.

Sang Hyang Nurcahya nyarita yen anjena hoyong terang sorga. Danyang Haruta sareng Danyang Maruta ngadongeng yen soga eta ayana dina hulu walungan anu pang ageungna di talatah Afrika. Sang Hyang Nurcahya percanten ka eta dongeng lajeng ngalalana milarian sorga nutuykeun eta walungan.

Sang Hyang Nurcahya papendak sareng paman jeung bibina, nyaeta putra-putri Sang Hyang Adama anu ka lima belas namina Sang Hyang Lata sareng Dewi Uzza nuju tatapa di sisi eta walungan. Sang Hyang Nurcahya nyarita yen anjeunna putrana Sang Hyang Sita. Sang Hyang Lata sareng Dewi Uzza nampi kadatangan Sang Hyang Nurcahya, lajeng diwuruk elmu kaweruh sadurung winarah sadaya lalakon anu parantos atawa bakal kasorang.

Lajeng Sang Hyang Nurcahya neraskeun milarian sorga dugi ka talaga Jambirilahiri di hulu walungan anu ayana di pucuk Gunung Kaspia. Sang Hyang Nurcahya ngahuleng ngaraga mineng kaduhung ku bingung margina teu mendakan ayana sorga.

Aya sora tina jero kawah Gunung Kaspia anu api sareng latuna pating kolenyay murub-mubyar, ngaku-aku yen mantena eta Gusti Amurba Bumi anu kagungan sora sareng naraka. Eta sora teh dadamelan Danyang Azazil anu malih warna. Sang Hyang Nurcahya mesat ka jumantara ngadep Gusti Amurba Bumi nyuhun diweruhan ayana sorga. Sang Hyang Nurcahya lebet kana sosoca anu katelah Ratnadumilah, ningali kaendahan sadaya eusi sogra.

Saparantosna kaluar tina jero sosoca, Danyang Azazil anu malih warni jadi Gusti Amurba Bumi masihkeun Ratnadumilah ka Sang Hyang Nurcahya. Kasaktian eta sosoca teh sadaya anu dipikacipta aya, anu dipikahayang datang, teu keuna ku tunduh, teu keuna ku laralapa. Lajeng Sang Hyang Nurcahya diwuruk elmu pangiwa panitisan, manjing suruping pati, lampahna cakramanggilingan.

Sang Hyang Nurcahya teu hayang mulang ka Kusniamalabari. Danyang Azazil nuduhan hiji talatah anu tiasa didunungan ku Sang Hyang Nurcahya anu katelah Lokadewa. Lajeng Sang Hyang Nurcahya angkat ka eta tempat.

Di Lokadewa, Sang Hyang Nurcahya neraskeun tapana di pucuk gunung nutuykeun lampahna panon poe. Wayah janari nyanghareup ka wetan, tengah poe nyanghareup ka luhur, wayah sareupna nyanghareup ka kulon. Lamina eta tatapa tujuh taun, dugi anjeuna ngaraga sukma lebet kana alam Sunyaruri awang-uwung, nyaeta alam Banujan. Sang Hyang Nurcahya dumunung di eta alam lamina sarebu taun.

Kocap kacarita aya hiji ratu banujan anu ngadanyangan Lokadewa namina Danyang Maladewa, putrana Danyang Harataketu. Anjeuna nuju ngider bumi ningali aya cahaya murub-mubyar sanes surya gilang gumilang sanes bentang kadia sosoca sanes candra, nanging cahaya sukma trahna Sang Hyang Adama.

Danyang Maladewa bade nyepeng eta cahaya nanging teu tiasa. Lajeng janten bandayuda ogol begalan pati sareng eta cahaya sukma anu ngaku-aku Amurbamisesa Alam. Danyang Maladewa kalah taluk ka Sang Hyang Nurcahya, anu saterasna ngadeg ratu di Lokadewa sareng migarwa putrina Danyang Maladewa anu katelah Dewi Mahamuni. Sadaya kulawarga sareng wadiabala Danyang Maladewa sami ngadep taluk hamarikelu ka Sang Hyang Nurcahya anu kasebat Dewata nyaeta guru linuhung Lokadewa. Eta wiwitanna para dewa disebat Sang Hyang magi julukan anu diagem ku Sang Hyang Nurcahya.

Kocap kacarita Sang Hyang Nurcahya julukanana Sang Hyang Dewata, Sang Hyang Dewapamungkas, Sang Hyang Atmadewa, Sang Hyang Sukmakawekas, Sang Hyang Amurbengrat, Sang Hyang Manon, Sang Hyang Permana, Sang Hyang Permata, Sang Hyang Mahawidi, Sang Hyang Mahasidi, Sang Hyang Mahamulia, Sang Hyang Kahanantunggal, Sang Hyang Jagatmurtitaya, eta putrana Sang Hyang Sita, incuna Sang Hyang Adama.

Sang Hyang Nurcahya gaduh putra tunggal ti garwana Dewi Mahamuni, anu namina Sang Hyang Nurasa margi kacipta tina aworna cahaya sareng rahsa anu disiram Tirtamarta Kamandalu.

Lalakon Sang Hyang Nurasa

Saparatosna Sang Hyang Nurasa dewasa, lajeng Sang Hyang Nurcahya ngawariskeun karaton ka putrana sareng masihan Cupumanik Astagina, Lata Maosadi, sareng Ratnadumilah. Sang Hyang Nurcahya lajeng nyipta Pustaka Darya, nyaeta seratan dina emutan, mantra tanpa sora, sora tanpa sastra, anu nyaritakeun lalampahan anjeunna. Pustaka Darya oge dipasihkeun ka Sang Hyang Nurasa.

Artikel Padalangan

Sastra padalangan mangrupi rekabasa sastra anu diangge para dalang dina pagelaran wayang. Jenis sastra padalangan biasa dibagi janten tujuh, nyaeta murwa, nyandra, antawacana, rumpaka, sora, sareng carita.

Murwa

Murwa mangrupi suluk bubuka pagelaran anu dilagukeun ku ki dalang dina miwitan caritana. Murwa kasup salah sahiji jenis puisi padalangan. Jenis lainna sendon sareng gregetsaut. Di handap hiji conto murwa anu dicatet ti dalang Dédé Amung Sutarya dina lakon Jaya Renyuan:

Adam adam babuh lawan
Ingkang ngagelaraken cahya nur cahya
Dangiang wayang wayanganipun
Perlambang alam sadaya
Semar sana ya danar guling
Basa sem pangangen-angen
Mareng ngemaraken Dzat Kang Maha Tunggal
Wayang agung wineja wayang tunggal
Wayang tunggal

Nyandra

Nyandra hartosna paparan carita anu mangrupi janturan sareng pocapan. Janturan basa prosa dalang kangge caritakeun jejer atawi adegan hiji nagara, kaayan panggonan, watak wayang, sareng perkawis anu dirembag ngangge iringan gamelan. Pocapan mirip sareng janturan nanging teu ngangge iringan gamelan, saukur ngangge iringan dodogan cempala. Di handap conto nyandra adegan nagara Dwarawati anu dicatet tina nyandra dalang Dede Amung Sutarya:

Suh rep data pitana! anenggih wau kocapa negara ing pundi ingkang kaeka adi dasa nama purwa, eka sawiji adi linuwih dasa sapuluh nama iku panjenengan purwa nami wiwitan. Sandyan katah titahing dewa kasongan ing akasa, sinangga ing pertiwi, kaideng ing samudra, tebih ing parang muka, dasar negara Dwarawati silokane jero tancebe, jembar laladane, gede obore, duwur kukuse, padang jagate, adoh kakoncarane. Sigeg ingkang murweng kawi paparab kang dadi nalendra, inggih kang ngarenggani pura, jejeneng Sri Maha Batara Kresna ya Prabu Jenggalamanik, Prabu Harimurti, Prabu Padmanaba, Prabu Basudewaputra, saweg dipunadep dening ingkang rayi Arya Setiyaki lan ingkang raka Patih Udawa. Sreg tumeluk kaya kuncim pertala mukanipun sarta kadiya tata malih krama paningalipun admanegara lan Udawa saking ajrih dateng pangkonan. Samya prapta ngabiyantara, jajar denira pinara.

Sarengsena nyandra biasana dilajengken kana suluk anu disaluyukeun sareng nyandrana. Upami bade mungkas nyandra biasana dalang ngangge suluk sapertos di handap:

Saur nira tandana panjang
Sinenggih sabda ya uninga lawan
Sabda ya uninga lawan
Saur nira tandana panjang sinengih
Sabda uninga wis mama
Ulun layu dening sekti ala bakti dening asih
Ya ding asih
Wong asih ora katara

Dilajengkeun kana suluk sapertos:

Betet ijo Kepodang ulese kuning
Abang manuke wulung kadya wowor
Sandang rawit puter gemeke ya lurilurik
Dadanira kinuwungan ya kinuwungan
Kadya bocah ngangge kakalung
Ningsor Waringin wulung

Teras dipungkas ku suluk:

Sri tinon ing pasewakan
Busana manekawarna
Murub mubyar cahayanira
Kadya kunang-kunangan
Sri tinon ing pasewakan
Busana manekawarna
Murub mubyar socanira
Kadya parada tinabur
Kadya kunang-kunangan
Sekar wijaya kusuma lawan

Pocapan

Sarengsena suluk, dilajengkeun kana pocapan anu patali sareng antawacana. Pocapan iyeu kangge nganteur kana caturan wayang. Contona:

Sri Maha Betara Kresna ngandika kedaling lisan sungkan pangaribawa watek wantos raja wis gelar batara.

Antawacana

Antawacana, nyaeta caturan wayang dina adegan. Antawacana sami sareng dialog dina drama, bentena dialog drama diucapkeun ku lobaan, sedengkeun antawacana dicaturkeun ku sorangan. Dina antawacana dalang kedah tiasa ngolah wanda sorana sangkan benten dina caturan wayang-wayangna. Bentenna wanda sora ngan aya dina basa lesan; sedengkeun dina basa tulis dibentenkeun ku jeneng wayang sareng logat tulisanna.
Di handap conto antawacana anu dicatet ti dalang Dede Amung Sutarya.

Kresna: Eladalah, Yayi, Yayi Setiaki.
Setiaki: Kaula nun.
Kresna: Kakang Patih Udawa.
Udawa: Lo, lo, lo, Hahahah… pun kakang Patih Udawa.
Kresna: Marajeng ka payun calikna.

Rumpaka

Rumpaka mangrupi kakawihan anu biasa dihaleuangkeun ku juru kawih sareng ku alok. Nanging rumpaka aya oge anu kalebet rumpaka dalang nyaeta, kakawihan anu diangge dina bodoran. Panakawan biasa sempal kapiguyon sareng kakawihan.

Kakawihan anu biasa diangge dina bodoran loba jenisna, wiwit tina kakawihan klasik dugi kana lagu-lagu modern. Conto rumpaka dihandap, "Lagu Nu Ngusep" dikawihkeun ku si Cepot dina lakon Jaya Renyuan garapan Dede Amung Sutarya:

Barung herang liar mijah
Clom kiriwil ari anclom ngagiriwil
Mawa epan rupa-rupa
Clom kurunyud lamun anclom sok ngurunyud
Plung kecemplung plung kecemplung
Empan teuleum kukumbul ambul-ambulan
Kenur manteng jeujeur jeceng
Leungeun lempeng panon mah naksir nu mandi
Kop tah lauk mere dahareun
Mangga mangga mangga geura tuang
Geura raos ditanggung deudeuieun
Mangga mangga ulah isin-isin
Empan cangkilu ungkul dilangkung
Empan papatong kalah dipelong
Ku epan colek kalah ngadelek
Lekcom lekcom panon belek nyambel oncom

Sora

Saliyan ti murwa, nyandra, antawacana, sareng rumpaka, sastra padalangan oge ngangge sora anu nyarengan sabetan dina adegan bandayuda ogol begalan pati. Sora bisa mangrupi aukan, aduhan, lalaran sareng onomatopia. Sora dina bandayuda pagelaran wayang jadi leuwih rame lantaran diiringan kugamelan anu saluyu sareng adeganna. Sedengkeun sora dina basa tulis tiasa ngangge teknik tatatulis komik. Conto sora basa tulis di handap dicatet tina Lakonet garapan Ki Harsono Siswocarito:

“Khhk-cuah! Buta edan!”—(Clap!)—“Ciiaatt!”—(Jder!) Adujotos bedas!
(Bet!)—“Hih!”—(Dez! Dig! Bugh!)—“Hegkh!”—(Bruk!)
“Ayo montekar, Dewa!” + “D-du-uh… tob-ba-at….” Didupak galak! (Brak!)—“Aakkhh!”
“Ayo maju, Dewa!” + “Wani ka Brama?” + “Brama? O, iyeu jago Deksinapati: Dewa api kok kakubeku? Ayo maju! Heaah!”—(Clap!) Serbutinju (Bugh!) sepakporak
(Blak!)—“Rasakeun dewa—heaah!”—(Blar!) tamparmemar! “Tobaatt!”

Carita

Carita Sastra Padalangan tiasa dihimpun kana carita pakem, gubahan, sareng carangan. Carita pakem nyaeta carita anu saluyu sareng kitab-kitab pawayangan sapertos Mahabarata, Ramayana, Pustaka Rajapurwa, sareng lainna. Carita gubahan nyaeta carita anu parantos direkacipta saluyu sareng jamanna. Sedengkeun carita carangan mangrupi carita gagrag anyar anu sanggitanna saluyu sareng sastra padalangan gagrag anyar.

Tangtos sastra padalangan leuwih maneka warna. Di Tatar Sunda aya padalangan gaya Bandung, gaya Bogor, sareng gaya Cirebon. Di DKI aya gaya Betawi. Di Jawa Tengah aya gaya Surakarta, gaya Yogyakarta, sareng gaya Banyumas. Di Jawa Timur aya gaya Jawi Wetanan. Di luar Jawa, aya gaya Bali, gaya Banjar di Kalimantan, gaya Sasak di Nusa Tengara. Sadayana eta janten buktos kabinekaan sastra padalangan Indonesia.

Prof Dr Bima Tanayatatwa



Anjrah kang puspita rum
Kasliring samirana mrih
Sekar mekar manekawarna
Maweh bebungahing driya


ASTINA.—Rektor Universitas Negeri Sokalima Prof Dr Durna, Dirjen Dikti Prof Dr Krepa, lan Mendikbud Prof Dr Bisma pada ngadep Presiden Duryudana.

KREPA: Anu mulya didama-dama Bapak Presiden Duryudana, Bapak Mendikbud Prof Dr Bisma anu diajeng-ajeng, Bapak Rektor UNS Prof Dr Durna anu dipikadedeuh, sareng para bala Kurawa anu dipikanyaah ku kaula—sungeng enjing! Dina kasempatan iyeu kaula sadayana ngahaja ngadep Bapak Presiden bade ngahaturkeun wartos kaayaan Perguruan Tinggi Swasta Mandiri, Universitas Bayupitu, di Kurusetra, anu rektorna Prof Dr Bima Tanayatatwa. PTSM janten saingan anu beurat pisan kangge PTN Astina. Kitu sanes, Prof?

DURNA: Leres! Malah leuwih beurat ti eta, PTSM janten rurujit kana stabilitas nasional Astina lantaran parantos ngajantenkeun kampus kangge ajang bisnis sareng politik praktis.

BISMA: Hmh! Teu etis kampus janten ajang bisnis. Tiyasa pelik upama kampus janten ajang politik.

DURYUDANA: Sabahaya eta, Prof Dur?

SAKUNI: Prof Dur! Prof Dur! Ngalamun! Gaji naek masih nguyung-ngungkung, paitpikir, suntrutjaketut wae. Hehehe… aya masalah pribados nya, Prof?

DURNA: Ah, Pak Kun aya-aya wae. Durna parantos bebersih hate tina kapentingan pribados utanapi kulawargi pikeun nagara. Lain keur gaji! Hirup Durna didarmabaktiakeun pikeun kamajengan pendidikan. Hasilna teu kapiran—Sokalima tiyasa nyetak kopral dugi jendral, katua RT dugi direktur PT, komo deui pejabat, birokrat, teknokrat, sareng konglomerat. Nanging, tobat pisan! Naha perlu PTN elite Astina mikahancur mundur? No way ! Leuwih sae PTSM eta ! Babaya!

KARNA: Punten, Pak! Pendidikan eta hak azasi menusa. Komo deui, Universitas Bayupitu ayana di wewengkon Amarta.

BALADEWA: Heh, Karna! Karna! Ulah crewet! Sia jadi gubernur ku Bapak Pres Dur! Jadi pejabat ku pamajikan! Naek pangkat ku katebelece mitoha! Erek loba polah sia! Krrk-cuah! Teu eling purwadaksina sia!

SAKUNI: Hehehe… Astina teu ngaku kana kadaulatan Amarta. Kapentingan Kurawa leuwih utama! Pak Karna kedah mafhum.

DURNA: Nah, hahaha… persis! Lajeng, kagorengan PTSM atos ngalahirkeun jenis profesor slebor, lektor door to door, asisten impoten, ilmuwan asongan, margi paitpailit sepi duit tebih doku. Lantaran teu aya deui bonus panitia, uang jaga, sareng duit koreksi ujian nagara; teu aya deui duit-oli akreditasi! Nah, hahaha… kitu nya, Prof Krepa?

KREPA: Muhun! Sanaos credit point loba, credit coin sok butuh wae.

DURYUDANA: Sae! Tutup Bayupitu! Bubarkeun! Upama perlu hancurkeun!

DURNA: Nah, hahaha… acc!

DURYUDANA: Kapten Karta, kontek Angkatan Perang Astina!

KARTAMARMA: Sayagi!

“Divisi Banjarjumut, Divisi Banyutunalang, Divisi Banakeling, Divisi Ujunglautan, Divisi Awangga, Divisi Mandraka, Divisi Mandura—sigra tumindak!”
“Laksanakeun!”

Rap sigrap sang Dursasana
Panglima wagyabala Astina!
Kurawa ngagempur kampus
Mahasiswa didamel mampus

UNIVERSITAS BAYUPITU, AMARTA.—Rektor Prof Dr Bima Tanayatatwa ngadawuhan Prof Bayu Kanetra pakar pithe-coidology, Prof Bayu Maningrat pakar deusoidology, Prof Bayu Pulasia pakar gigantoidology, Prof Bayu Estibanda pakar monsteroidology, Prof Bayu Maruta pakar austroculture, Prof Bayu Baruna pakar oceanoculture, sareng Prof Bayu Maenaka pakar neoculture.

BIMA: Para Profesor sing dakurmati! Apa para sedulur kabeh padha kuciwa karo tumindake bala Kurawa?

KANETRA: Tangtos! Nanging dianggap banyolan we. Toh tiyasa ngabela diri.

PULASIA: Huahaha… bener! Gempuran eta teu aya hartosna kangge biomacrobot karyarekayasa kaula.

ESTIBANDA: Uge kangge monsterobot ka payun tiyasa ngabedahbubrah eta mamala.

MANINGRAT: Dasar Kurawa! Wayang mbeling model kitu kumawani gumasep. Ngagaya! Khhkcuah!

MARUTA: Perlu dihajar, Prof! Amih nyaho!

BARUNA: Bener! Naha ari elmu panemu teh ngan aya di Universitas Negeri Sokalima wungkul, teknologi ngan aya di Universitas Talkanda? Umaing rasa aing! Gumagus!

BIMA: Iyo! Tumindake militer Astina perlu dibales. Siapke balayuda biomacrobot lan monsterobot kanggo ngajurmumur balamala Astina.

PULASIA: Sayagi!

ESTIBANDA: OK!

“Divisi Gigantoid, Divisi Monsteroid, lan Divisi Pithecoid—sigra lumampah!”
“Bral!”

Para tamtama pada tumindak
Pinuh daya tembaktinumbak

Huru-hara
Gara-gara

TUMARITIS, DESA DADAPAN.—Panakawan pada bobodoran.

“Helo, Frens—ahihi… ogut Bagong! Okap kokab? Sip! Rin, Nur—gimokan yudisium? Hebring-hebring so pasti! Ahihi… mane sih ba’ang Petruk? Sokin dong!”
“Hehe… mudik ngurban ya, Dawala? Make mrokem sagala! Neka-neka! Biasana nyebut kang, malah njangkar, ayeuna ba’ang.”
“Naha geuning nepsong?”
“Lain ambek! Make basa Sunda teh anu hade jeung bener. Lamun erek make basa Inggris oge anu hade jeung bener.”
“Prex! Sok ahli! Sok linguis! Naha ogut jalmi kursusan. Nyaho dewek teh teu katam es-de make diguruan. Cuih! Kajeun salah asal endah. Nyieun kasebeleun wae!”
“Hehehe… Dawala, ulah ti popolotot kitu atuh, engke copot tah mata sia.”
“Kajeun!”
“Maneh nyaho, Dawala? Sugih teknik kekere kritik eta lain seni anu alus. Seratan beunghar gaya teuaya idea sanes sastra.”
(Duuut!)
“Phuah! Hitut!”

Yu yus tu bi mai parti dol
Bat now yu sey de parti’s oper

“Si Gareng deui sok ngerock, teu paseh wae make ngoceh.”
“Huaha… Yeah! K’yu.”
“Menggeus—de bokaps kams!”

SEMAR: Mangga pada milari Pak Bima. Kamana atuh angkatna anjeunna, Pak Jun?

ARJUNA: Teu apal, Pak Semar.

Panakawan sareng Arjuna
Ngambah margasopana

Raksasabala kagiri-giri
Malasatru sang paraguru

RIMBA PRINGGACALA.—Di tengah leuweung gung liwang-liwung tur gawat kaliwat-liwat Jendral Arjuna sareng Panakawan pada ogol begalan pati ngalawan para danawa.

“D-deuleu ituh, Lung! A-aya m-mangsa, h-hayu d-dibom, Gog!”
“Ko’e! Eh, sst! Awas eta teh gajah Pandawa.”
(Jleg!)—“Eureun!”
“Hmh, maneh saha?”
“Heh, m-masa s-sia t-teu a-apal k-ka tokoh sa-s-sabeken Cakil? A-aja bacut!—(Dor!)—“Aakkhh… m-mati a-aing, Gooog!”
“Hah, Cakil ko’it! Bodat! Lalaki geulis wani gelut. Brokis! Gua caw sia—hiiaatt!”—(Gusrak!) + (Jdak!)—“Aduh! Benjut aing… aduuhh.” + “Awas Bragalba!”—(Dor!)
“Nuuh, Mrangalma ngo’it! Nyangil maeh! Ngawat nih—mingat, Ngoog!”—(Pletak!)—“Anuh! Ngo’it ngaing!”—(Buzrak!)
“Ahihi… Truk, tumpaskandas eta Buta GPK.”
“Hehehe… culun sih!”

Buta-buta gelut
Kabeh pada maot

Ing madya wana Arjuna
Papendak sareng Prof Durna

DURNA: Nah, hahaha… kabeneran kapanggih, Jendral Juna.

ARJUNA: Lho! Prof Dur bade ka—?

DURNA: Gawat, Pak Jun! Kaula nilar Sokalima margi aya kudeta di Astina. Pres Dur digusur! Kurawa pada kabur!

ARJUNA: Saha anu migawena?

URNA: Ponggawa damelan—wadyabala biomacrobot sareng monsterobot ti Divisi… ah, naon teh namina? Pokokna eta sadaya dadamelan Universitas Bayupitu. Tulung, Jendral Juna—salametakeun almamater.

ARJUNA: Muhun! Pak Semar—hayu ka Astina.

SEMAR: Sumangga, Pak! Hayu, jang!

“Oke!” + “Yo’e!” + “Asoy!”

Kebat Arjuna sigra
Lumampah ka Astina

Geger Bayupitu
Geser Balakuru

ASTINA.— Arjuna ngadep Prof Dr Bima Tanayatatwa.

ARJUNA: Sampurasun, Prof Bima—tindakan eta kumawani pisan nunjangmalang kana kawicaksanaan Pandawa. Demi wangsa Pandawa, kaula menta pamarentahan Kurawa dipulihkeun.

BIMA: Hmh, OK! Asal Regime wong Kurawa ora ngerongrong hak otonomi Universitas Bayupitu. Kejabi kuwi, kowe goleki disik Jendral Bratasena sing diculik lan dicemplungke neng tengah laut karo Mariner Astina.

ARJUNA: Hah? Janten, Jendral Bratasena diculik Kurawa! Aduh, kumaha, Pak Semar?

SEMAR: Em-em-em, ahahaha… ulah kawatir, Jendral. Tan samar pamoring suksma anuksma, Prof Dr Bima Tanayatatwa eta Jendral Bratasena. Sareng Prof Bayu Kanetra eta teh Prof emiritus Kapiwara ti Universitas Kendalisada, alias Jendral Purnawirawan Anoman.

BIMA: Bener kowe, Mar!

Lan jiwajembar Semar
Maweh obor profesor


Semarang, 9 Nopember 2007 Ki Harsono Siswocarito

Nurkala Kalimantra Geger di Suralaya

Kelirbeling tabir Gusti
Tabire ya wong ngawayang
Wayang manut maring dalang
Dalange murba ing wayang
Kelire layarmaya Gusti
MERCUKUNDA, SURALAYA.—Sang Hyang Pramesti Guru Jagatnata, ya Sang Hyang Otipati Pangawasa Jagat Triloka, linggih ing kursi Gading Gilang Kencana, dipunadhep dening para dewa, para batara, para sang hyang, para bidadara, para hapsara sadaya warga Sorgaloka.

JAGATNATA: Kakang Panji Narada, Kang—kunaon kahanan di Kahyangan jadi kiyeu kaayaanana? Kawah Candradimuka ngagolakgalak, magma hurungtutung, lindu urugmeledug, Gapura Selamatangkep pada bareulahbencah, Istana rusakporak. Prahara naon iyeu, Kang Panji?

NARADA: Aduh, Adi Guru—ampun sarebu ampun. Sedaya iyeu lantaran balamala raksasa ti nagari Tunggulwesi anu dipimpin ku Jendral Nurkala Kalimantra. Anjeuna menta tahta sorga. Kitu, Gusti Pramesti.

JAGATNATA: O jagat dewa batara! Dasar danawa teu boga tatakrama. Kunaon teu dicekal?

NARADA: Parantos, Adi Guru—Cingkarabala sareng Balaupata bisa ngabendung balamala raksasa ngangge nutup Gerbang Selamatangkep. Ayeuna wadyabalana aya di padang Repatkepanasan. Kaula nyuhun pituduh, Adi Guru.

JAGATNATA: Ulah diumbar balabuta nete ngagele Kahyangan. Suruh minggat! Usir! Yen perlu basmi!

NARADA: Sumangga, Gusti! Permiyos—Indra!

INDRA: Kaulanun!

NARADA: Atur sakabeh kakuatan tempur Suralaya demi ngabasmi balamala Nurkala Kalimantra.

INDRA: Sayagi!

“Para dewa sigra lumampah: Batara Brama, Batara Wisnu, Batara Surya, Batara Bayu, Batara Kamajaya, Batara Sambu, Batara Kuwera, Batara Yamadipati, Batara Aswan, Batara Aswin, Batara Bermana, Batara Bermani, Batara Bermana-kanda, Batara Citragada, Batara Citrasena, Batara Sambodana, Batara Rawiatmaja, Batara Karaba, Hyang Patuk, Hyang Tem-boro, Hyang Dewanggana, Hyang Dewasana, Hyang Dewang-kara, Hyang Sanggana, Hyang Pancadewa, Hyang Pancaweda, Hyang Dewatama,—”
“Inggih! Inggih! Inggih! Inggih!—”



Sigra para dewa basmi mala Triloka!
Wadyabala Buta-buta mala padha laga

REPATKEPANASAN.—Jendral Nurkala Kalimantra nunggu pinuh napsu amarah kagilagila sirik kapatipati, benci kagirigiri.

KALIMANTRA: Grrrk-cuah-huahaha… e, e, bojleng-bojleng iblis najis pada bengis! Mana si Jagatnata? Pasti nyamuni dina kelek widadari! Ajrih ka awak kaula! Huahaha… naha nu kitu patut jadi maharajadiraja para dewa? Hade turun tina tahta andika, Jagatnata! Serahkeun ka aing! Lamun henteu, Suralaya dijieun kiamat!

KALAMURKA: Tobat, Gusti—tingali! Gapura Selamatangkep dibuka. Para dewa nantang perang!

KALIMANTRA: Grrrk-cuah! Laknatkeparat! Serbu!

“Serbu! Serbu! Serbu! Serbuuu—”

Bala satru Buta maju
Garang sami nyerang

“Sia wani ka dewa?”
“Why not? Sia jago, aing jago! Sia lalaki, aing lalaki! Buktikeun: saha anu leuwih lalaki, saha anu leuwih jagoan!”
“Khhk-cuah! Buta edan!”—(Clap!)—“Ciiaatt!”—(Jder!) Adujotos bedas! (Bet!)—“Hih!”—(Dez! Dig! Bugh!)—“Hegkh!”—(Bruk!)
“Ayo montekar, Dewa!” + “D-du-uh… tob-ba-at….”
Dudupak galak! (Brak!)—“Aakkhh!”
Tan kocapa dewa pada mati suri.
“Brama kalah! Bayu mundur!”
“Para dewa mundur! Mundur!”
“Mundur! Mundur! Mundur!—”

NARADA: Cilaka! Para dewa kalah digdaya. Wisnu!

WISNU: Yes, Sir!

NARADA: Maju!

WISNU: Siap!

“Nurkala Kalimantra! Ladeni aku Batara Wisnu!”
“Saha? Wisnu? Ayo maju—mana
jago dewa? Grrrk-cuah! Lha naha malah molor? O tiarap! Nanaonan, Wisnu?”
“Ulah nanya mamala! Rasakeun rudal Cakra—mampus jiwamu!”—(Wuzz! Clap!)
(Krep!)—“Huahaha… rudal jiga kiyeu mah moal mantak teurak!”—(Pluk! Ccss!)
“Edan! Apes, Wisnu!”
“Aduuhh cilakaaa—”
“Lumpat!Lumpat!Lumpat!”

Dewa tawur ancurmumur
Pada kaburmabur.

NARADA: Aduh, Adi Guru—cilaka! Para dewa teu daya teu upaya; para hyang teu menang. Kumaha, Adi Guru?

JAGATNATA: Kakang Panji Narada sumangga andika lumampah ka mayapada demi milari jago dewata—lalaki langit lalanang jagat!

NARADA: Sayagi, Adi Guru!

Kala tumiba gara-gara:
Pertanda madiacarita

KARANG KABOLOTAN.—Desa luar kota. Dusun buhun. Dukuh jauh. Nyempil! Di tengah huma, dina sahiji tebing miring, na lelengkung gunung, aya saung injuk. Eta teh imahna Ki Semar Badranaya sakulawarga para panakawan Amarta. Teu aya polusi kota, hurup merdeka bagjabahagia. Panakawan pada bobodoran.

Lir ilir, lir ilir
Tandurna geus sumilir

“Anu, Dawala—kadieu! Bawa bedog jeung suluh.”
“Keur naon?"
“Nyieun api! Amih haneut: pasore-sore—pepedhut tarurun, yeuh. Eh, si Gareng mana?”
“Teuing! Neangan begu, meureun? Hawa siga kiyeu: loba kutu-jagong hama huma.”
“Ari, Bapa—ka mana?”
“Nungguan Agan Arjuna!”
“Di pucuk gunung?”
“Heu-euh, brrr… tiris euy!”
“Yeuh beuleum sampeu!”
“Ah, bosen! Hawana kiyeu: kangen bebene! Hehehe….”

Cinta dipujapuja
Rindu diburuburu

“Geulis, kabogoh kuring!”
“Walah!”

SEMAR: Kumaha, Gan?

ARJUNA: Parasut Tunggulnaga sareng rudal Ardadedali leres lagragna di iyeu gunung. Tingali, tugeuning! Untung teu bitu bareng pesawat tempur pangangkut Ardadedali anu ditembak lagrag ku musuh.

SEMAR: O, o, o.

ARJUNA: Hayu ka Indraprasta. Muga-muga kakang Yudistira geus manggihan deui pusaka nagara Kalimasada.

SEMAR: Mangga, Gan.—Jang, hayu ka kota!

“Nah!” + “Beres, Pa!”
“Buru, Dawala. Ka kota!”

Turun gunung Arjuna
Rambah belantararaya

Cekal Cakil
Si Butajail

MARGASOPANA.—Jendral Arjuna sareng Panakawan ngadhepi begal jalanan.

“E-eureun! S-stop! S-saha ngaran? A-arek ka m-mana? Ti m-mana? Lima rebu! Cepet!”
“Elho! Nodong?”
“Jotos, Reng!”
(Jduk!)—“Ghk!”
“Pragalba, Rambutgeni, Galiuk, Buta Terong—maju serbu!”
“Siap!” “Beres!” “Szip!” “O’eh!”—(Jlap! Jlap! Jlap!)—“Awas!”—(Klik!)—“Hiiaa!”—(Dreder-der...!)—“Modar sia!”
“Hehehe… Buta bego!”

Buta-buta samia sirnaperlaya
Lajeng Arjuna katemu Narada

NARADA: Eladah… bergenzong anak wong bakal diboyong! Kabeneran, Jun—kapanggih. Oge Kakang Semar, hahaha… kumaha kabarna?

SEMAR: Kabar kabur! Eh, Nar—naha dewa kuluyuran? Apa di kahyangan kurang pagawean, ya?

NARADA: Waduh, Kakang Semar—punten. Kahyangan geger! Suralaya digempur balamala Nurkala Kalimantra. Para dewa pada kalah, pada pasrah! Widadari pada susah! kaula diutus milari jago dewata di mayapada. Kitu, Kakang Semar.

SEMAR: O, o, o… saha tadi? Nurkala Kalimantra! Pantes! Anjeuna eta teh masih nunggal turunan sareng raksasaraja Kalimataya anu ngabedahbubrah Suralaya nanging tiyasa ditumpastampis ku maharesi nuklir Prof Manumayasa. Ayeuna teu aya jago dewata iwal ti Jendral Arjuna.

NARADA: Leres, Kakang Semar! Kumaha, Jun?

ARJUNA: Sayagi!

Kebat Arjuna gempur malasatru
Laralena. Maot! Datan kumejot!

REPATKEPANASAN.—Rudal Ardadedali nembak telak Nurkala Kalimantra. Ngabeledug bitu nyapu pageblug!

“Kalimantra mati!”
“Hidup Arjuna!”

Kalimantra sirnaperlaya
Kalimasada jayawaluya


Semarang, 2 November 2007 Ki Harsono Siswocarito

Gitadarma Dr Mintaraga

Kembang sungsang cahya kunang
Kadia lintang gilang gumilang
Tembang hyang pangreka dalang
Dadia piwulang wong ngawayang


MERCUKUNDA, SURALAYA.—Maharaja Tribuwana Sang Hyang Otipati Pramesti Guru Jagatgirinata ya Sang Hyang Manikmaya maharaja diraja jagat pramudita calik dina singgasana Dampar Kencana lemek babut permadani sutra rerenda permata tinaretesing sosoca dipunadep dening para dewa pemuka triloka samiya pada jajar denira pinara.

GIRINATA: Kakang Panji Kanekaputra, kunaon mamala triloka teu acan reda? Malah tambah musibah. Batara pada susah, batari pada sedih; lara hapsara parah, nyeri hapsari peurih. Iyeu mesti dipandegani, Kang Narada.

NARADA: Eladalah, Adi Guru—gawat kaliwat beurat! Mega beureum serem, Candradimuka ngagolak teu kalem, para dewa teu tentrem, Tribuwana siga kabeuleum lantaran balabuta utusan Jendral Niwatakawaca ditolak ngalamar Supraba. Maranehna teu sudi balik ka nagari Manimantaka upami teu tiyasa ngaboyong sang dewi. Naha kitu, Indra?

INDRA: Leres! Supraba nampik pangaasih nolak cintana Niwatakawaca. Kawula sorangan teu sudi boga minantu danawa. Khhkcuh! Mana bisa Buta mitohana Dewa? Doraka!

GIRINATA: O jagat dewa batara! Dasar balabuta teu ngeenal tatakrama. Kurangajar. Lamun teu bisa diajar, hajar! Lamun teu daek mundur, gempur! Lamun malah maksa, siksa! Usir bala danawa ti Suralaya.

NARADA: Sae, Gusti!—Bayu! Siapkeun tentara triloka. Basmi balabuta Niwatakawaca!

BAYU: Sayagi!

“Batara Brama, Batara Surya, Batara Wisnu, Batara Bayu, Batara Sambu, Batara Kamajaya, Batara Yamadipati, Batara Kuwera, Batara Karaba, Batara Bermana, Batara Bermani, Batara Aswan, Batara Aswin, Batara Citragada, Batara Citrasena, Batara Sambodana, Batara Rawiatmaja, Batara Bermanakanda, Hyang Dewatama, Hyang Dewanggana, Hyang Dewasana, Hyang Dewangkara, Hyang Pancadewa, Hyang Pancaweda, Hyang Patuk, Hyang Temboro,—siap gerak!”
“Inggih! Inggih! Inggih!—”

Bala Tribuwana
Pada siapsiaga
Bala buta
Pada laga

GERBANG SELAMATANGKEP.—Balabuta siaga adulaga demi maksa para dewa nyerahkeun Supraba. Tatalaga Jendral Krudaksa, Panglima Manimantaka, katon megadigdaya. Di belah kenca aya Kolonel Duskerta; di belah katuhu, Kapten Wirakta; sareng di tukang, Letnan Kalawaktra.

KRUDAKSA: Krrkzuh! Dewa-dewa! Nolak cinta Gusti Niwatakawaca hartina menta mamala. Lamun Supraba teu diserahkeun, Kahyangan Solendrabawana bakal kiamat! Malah Suralaya bakal rusakporak, leburmumur, sirna-binasa. Krrkzuh!

DUSKERTA: Bener! Ulah sok dewa! Buta bisa boga bini bidadari. Keur ngahadean katurunan! Sanajan buta tengik, bini cantik; sanajan Buta bau, bini ayu; sanajan Buta, bini Supraba. Pan asik! Hehehe….

WIRAKTA: Enya! Supraba emang moy. Dasar bidadari—geulis tanpa tanding, endahna kabina-bina tanpa cela! Oh, Supradin, eh, Suprana, haah! Salah mulu—Supra naon?

KALAWAKTRA: Walakadalah, Gusti! Tempo ituh! Gapura dibuka! Para dewa angkat senjata!

KRUDAKSA: Keparat! Serbu!

“Serbu! Serbu! Serbu!—”

Serbu buta
Satru dewa
Garangtandang!
Tunjangmalang!

“Ayo maju, Dewa!” + “Wani ka Brama?” + “Brama? O, iyeu jago Deksinapati: Dewa
api kok kakubeku? Ayo maju! Heaah!”—(Clap!) Serbutinju (Bugh!) sepakporak
(Blak!)—“Rasakeun dewa—heaah!”—(Blar!) tamparmemar! “Tobaatt!”

Tatu teu kaitung!
Lara teu kabilang!

“Mana jago dewa?” + “Bayu: ayo maju!” + Adutinju (Jduk!) sepakgalak
(Jdak!)—‘Hgkh! Hoekh ooo hfuh! Buta edan! Ngabongohan! Aduh… ooo!
Tobaat!”—(Bruk!) + “Cilaka, Surya!” + “Wisnu, mundur!”
Dewa tempur
Pada mundur

NARADA: Cilaka, Adi Guru! Balabuta gagahmegadigdaya mahasakti mandraguna! Para dewa teu daya upaya. Kumaha iyeu?

GIRINATA: Tenang, Kang Panji! Indra, geura teang jago dewata. Jig geura ka Indrakila—panggihan Prof Mintaraga.

INDRA: Sae, Gusti!

Batara Indra
Ka Indrakila
Pada madiacarita
Mangsa gara-gara

KARANG KADEMPEL.—Kampung di pereng gunung papayung layung. Hawana karasa bagja! Kubah gunung Indrakila katon endahmewahmegah! Lamat-lamat kidung ngalayung di luhur saung. Panakawan nuju sempal kapiguyon.

Gandasari buah ati
Pujaan urang sadaya
Buku pinuh kupapaes
Alus jadi patamanan

“Heuheu… Asmarandana Sunda! Ngeunaheun euy. Ehm, nunggu bos nuju konsentrasi, kontemplasi, en meditasi—kiyeu yeuh geuningan: aneh! Eh, kamari digoda widadari Suralaya, malah cuek wae! Widadari lentik teu dilirik! Malah dewek anu manatahan. Heuheu….”
“Kitu tuh, Kang Cepot—prihatin: taparekacipta demi manggayuh karaharjaning praja mamayuayuning bawana.”
“Eh, Reng—aya naon?”
“Gawat! Begu di Lab!”
“Hah? Hayu urang tempo!”

MINTARAGA: Kaula anu nembak!

PADYA: Kaula, panembakna!

SEMAR: Menggeus, Indra!

INDRA: Hahaha… punten, Uwa Semar—kawula nyamar sareng ngagoda Mintaraga demi Suralaya. Anjeuna dipenta jadi jago dewata kangge numpastuntas balabuta
Niwatakawaca. Kumaha, Prof?

MINTARAGA: Sayagi. Nanging kawula menta disarengan Jeng Supraba..

INDRA: Sae.

Mintaraga sigra
Midamel darma
Garang tandang
Perang kembang

RIMBAMALA.—Mintaraga aduyuda sareng bala Manimantaka.

“E-eureun! S-saha s-sia?”
“Dawala, sikat yu!”
“Soklah!”—(Duk! Bugh!) Ambruktakluk (Blug! Gludug!)—“Yeuh rasakeun! Hih!”—(Jplak! Gdubrak!)—“Aaawww!”
“Bah! Keparat! Kaladurga, Kaladurjana, Kaladuraksa, Kala-durmala, Kalastuwila, Kaladaksa, Kaladarba, Kalagarba, Kala-duskerta, Kaladusta, Kaladursila—majuserbu!”
“Reng, embat granat!” + “Okelah!”—(Plas!)
(BLAARR!)

Balabuta
Fanalaga
Henteu lila
Supraba pinara

SUPRABA: Helo, Prof! Kunaon si abdi kudu milu? Abdi risi ka eta Buta. Hiiyy… jijay!

MINTARAGA: Emansipasi! Iyeu teh sengketa cinta anu jadi konflik politik multipelik. Wanoja cantik, asal cerdik, bisa jadi aset politik. Coba talungtik! Make dalih ditolak cinta, Niwatakawaca bade ngalabrag Suralaya. Resistensi libido jadi agresi destrudo. Bahaya! Eta kedah ditembaktelak! Nah, amih ngabuka rahasia, anjeun rayu—puji sampe resehate, goda sampe lena purwa daksina, ogo sampe keokmabok!

SUPRABA: OK.

Sigra kaduanana
Ka Manimantaka
Gita asmara buta
Ala Niwatakawaca

MANIMANTAKA.—Sigra wara kocapa mukamurka Jendral Niwatakawaca dadia mahasuka kala Supraba denira pinara.

NIWATAKAWACA: Hait, Supraba! Huahahaha… akhirna anjeun datang, oh… Supraba, widadari campereniklentiksimpatik, gadis manisromantis, dara eloksemokmontok, perawan rupawan-nanmenawan, wanoja jelitamahajuita, oh… Supraba, dilirik asik, dipandang senang, ditatap sedap, oh… Supraba, ti mimiti abdi kataji kapati-pati, ti baheula kawula mikacinta, oh… Supraba, coba kawula kurang naonana? Maharaja, kayaraya, oh… Supraba, kawula emang hmh! Anjeun nyaho eta tea? Huahahaha….

SUPRABA: So pasti, Oom! Wow! Manimantaka indahmewah mahamegah serba raksasa! Nyesel abdi teu ti bareto daek sareng Oom. Huuh, papi sih, neko-neko! Punten nya, Oom? Bener yeuh abdi mikacinta Oom. Sanaos Buta, Oom raja, kaya, perkasa….

NIWATAKAWACA: Huahahaha… bener, oh… Supraba, saha wae teuaya anu bisa nandingan kawula! Anu tangguhplusampuh, kawula anu hebatmahakuat, gagahmegadigdaya, oh… Supraba, lantaran pinter ngahasiakeun pangapesan—

SUPRABA: Pangapesan naon?

NIWATAKAWACA: Letah!

Rahasia kaungkap
Pasopati nancap
Niwatakawaca
Sirnaperlaya

Pinetik kembang sinebaran
Tutup lawang sigotaka


Semarang 5 Nopember 2007. Ki Harsono Siswocarito.