Friday, March 21, 2008

Dawala Polopor Pendidikan Massa



Halimun mulai kasingkab!
Panon poe molotot seukeut
Neuteup ka sadaya anu usik!

DESA TUMARITIS.--Kyai Semar Badranaya, nya Ki Lurah Kudapawana katempo ngahurun balung siga anu bingung: masyarakat parantos robih! Desa Tumaritis mulai lugay tumuju kahirupan anu dinamis. Benten ti padusunan jaman baheula, desa-desa anu kabanda dina statisme sistem tradisi. Tumaritis usik-malik pinuh ku pamotah.

Bareng sareng murcana Ki Dewala, dongkap Begawan Dawala anu super-mbeling midamel gara-gara. Benten ti Ki Dewala dina gara-gara anu sok pinuh ku banyol-konyol, Begawan Dawala ngadamel gara-gara ku nyangcangkeun kahirupan anu B3B (bebas tilu buta). Hasilna masyarakat Amarta janten palinter sareng nyarakola tanpa ngimpor mahasiswa KKN sareng DPL gombalna ti Universitas Sokalima. Sanaos kitu, masyarakat anu palinter-nyarakola eta teu leupas tina masalah anu dipayunanana. Malah kajadian ayana wabah anyar anu kakara jadi wabah. Ayeuna anu sarakola parantos janten "polusi" anu janten bibit rurujit epidemi intellectual deficiency! Polusi anyar dina masyarakat modern anu sacara langsung janten rurujit super negatif kana kahirupan manusa.

Polusi sareng epidemi eta tetela ngembang boled sanes akibat corobong haseup sareng runtah industri baja, pupuk, atawa naon wae anu sok janten kokotor lingkungan; nanging, akibat runtah industri pendidikan eta sorangan, anu diaku atawa henteu janten cecemar! Sahenteuna kitu miturut Begawan Dawala. Ku rasa bari jeung risi mantenna netelakeun industri pendidikan: miturut mantenna, teu aya kasaimbangan anu harmonis antara mesin-mesin dina tiap undakanana; akibatna produk-produkna teu aya anu tepat guna. Janten, teu aya produk anu siap pake! Sagedengeun ti eta, industri pendidikan pinuh ku kaborosan! Ilahar pare sa-ton, anu janten beas ngan sakilo, sareng ahirna ngan janten sahuap sangu. Sanesna janten runtah produksi industri pendidikan eta sorangan! Upami runtah eta teu geuwat diurusan, ahirna janten polusi, sareng janten bibit rurujit epidemi intellectual deficiency. Leuwih bahaya tina wabah sampar a la La peste Albert Camus. Begawan Dawala imut-emut.

Leres upami industri pendidikan parantos tiasa nyiptakeun selera intelektual. Sistem mekanismena maksa ayana pangolahan produksi anu nyambung. Sareng ironisna, kaluar tina eta sistem ngandun harti nyepetkeun polusi; sareng deui upami eureun hartosna deficiency dadakan; padahal upami terus neraskeun malah janten kronis! En vano ni hablar de eso--saur Begawan Dawala ngangge basa Don Juan.

Ku teuteup anu lebet tur seukeut Begawan Dawala nonton pintonan masyarakat. Sadaya upaya kangge menggak polusi sareng epidemi eta parantos loba dipidamel, sanaos ngan saukur raramean. Jalmi-jalmi anu formal gura-giru ngalegaan sareng ngaluhuran "wangunan industri pendidikanna". Jalmi-jalmi anu non-formal sibuk masarkeun mesin pendidikan anu portable. Di lingkungan informal sorangan sibuk milarian ubarna.

Miturut Begawan Dawala, jalmi-jalmi anu model kitu parantos salah midamel diagnosa; sareng akibatna parantos nyuntikkeun obat anu salah. Mala-praktek pendidikan anu teu tiasa disinglar! Polusi ngan dipocorkeun ka tempat lain, sedengkeun intellectual deficiency ngan diubaran ku intellectual fallacy! Pikareueuseun pisan.

Salaku warga nagara Amarta anu sae, Begawan Dawala teu cicingeun pisan. Mantenna eta panongton anu panungtun! Kukituna mantenna geura nepangan Kyai Semar.

Di bumina anu saderhana, Kyai Semar lugay tina emutanana. Mantenna nyaketan Cepot sareng Gareng.

SEMAR: Jang, naha ilaing teu nyaho kamana si Dewala inditna?

CEPOT: Teuing, Pa!

GARENG: Nah--manage… anak menta sakola teu diturutan. Kang Udel pan nekad minggat!

SEMAR: Naa beut nyalahkeun aing! Dewekna anu teu bisa dipepelingan. Ulah maksakeun awak asup ka paguronn luhur, komo deui anu saukur nangtung.

GARENG: Tapi, Pa, ayeuna teh pan jamanna jalma sarakola. Masya Bapa menega nalantarkeun para putra katinggalan jaman. Coba tingali Kang Cepot anu buta huruf, aya KAD--koran asup desa--manehanana ngan bisana cuma nempo gambarna wungkul. Lulus B3B oge kakara kamari sore. Pikarunyaeun!

CEPOT: Hihina-nista!

GARENG: Sanes ngece jeung ngahina, eta kanyataan! Batur sibuk nyalon kades sareng milari padamelan anu mbonapide en kualipeot, Kang Cepot kamana-mana mamawa pacul--kerja baaakti wae!

CEPOT: Naaa pan aing mah abdi-negeri anu baleg.

GARENG: Enya upami keridanna eucreug, wong Kang Cepot mah milari daharenna wungkul.

Teu ampun deui Cepot ngayunkeun keupeulna. Gareng udah-aduh.

SEMAR: Hehehe… malah ribut-gelut! Kerja bakti teh penting. Urang jalma leutik anu bisana macul nya keridanna ku pacul. Bapa oge anu pak lurah teu saukur nitah wungkul. Turun-tangan eta perlu! Naha dumeh pamingpin, gawena ngan eta-itu wungkul! Nya--henteu atuh!

CEPOT: Nah! Bener, Pa!

SEMAR: Jig teangan si Dewala!

GARENG: Turun-tangan, Paaa!

Semar imut.

CEPOT: Wah--teu sanggup, Pa. Kamana neanganana? Ka gunung sieun linglung, ka kota sieun nyasar!

GARENG: Kamfungan pisan nya! Abdi mah katimbang milari Kang Udel anu teu tangtos dunungna, mending milari duit! PTS pan nuju panen gede-gedean. Abdi tiasa milu manen.

CEPOT: Moal bisa! Eta mah musim panenna para cendekiawan. Sia mah es-em-a oge teu tamat-tamat.

GARENG: Salah! Anu gaduh panen memang cendekiawan, anu dipanen esak mahasiswa, anu kalabakan keuna panegel nya kolotna! Sareng anu ngagali pondasi kangge kampus mewah tapi miring tea, nya, urang.

CEPOT: Weee geus loba mesin. Sanggup sia saingan jeung mesin?

GARENG: Nya kapaksa jalmi produk abad teknologi kedah tiasa saingan sareng mesin. Teknologi teu saukur ngadamel robot, nanging oge ngarobotkeun manusa. Semangkin janten robot, manusa semangkin kapake dina alam teknologi. Tibatan panangan-kosong otak-kopong! Enya--Henteu?

Saharita Begawan Dawala lebet kana lawang panto.

DAWALA: Sampurasun.

SEMAR: Rampes! O, Ki Dawala, Mangga ka lebet.

DAWALA: Hatur Nuhun, Kyai. Kieu, Kyai. Abdi turut prihatin ningali gejala anyar anu ninggang kana masyarakat urang. Saparantosna masyarakat bebas-leupas tina panyawat tilu buta; kiwari muncul polusi pelajar sareng wabah intellectual deficiency. Mayunan kaayaan anu model kitu, naon anu kedah dipidamel, Kyai?

Kyai Semar kaget-monyet. Mayunan masalah anu model kitu, mantenna teu tiasa tumindak anu sanes kajabi balik kana jati-dirina.

SEMAR: Eta memang risikona. Urang teu tiasa nyalahkeun saha-saha. Industri pendidikan terus jalan teu tiasa dieureunkeun. Hiji-hijina jalan kanggo nyalametkeun industri eta sakadar kumaha cara nyupiranana. Bade diarahkeun ka mana industri pendidikan urang?

DAWALA: Justru eta anu ngawatirkeun, Kyai. Tripusat pendidikan oreg lantaran teu saimbang di ditu di dieu. Prof Dr Arjuna, Mendiknas Amarta, kawalahan malire industri pendidikan formalna. Gedung industri eta memang saluhur langit, tapi mutuna ngan saluhur mumuncangan; canggih di manara-gading, tapi loyo di lapangan; tur kasenjangan oge beuki ngajadi jurang. Produk industri pendidikan beuki tebih tina salera pasar. Biaya produksi leuwih ageung tibatan harga jual produk-produkna, anu teu jarang sia-sia. Ahirna industri eta janten konsumtif pisan kana bahan baku anu saukur kanggo ngadamel kamubadiran!

Cepot sareng Gareng ngjentul huleng teu mudeng.

SEMAR: Lajeng maksad Ki Begawan kumaha?

DAWALA: Perlu diayakeun deformasi!

Kyai Semar ngagebeg-gegedeg. Begawan anu hiji ieu memang multi-radikal!

SEMAR: Abdi mafhum--Ki Begawan henteu ngan sakadar ngomong, nanging ulah ngalawan sistem!

DAWALA: Deformasi sanes ngalawan sistem. Deformasi ngarupakeun paradigma anyar. Parantos wancina Amarta ngawangun pendidikan massa. Dinamika sosial parantos nimbulkeun masyarakat massa anu beuki ngokohkeun budaya-massa. Dina kaayaan anu model kitu bade leuwih kebat deui tuwuh-kembangna informasi-massa. Dina pendidikan massa, peranan informasi-massa mutlak pisan salaku mahaguru-massa.

GARENG (ngaharewos): Ngartos henteu, Kang?

CEPOT: Teuing!

SEMAR: Naha eta tiasa dijalankeun kitu?

DAWALA: Tangtos! Tinggal ngantosan dongkapna mahaguru-massa, anu ngadidik massa ngangge kahebatan informasi-massa. Kanggo ngawujudkeunana media-massa oge moal bakal leupas tina deformasi! Beuki kultural edukatif eta, beuki kapercanten janten letah mahaguru-massa. Dina hiji wanci anu mustari deformasi informasi bakal ngarobah dunya!

GARENG: Jiga revolusi nya?

DAWALA: Deformasi sanes revolusi! Revolusi anu model naon wae ngan nyanggakeun kapalsuan anu nipu. Revolution is just a mere culture of human-pigs! Revolusi sakadar omong-kosong!

"O!"

SEMAR: Amuing-amuing!--Lajeng kumaha ubarampe kangge nangtungkeun pendidikan-massa eta?

DAWALA: Mimitina, ngayakeun deformasi informasi-massa kangge ngawangun BSIM--badan sensor informasi-massa. Hideung-bodasna pendidikan-massa gumantung kana kacanggihan BSIM. Lajeng, perlu ngawangun BPIM--badan pemandu informasi-massa. Dina badan eta lalu-lintas informasi diatur mekanismena; supaya haluan pendidikan-massa tiasa diarahkeun saluyu sareng tujuanana. Nah!--namung ku pendidikan-massa anu model kitu polusi pelajar sareng sadaya eksesna, sareng panyawat intellectual deficiency tiasa diatasi. Sagedengeun ti eta, eta tiasa nangtoskeun eksistensi budaya-massa di jaman isukan.

SEMAR: Nya gumantung kumaha praktekna. Pan praktekna teh teu sasederhana teori? Mindeng "teori agung" robih jadi "keji" dina praktekna. Sajarah parantos loba nyatetan kajadian anu model kitu. Sareng tangtosna Ki Begawan sorangan mafhum kana perkawis eta. Kumaha dunya diwalagar ku Jalma Konyol Uber Alles, puluhan juta manusa dibantai demi kaulinan human-pig, sareng manusa laun nanging pasti disanghareupkeun kana The World Lost.

DAWALA: Leres, Kyai. Deformasi ieu anu mibanda kakiatan maha-dahsyat kangge ngahontal The World Regain. Pendidikan-massa bakal ngabuktoskeun yen elmu teu aya dina kamewah-megahan gedong anu aya manara-gadingna, nanging ayana dina kakawasaan informasi! Eta sababna pendidikan-massa majengkeun pisan deformasi informasi. Tanpa deformasi informasi, pendidikan moal eksis!

Gareng bingung-linglung. Cepot sare kerek.

SEMAR: Abdi saluyu! Pendidikan-massa leuwih mihak kana kapentingan balarea; sanes kanggo ngawangun sikap intelektual anu sok elit. Nyata hiji cita-mulia! Mugi-mugi isukan bakal lahir cendekiawan-massa. Sareng daek atawa teu daek, elit-intelektual bakal kagusur ku waktu kacandak ku mangsa kagiring ku wanci. Perkawis ieu bakal kajadian ku soranganana; sanes lantaran kapaksa siga kagusurna kaum marginal di daerah slums. Pelajar marginal oge teu perlu jadi polusi. Malah, Ekalaya, Socrates, Ivan Illich, sareng anu sa-archetype go ahead!

DAWALA: Leres, Kyai. Sokalima salaku kota megapolitan pendidikan teu becus naon-naon! Naon hartosna intelektual upami ngan saukur silent intellectuals? Keur naon ngalangitkeun manara-gading anu beuki miring? Teu aya hartosna, intelektual anu eksis kangge awakna sorangan wungkul! Intelektual an sich teu leuwih tina tai ucing! All we need now are intellectual being-for-others: mass-intellectuals.

Kyai Semar imut mafhum. Kaayaan Begawan Dawala di desana lir purnama dina peuting poek mongkleng. Kyai Semar, salaku pawongan anu dipercanten di Amarta, buru-buru ngalaporkeun pangersana Begawan Dawala ka Mendiknas Amarta--Prof Dr Arjuna. Mimitina, pendidikan-massa ukur dianggep sistem pendidikan anu non-sense! Nanging Prof Dr Nakula, Menpen Amarta, benten anggepanana. Pendidikan-massa ngarupakeun sistem pendidikan anu canggih, anu di lebetna, panerangan janten leuwih eksis. Miturut Menpen Nakula, pendidikan-massa oge sanggem ngubaran budaya squealer dina panerangan. Demi kapentingan eta, Menpen Nakula sayagi nampi pendidikan-massa. Malah sanaos Prof Dr Arjuna tetep teu saluyu lantaran fanatik pisan kana sistem pendidikan versi Sokalima, Prof Dr Nakula bade ngalebetkeun pendidikan-massa kana departemenna. Ahirna, saparantosna faham pisan Prof Dr Arjuna oge saluyu-mantep.

Kocap-kacarita pendidikan-massa ngadeg di nagara Amarta. Akibatna astaga-luar-biasa! Rakyat Amarta janten leuwih pinter sareng nyakola dibandingkeun sareng nagara mana oge. Nagara Astina anu bangga-balaga boga kota megapolitan pendidikan Sokalima janten katinggaleun sanes lantaran ku kabodoan, nanging lantaran sarwa katilar dina nuturkeun kamajengan pendidikan-masa di Amarta.

Ternyata BSIM tiasa janten kelep tanas nagara Amarta. BSIM migawe kokoh kakiatan hankam sareng Jendral Bima, Menhankam Amarta, ngiring ngalokasikeun dana persenjataanana kangge dana informasi demi pendidikan-massa. Di widang anu sanesna, BPIM sanggem midamel informasi-massa janten komoditas ekspor dina lalu-lintas informasi-massa internasional. Menristek Amarta, Prof Dr Ir Sadewa kasengsem ningali kacanggihan teknologi informasi BPIM anu sanes ngan saukur tiasa ngadeteksi informasi ti sareng ka sadaya juru dunya, nanging oge sadaya juru jagat pramudita. Pangab Jendral Gatotkaca gumbira kana eta kaayaanana BPIM, anu nyatana mibanda kahebatan spyforce anu tebih leuwih canggih tibatan agen-rahasia mana wae. Amarta teu perlu deui nyulundupkeun James Bond-James Bond-na anu sok nyewek wungkul dina operasi-operasina.

Begawan Dawala imut-emut. Mantenna teges-tandes nolak waktu rektor Universitas Sokalima Prof Dr Durna nguleman mantenna kangge masihan jujuluk Doctor Honoris Causa ka Begawan Dawala. Sikap eta dianggep hinaan ageung kangge Astina. Leuwih-leuwih waktu First Lady Astina, Ny. Banowati PhD, maksa Presiden Duryudana pikeun ngalakukeun perestroika total kangge Nagara "Tirai" Astina. Lantaran teu digubris, Banowati anu doktor filsafat tea nekad minggat nepangan Begawan Dawala. Guguru elmu panemu.

Waktu Banowati naroskeun naha Begawan Dawala eta aya, sareng tenang-wenang Begawan Dawala ngandika, "I deform, therefore I exist!"


Ki Harsono Siswocarito
Semarang, 20 Maret 2008

Friday, February 8, 2008

Candabirawa: Perang Robot



Candabirawa karya akbar
Mahacendekiawan raksasa
Budaya abad Biorobotika


FUTURE SHOW--Buku pakem pawayangan jaman isukan mulai dipagelarkeun ku ki dalangmaya. Benten tina Future Shock seratan Alvin Toffler, Future Show ngarupakeun karya eksperimentasi rekacipta dialektis tina ilmu sareng ngelmu. Bentuk kamanunggalan dialektis tina rasio sareng rasa: harmoni budaya Kulon sareng Wetan. Memang, ki dalang sanes futurolog, nanging futuris pangambah dimensi en avant vu. --"Nah, ieu gaya citra + catur + carita Ki Harsono Siswocarito dina pagelaran isukan."--Mangga dipalire:

Kelir hideung
Tabir nineung
"Move!"
(Clap!)--"Awas!"
(Dor!)--"Aauukkhh!"
"Hmh, maju!"
"Tembak!"
(Klik!)--"Sial! Kandas!"
Sora sirna
Sepi fana
(Wut! Jleg!)--"Ati-ati! Jagi di payun!"
"Sayagi!"--(Wuz!
Leb!)--"Aman!"
"Laser, Let!"
"Sayagi!"
"Sabot kabel fiber optic
ieu--cepet!"
(Zzsstz!)--"Beres!"
NAKULA: Nah, atos pegat saluran informasi Mabes Bulupitu sareng Lab Biorobotika di Mandraka. Hayu urang tewak Jendral Salya!"

SADEWA: Antosan, Kapten Nakula--kumaha sareng intelsat Astina?

NAKULA: Beu, naha anjeun poho, Letkol Sadewa? Pangkalan militer angkasa luar sareng pakakas star-war Astina atos amburadul sawaktos Marsekal Gatotkaca ngemban tugas panglima perang bentang.

SADEWA: O muhun, sae atuh. C'mon!

Dua perwira utama ti Divisi Bumiretawu sareng Divisi Sawojajar eta ngolepat-kebat miyang ka Mandraka demi tugas milari konci rahasia Biorobotika. Tanpa ngawasa konci rahasia eta pamohalan Amarta tiasa naklukeun Brigade Biorobotika Candabirawa anu dikomandoan Panglima Jendral Salya.

Salya taparekayasa
Di Lab Biorobotika


MANDRAKA.--Jendral Salya gentur tapa nyampurnakeun eksperimen biorobotika anu pang enggalnya. Biorobot Panumpes Pamungkas! Warisan budaya biorobotika ti Prof Dr Bagaspati eta estu luarbiasa. Artificial intelligence, konci kasuksesan robotika, kiwari parantos dilengkapan ku artificial intuition konci kasuksesan biorobotika. Prof Dr Bagaspati parantos ngawariskeun dadasar deformasi silico-logicus janten biosilico-logicus. Eta tea Biorobotika Candabirawa. Nineung sareng keueung! Sareng ku Jendral Salya, Brigade Biorobotika Candabirawa sayagi dikirim ka naraka Kurusetra.

saparantosna riset paripurna, Jendral Salya gura-giru ngontak Mabes Bulupitu. mantenna kaget-roket lantaran sadaya saluran informasi rusak. Kasurung ku ambek beureum-geuneuk tanaga midek mantenna ngabanting videophone. Lajeng buru-buru mantenna mandap tina eta gedong panyakar langit Lab Biorobotika. Pas nincak lantai handap, mantenna disergap ku Kapten Nakula sareng Letkol Sadewa.

SADEWA: Ulah motah! Urang rampungkeun masalah perang!

SALYA: Soal perang? Ieu lain tempatna! Perang urusan medan tempur, lain laborat!

NAKULA: Bener, Jendral, tapi Lab Biorobotika ieu geus jadi sumber malpraktek iptek anu pang bahayana pikeun peradaban manusa jaman isukan. Kurusetra geus teu jadi arena uji-aji pikeun bebener jeung kaadilan, tapi ajang panumpesan manusa. Biorobotika migawe manusia jadi budak jeung bidak mangsa ciptaanna. Tibatan tumpur-ludes dipodaran ku ciptaan, leuwih hade paeh demi Tuhan!

SALYA: Hmh, terus naon kahayang andika?

SADEWA: Tingali destruction-button ieu!

NAKULA: Nah, milih mati sampyuh, atawa serahkeun konci formula rahasia Biorobotika Candabirawa?

SALYA: Licik-pidik sia keparat! Sia nyangka bisa nandingan kasaktian aing? Hua-ha-ha-ha… tah cokot! Nah, sampe kapanggih di Kurusetra!

Saparantosna mibanda eta konci rahasia Biorobotika Candabirawa, Kapten Nakula sareng Letkol Sadewa sakolepat leungit tanpa lebih ilang tanpa karana dinu poek-mongkleng. Jendral Salya molotot sareng kekerot. Kangge meper nafsuna, mantenna kebat lebet ka bar. Sareng teu lami mantenna parantos lemes-ambles dina ranjang Setyawati, kaulinan bom.

Dina pepende awewe
Kabeh wae oge bahe!
--XXX--
"Euleuh?"
"Oh!"

Wanci janari Setyawati ngagolepak numpak enak, Jendral Salya nyimpen sci-fi doll di sisi carogena, anu tiasa sasauran, "O Dear, let me go to a biorobotic sci-fi war!" Rengse motong rasukan wengi mantenna buru-buru salin busana perang lajeng kebat miyang ka Bulupitu.

Beda peristiwa
Tunggal carita
--F = N2C

LAB BIOART, AMARTA.--Pandawa tiasa midamel deformasi konci rahasia Biorobotika Candabirawa di Lab Bioart, tina deformasi artificial intuition mahluk biosilico-logicus eta ngawujud tilu formasi anyar: biosilico-estheticus, biosilico-ethicus, sareng biosilico-mysticus. Tina tilu formasi eta kacipta biorobot Arsoid, Ethicoid, sareng Deusoid: bangsa biorobot anu mibanda rasio sareng rasa. Estu luarbiasa! Lab Bioart tiasa midamel biorobot jenius anu peka kana bebener, kaendahan, kasaean, sareng kamukzizatan. Deusoid kebat dibantun ku Jendral Darmakesuma pakar tapa-rekacipta di Lab Bioart eta. Mahluk biosilico-deus eta sayagi janten panyalamet umat dina ajang-perang The Last World War Baratayuda.

DARMAKESUMA: Nah, rupina Deusoid anu sanggemnandingan Candabirawa. Kumaha kaayaan Kurusetra?

KRESNA: Gawat, Jendral! Unggal jalmi nyarios, "Brigade Biorobotika Candabirawa amuk-amukan tambah cacahna!" Kitu sanes, Jendral Bima?

BIMA: Bener, Jendral! Amarta kapaksa mundur-tempur sabab sagala sanjata teu aya anu mampu ngalebur-ancur Biorobotika Candabirawa. Kadigdayaan eta mahluk biosilico-logicus nyata-nyata laknat keparat! Jahanam serem-kejem!

DARMAKESUMA: Teras strategi naon anu pas dipigawe kangge kasalametan umat?

KRESNA: Simpen sadaya sanjata! Lajeng gunakeun pakean anti-biorobotika.
"Tepat! Senjata = bencana! Naon hartosna? tingali--bumi bencah, ozon bareulah, malapataka jagat pating kolepat!"
Nature + Culture - Nurture = No Future
"O Brahmadharmavisnu!"
"Future is the triad of nature-culture-nurture!"
DARMAKESUMA: Sae, back to nurture. Urang musnah-punahkeun Biorobotika Candabirawa. Hayu ka Kurusetra!
"Sayagi! Sayagi! Sayagi!"

Perang Biorobotika
Ilang Bangsa Manusa

KURUSETRA.--Sci-fi war!
"Dur, Cit, Karta--tingali HDTV: Biorobotika Candabirawa anu perang, pan urang mah tinggal ongkang-ongkang. Kurawa jelas menang!"
HDTV: (Katingal--raksasa-raksasa otak-komputer, panon-parabola, cepil-radar, buuk-laser, huntu-misil, panangan-rudal, ramo-nuklir, awak-amunisi, paru-paru-mesiu, samparan-panser--motah-polah mekanis-programis-katastropis!)
"Surrealisme kontemporer!"
"Superrealisme!"

(Linggih Jendral Salya + pamencet + inuman--layar detector--tombol-tombol teleinstructor--peta panumpesan Kurusetra--sinyal--0987654321--)
Faulkner: "When will I be blown up?"
"As it's so!"

(Jendral Salya ngadadak-ngoceak, "Deusoid?!"--Supersensory + artificial intuition detector: F = N2C--Biorobotika Candabirawa 1/1 raib-ajaib!)
"Adidaya tanpa sanjata!"
SALYA: Hmh, keparat! Saha andika?

DEUSOID: Kaula Deusoid.

SALYA: O, my God! Andika Batara Dharma?
Bacon: "Idols of the Mind!"
DEUSOID: O, Salya--pesekan heula Idols of the Sign, udaran Idols of the Soul. Kakara andika nyaho saha kaula!

SALYA: Ilmu Kalimasada!

(Darmakesuma dongkap--Candabirawa ilang--Darmakesuma menang!)

Manusa tuan keur ciptaan
Sanes budak atawa korban
Sanes Tuhan atawa setan!
"Biorobotika lebur!"
"Salya gugur!"
"Hidup Darmakesuma!"

Kelir bodas
Tabir waas

:--"Nah, eta rupina kilas-pentas tea. Aya sareng Teuaya sami utama. Harepan ki dalangmaya kana hampurana--wilujeng patepang deui dina lakonet sanesna!"


Ki Harsono Siswocarito
Semarang, 7 Pebruari 2008

Monday, January 21, 2008

Kembang Kampus Sokalima




Melati asri ti mimiti janari
Mawar mekar suminar liar
Kembang ros kembang soka
Kadia salendang bawana!

UNIVERSITS NEGERI SOKALIMA.—Beat drum ngiringan megah-lengkah kembang kampus Sokalima. Mojang lenjang herang-mencrang ciri estri jaman kiwari! Inceran saban lalaki. Leuwih-leuwih lalaki anu gaduh julukan kumbang kampus siga Arjuna, pinasti julalatan jadina. Namina cukup ngetop—Srikandi. Soal kageulisanna, tingali dina “Catetan Si Kumbang Kampus,” Arjuna ngagambakeunana kieu—

“Kandy estu awewe super trendy: biwirna manis siga iklan lipstick; panonna eksotik siga iklan eyeshadow; buukna aksi siga iklan styling foam; seungitna khas siga iklan parfum; rasukanna trendy siga iklan mode; bodyna sexy siga iklan bikini; gayana saluwes L’poseur; otakna ngaleuwihan komputer; sikapna praktis-emansipatoris; hobina ngeceng ‘n mejeng; cita-citana keren ‘n beken; idolana artist-oriented; musikna ngerock; cintana paten ‘n kapercanten; semboyanna—maca, cita, sareng karya!”

Juilah! Arjuna estu jenius! Jitu pisan anjeunna ngagambarkeun citra eta awewe super kontemporer. Benten tina gaya seniman orthodox! Tingali wae gayana: naon eta lambene gula satemplik, halisna ngajeler paeh, lan sajabana? Komo deui seniman anu sok abstrak—sadaya kaendahan bubar-ambyar teu karuhan. Keun bae—suka-suka. Dangukeun wae semboyan klisena, “Bentuk-bentuk kasenian magelarkeun hukum-hukumna sorangan, sanes alesan-alesan anu ngajurung urang dina hirup sapopoena.” Eta cek Viktor Sjiklovski. Arjuna teu saluyu pisan. Keur anjeuna, “Seni nya eta deformasi!” Sae oge!

Srikandi lumampah sapertos dina luhur catwalk. Sikapna nantang model Jane d’Arc. Kacamata mejeng ngahias buuk new wave-na. Binar-suminar panonna nyambar-liar sapertos blitz. Kasumpinganana midamel Dr Kumbayana geuwat-kebat luncat ti kantorna lewat jandela. Astaga--nekad oge eta doktor. Hoyongna nguber Srikandi. Kantenan anjeuna teh naksir-tajir pisan ka kembang kampusna. Pantes! Sanaos anjeuna parantos gaduh putra saumuran Srikandi, Dr Kumbayana tetep wae prex-cuek. Kaburu keuna puber kasajuta, go ahead lah!

Sagedengeun ti eta, Wilutama, partner kumpul-kuda Dr Kumbayana, teu tangtos kamarna. Sawaktos Aswatama masih saalit piit, Wilutama kabur gara-gara teu ngalakon dipasihan artos kangge balanja. Da gaji eta doktor teh mines terus. Ngobyek ngan tiasa 4 SKS, bade korupsi teu tiasa. Anjeunna sanes birokrat! Tur … sst--emut Waskat! Nah eta--modar sia!

Tibatan pusing sakuriling-bungking, mending milarian hiburan murahan. Dr Kumbayana nyaketan kembang kampusna. Kurawa ce-es ribut suat-siut. Burisrawa anu jago gombal kontan obral cinta, ngahaja ngagoda dosenna.

BURISRAWA: Hellaouw, Kandy--Madonna kampus kuring. Keur naon daek diemproceh ku duda kolot-peot kitu? Mending indehoy jeung kuring, yuk? Pinasti syuuurrr-syeeerrr lah!

Srikandi ngadelek tapi tetep geulis-sinematis. Dr Kumbayana molotot keuna tembak mahasiswana anu kurang-ajar tea.

DURSASANA (seuri nyakakak). Huahahaha... anjeunna mah leuwih klop sreng ogut. Yeuh--mahasiswa Pamarentahan--calon bupati Banjarjumut!

DURMAGATI: Mending zareng abdi, calon inzinyur zepezaliz real-eztate maza-depan! Neng Zri teu perelu jadi korban cinta model rumah zuzun. Bebenean di real-eztate--pan canggih?

Masabodo teuing ka eta ocehan setan! Srikandi buru-buru miang ka perpustakaan. Ditinggal ngeblas siga kitu, Dr Kumbayana keuheul-sebel jadina. Demi ngalampiaskeun sial-sebelna, anjeunna kukulutus ka para mahasiswana.

KUMBAYANA: Maraneh teh teu boga pisan etika, nya? Naha maraneh kabeh hayang dijieun hanteu lulus dina eta ujian ku aing? Aing arek mere ka maraneh kabeh biji E! Verdoooven!

DURMAGATI: Aziiik!

BURISRAWA: Youw ngancam, Dok? Youw kenow saha kuring? Putra pangagung! Ulah macem-macem lamun youw teu hayang dipecat! Youw andesten, Dok?

Dr Kumbayana saukur tiasa gegedeg sirah. Teras anjeunna bablas siga Cakil kalah perang.

PERPUSTAKAAN.--Di ruang baca perpustakaan, Arjuna katempo asyik maca novel seratan Yudhistira, Arjuna Milari Cinta. Anjeuna teu sakedik oge malire sumpingna Srikandi. Kitu oge sawaktos Kurawa ce-es liar-brutal ngabebek kembang kampus dugi ka sela-sela lomari buku. Ruang baca robih jadi ruang cuci-mata. Lantaran risi Arjuna geuwat luncat-pantat, cabut hanteu itu-ieu.

SRIKANDI: Hai, Jun! Antosan!

Arjuna ngalieuk. Diteuteup eta kembang kampus ngangge sorot panon anu satiis es-batu. Kaku-beku! Saukur basa-basi anjeunna tumaros.

ARJUNA: Aya naon?

SRIKANDI: Teu nanaon--anjeun bade ka mana si?

ARJUNA: Milari privacy.

Tanpa ngantosan reaksi, Arjuna ngayun-lengkah. Bengong-bingung Srikandi jadina. Banowati anu nuju ngagosip lekoh-alewoh sareng rencangna, seuri nyakakak jadina.

BANOWATI: Eh, tingali tuh--kembang kampus urang keuna batuna. Muas sia! Ulah ngarep-ngarep Aa Jun bade ngagubris nya. Rumaosna anjeunna leuwih geulis ti abdi. Yeuh--peragawati!

Dursilawati nyengir jiga kelede ningali Banowati ngalenggak-lenggokkeun awakna anu simon (super seksi tur montok) tea.

DURSILAWATI: Tapi maneh kalah cadas, Ban.

BANOWATI: Naon ari kalah cadas teh?

DURSILAWATI: Kalah cantik jeung cerdas!

BANOWATI: Kajeun! Nu mahapenting menang sexy. Abdi jamin bakal sukses dina saingan. Otak mah teu penting! Nah--naon si hebatna Srikandi anu memang cantik jeung cerdas eta? Sareng deui approach abdi ka Aa Arjuna eta atos ti mimiti TK. Pasti Srikandi kalah beurat!

SURTIKANTI (imut-kalem): Hanjakal abdi atos tunangan sareng Aa Awangga. Upami acan mah, abdi oge bade ngiring raramean saingan sareng ente. Naon si hesena mentel Arjuna?

DURSILAWATI: Pegatkeun wae tunangan anjeun, Kanti. Keur dijadikeun kabogoh kuring.

SURTIKANTI: Enakna!

Bom-seuri ngagaur di tengah maranehna. Di kajauhan Srikandi masih nangtung kaku-beku ningali Arjuna anu leungit ditilep juru kampus. Anjeuna lugay tina ngahuleng-jentulna sawaktos Aswatama nyodorkeun serat anu sampulna biru laut. Anjeuna sempat ngecapkeun nuhun, teras bablas.

Mega tambaga di langit
Kulon ngajurung poek
Sandekala lengket dipepende
Peuting anu tiis tingtrim!

PANCALA.--Srikandi nutup panto kamarna. Lalaunan anjeunna muka sampul serat ti Aswatama. Geuningan eta serat teh tulisan Dr Kumbayana. Wah--bapa dicomblangan anak ni yee!--pikir Srikandi. Isina gombal! Rampung maos eta serat gombal teh dipiceun ka luar.

Di luar, Gandamana--ajudan Jendral Drupada, ramana Srikandi--kapeupeuh remesan serat gombal eta tepat ngembat jidatna. Serat dicandak sareng dibaca ku mantenna bari lumampah:--

Dear Srikandi,

Anjeun geulis leuwih ti Juliet
Cinta abdi ka Anjeun leuwih ti Romeo!
Aksesori anu tinaretes dina dada Anjeun
Migawe hate abdi timburuan siga Othelo
Ka Desdemona!

Mit der Liebe
Dr Kumbayana

Gandamana kaget-monyet. Bari cicing mantenna teh neundeun kadeudeuh ka putri atasanna. Timburuanna ngadadak ngagolak nyaingan kawah Candradimuka. Sakolebat kilat mantenna luncat kana jeep plat hejona. Teras bablas kabawa gas! Ningali solah-polah eta ajudan, panjaga piket molongo siga kebo bodo.

Peuting serem-kejem
Nyaingan jahanam
Jalan poekmongkleng


Jeep plat hejo eta ngabelesat dahsyat. Ngadadak jerit rem meulah langit. Kendaraan-kendaraan anu ngahindar tina benturan sareng jeep anu nuju kasetanan eta, aya anu tiguling ka jurang, nyuruduk kutis jalanan, ngalabrak-nabrak padagang kaki lima, sareng … ah, macam-macamlah. Gandamana teu malire! Ti jero eta jeep kadangu soanten:--

"I don't care anymore! Cinta leuwih penting tina bahaya, leuwih utama tina etika! Kumbayana jahanam--dipodaran ku aing!"
SOKALIMA.--Estu sarwa rusuh teu puguh, Gandamana banting stir. Jeep ngaliuk siga jurutari ballet. Di payuneun bumina Dr Kumbayana, jeep eureun. Gandamana luncat turun. Jangkah-lengkahna mantap, gagah-megah ala Commando. Tampangna leuwih sadis-bengis tibatan teroris!

GANDAMANA: Kumbayana--kaluar sia!

Goakanana ngagaur ngabentur bisu. Nanging di jero imah kadangu aya tuur saling bentur, gemeter margi kacida sieuna. Gandamana najong panto dugi jebol-ambrol.

Dr Kumbayana nyamuni di kolong ranjang; teu eureun-eureun anjeunna adu-tuur! Jangkah-gagah sapatu radial sky-high nyaketan. Ranjang milu ngaderegdeg teu katahan. Sapatu radial eta beki caket. Moncong bedil model Rambo nyolonong pas kana cocopong irung Dr Kumbayana.

GANDAMANA: Milih hulu sia dhedhel-duel, atawa nyerah?

KUMBAYANA: Modar aing! Enya-enya… a-abdi b-bade k-kaluar! T-tapi u-lah d-ditembak, Agan.

Nanging Dr Kumbayana teu tiasa lugay tina panyamunianana. Mani kasar sareng kurang-ajar pisan Gandamana nyeret mantenna.

KUMBAYANA: A-abdi u-ulah d-ditembak, Agan. Mangga Agan candak eta TV, video, atawa eta gaji abdi masih utuh….

GANDAMANA: Cicing!!! Aing lain rampok! Hayu milu jeung aing!

KUMBAYANA: Agan bade yandra abdi? Percuma, Gan. Abdi teh jalmi teu penting, sanes politisi, sanes pangagung. Saukur pagawe, Gan.

GANDAMANA: Sia geus lancang-pena. Sia kudu narima hukuman beurat lantaran geus kumawaningagoda putri sang jendral!

KUMBAYANA: Ngahukum? Tapi man serat tugasna, Gan?

GANDAMANA: Teu perlu tugas-tugasan!
KUMBAYANA: Tapi, Agan--dupi nagara urang teh nagara hukum. Sanaos abdi salah, abdi mohon Agan kersa ngangge prosedur anu berlaku.

GANDAMANA: Prex! Dunya satria ala wayang ngan kenal teunggeul-teunggeulan, jotos-jotosan, jeung adu kanuragan. Aing hanyang ngabuktikeun naha si Kumbayana ieu bener-bener sakti mandraguna ora tedas tapak paluning pande--eh, sorry--eta kuno! Maksadna, tapak-cetak teknologi nuklir, rudal jeung sajabana!

KUMBAYANA: Wah, Agan--ampun dah! Abdi saukur intelektual-brahmana, Gan.

GANDAMANA: Naon maksadna, Dok?

Dr Kumbayana imut demi ningali Gandamana luntur-lulur sadis-bengisna. Kasempatan eta teu disia-siakeun.

KUMBAYANA: Nah! Agan hoyong terang naon hartosna intelektual-brahmana? Goed! Eta teh manusa anu gaduh batok sirahna pinuh ku dalil-dalil iptek sareng falsafah sedengkeun batinna pinuh ku jopa-japu!

Gandamana suntrutkerut jidatna. Bedil Rambo-na diturunkeun. Dr Kumbayana teu ginggilapeun deui. Mantenna ngaraos polemologina sukses. Beungeut sadis-bengis ngadadak luntur sepertos gombal murahan.

GANDAMANA: Naon eta jopa-japu teh? Sajenis mantra nya, Dok?

KUMBAYANA: O, sanes! Eh, enya oge. Nah--eta! Nanging mantra benten tina doa-doa. Uninga, Gan?

GANDAMANA: O?

KUMBAYANA: Malah upami Agan kersa uninga--aya mantra modern anu tiasa midamel jalmi janten naon anu dikersakeun. Leres, Gan.

GANDAMANA: Naon eta teh, Dok?

Dr Kumbayana sajurus ngemutan mantra modern anu diapalna. Ngangge gaya bujangga mantenna maos eta mantra:--

Papaliko arukabazuku kodega suzukalibu tutuk liba dekodega zamzam lagotokoco
Busyet! Eta mah tina "Husspuss" damelan Sutardji Calzoum Bachri. Dasar-dasar! Gandamana rumaos dibobodo katotoloyo. Lantaran teu kiat nahan sewot campur kekerot, jab sahebat Tyson telak nabrak irung Dr Kumbayana. Sareng tajongan Tae Kwon Do Gandamana cekap pikeun midamel remuk panangan kenca sasaranna. Doktor sial-dangkal eta ambruk.

Bumi goncang langit goncang!
Tinggal poek dina kiceup!

RUMAH SAKIT.--Sokalima gempar! Dr Kumbayana ancur-babak-belur. Aswatama teu daya teu upaya. Anjeunna teu terang saha anu ngarogahala ramana. Peuting eta saparantosna nganjang ka Dursilawati, anjeuna nyampakan bumina barantakan sareng bokapna tilelep dina jero got persis cucurut. Anjeunna ngira parantos aya kajadian parampokan rajapati. Nanging teu aya barang anu leungit kacuali kancing baju bokapna anu rontok katawuran. Hasil panalungtikan detektif partikelir positif sanes motif parampokan, nanging panganiayaan.

Di ruang tunggu rumah sakit, Aswatama bingung ngahurun balung. Sawaktos hiji dokter kaluar ti ICU, anjeunna nyaketan.

ASWATAMA: Kumaha, Dok?

DOKTER: Emm--sae. Gegar otakna tiasa dicageurkeun, nanging cacad teu tiasa disinglar. Utamina, waos, pangambung, sareng panangan kenca Dr Kumbayana teu tiasa pulih kajati sempurna sapertos sedia kala.

Aswatama ngagereges lemes. Anjeunna rubuh-runtuh nubruk korsi lipat anu sukuna x. panonna redup lir lampu kurang setrum. Dokter eta saukur tiasa imut cuka. Haseum-asem! Tina kaca, langit katempo pucet siga kain kafan. Tatahan wajah pasrah lemah kabalut luka parah. Dr Kumbayana ngabujur di ditu. Dina sela-sela peurih-balilihna sasakali kadangu ngalinduran, "papaliko… bazuku… suzu… ibu…"

Lemes-ngenes Aswatama jadina. Diteutteupna saratus botol infus giliran ngalawan mampus. Dina kesedih waktos karaos laun pisan.***


Waos janari sepi
Tanpa kocap tanpa
Taros tanpa wartos!

Aswatama narik nafas bedas! Anjeunna muka catetan dintenanna: Minggu, Senin, Selasa… Minggu, Minggu, Minggu--sareng duka atos sabaraha Minggu kaliwat, Dr Kumbayana teu acan cageur. Laun tapi pasti, Aswatama nyoretkeun pulpenna:--

Tinggal tanggal anu robih; tapi dinten teu ganti-ganti. Bokap abdi masih kuyu. Perkarana beku. De polis ken du nating! Meureun ngahaja dikulkaskeun. Bebene abdi, si gembrot Dursilawati, oge sialan. Caket kamar mayat, manehna masih menta di-68. Cek manehna, "Cinta teu kenal sangsara!" Aje gileee! 68 deui sareng deui-deui 68. Gila-gelina teka-teki! Manehna memang seneng anu hot-hot: martabak panas, atawa kue Bandung haneut. Rakusna juilah! Abdi kakara sapotong, manehna geus seep tujuh. Cocoklah sareng huntuna anu radial jiga ban traktor! Dasar ondel-ondel Betawi! Cuweklah….

Kadangu lengkah gagah nyaketan. Aswatama nutup bukuna. Tina waos corridor muncul Arjuna.

ARJUNA: G'morrow, Tom! Pak Doktor atos cageur?

ASWATAMA: G'monin, Fren--nya kitulah!

ARJUNA: Panalungtikan polisi kumaha hasilna?

ASWATAMA: Nihil!

ARJUNA: Sure?--may and may not be. Abdi nuju nyobi nyukcruk masalahna. Kajahatan teu bisa minggat kajaba ka neraka.

ASWATAMA: Yes, Fren--smes it! Yu'll be ol rait.

Arjuna maklum-mafhum kana dialek Inggris mbeling Aswatama. Saparantos ngalongok Dr Kumbayana, Arjuna cabut-suku.

ARJUNA: G'bye, Tom!

ASWATAMA: G'bay, Fren!

Waos corridor neureuy Arjuna buleud-buleud. Lenyap-ngeclap!

Singkat wartos
Ngudag peristiwa
Tandana Kurawa
Pada unjuk-rasa!

ASTINA.--Letjen Sakuni, Kapoltabes Astina, nuju mimpin briefing. Letkol Kartamarma calik bari milintir kumisna anu sakaku ruji bui. Mayor Citraksi angguk-anggukan sirahna sanes ngartos kana intruksi pamingpin, nanging lantaran ngantuk. Kopral Citrayuda sare dugi dahdiran.

SAKUNI: Hasil panalungtikan anu motifna politik geus positif yen anu nganiaya Dr Kumbayana teh Bima! Sabab jalma anu boga ramo jiga cau ambon sasisir mah ngan si Bima wungkul. Teu ragu deui--tewak si Bima bangsat eta. Laksanakeun!

KARTAMARMA: Sayagi!

Saparantos hormat ka pamingpin, Letkol Kartamarma ganti nyiku anak-buahna. Leletak ka luhur sisiku ka handap teh parantos ngakar dina tradisi! Budaya mines anu teu tiasa disinglar. Borok samodel kitu mah ulah diperban--amputasi wae amih nyaho.

KARTAMARMA: Yor-Mayor--hudang sia! Molor wae. Hudang, Yor!

Mayor Citraksi malah kontes kerek sareng Kopral Citrayuda. Letkol Kartamarma teu seepeun cara kangge ngagugah anak-buahna.

KARTAMARMA: Mayor, kuring meunang bonus yeuh!

CITRAKSI: Mana-mana? Bagi hasil atuh, Overste!

CITRAYUDA: Fifty-fifty wae atuh, Ov, sareng anak-buah.

Letkol Kartamarma miringis sinis. Nah sia! Upami parantos kitu mah, anak-buah daek teu daek kudu disiplin. Marantenna teu tiasa midamel anu sanes kajabi jengkar mancen tugas.

TAMAN.--Lantaran Bima sanes buronan, gampil pisan ditepanganana. Di hiji taman, anjeunna nuju asyik bebenean sareng kabogohna--Nagagini. Letkol Kartamarma buru-buru ngatur strategi pikeun newak Bima.

KARTAMARMA: Kasempatan! Bima keur bebenean jeung banci. Awas ulah sampe lolos! Maneh nyaho cara pangcanggihna pikeun nyiduk Bima, Mayor?

CITRAKSI: Gampang! Tembak di tempat wae, model petrus tea.

KARTAMARMA: Hush--ngaco! Eta mah cara nu ahir. Emut--urang teh kudu ngajaga citra de polis.

CITRAYUDA: Abdi usul. Saena mah ngangge mantra panyirepan amih Bima kapineuhan teras tinggal digusur. Pan beres?

KARTAMARMA: Maneh bisa ngrapalna, Pral?

CITRAYUDA: Atuh puguh we. Saha heula, abdi!

CITRAKSI: Alaaa--bibisaanan sia mah. Coba sok uing hayang nyaho.

Kopral Citrayuda sidakep nangkeup dada. Panonna peureum. Waosna komat-kamit ngarapal lafal mantra panyirepan:--

Rep sirep si megandana,
Wong sarewu pada tumut,
Salaksa wong serah nyawa.
Reaksina teu acan katempo. Bima sareng kabogohna malah tambah mesra. Mayor Citraksi mulai calangap lir buhaya heuay; tapi anjenna mah memang gaduh panyawat lethargy. Letkol Kartamarma bengong-monyong. Suasana malah nambah gairah Bima. Komo deui doi'na teu sungkan-sungkan nyungsepkeun sirahna dina dada Bima.

KARTAMARMA: Cilaka dua-belas, Pral! Urang tewak waelah!

CITRAYUDA: Antosan sakedap. Tingali tuh Bima mulai nunduk. Doi'na atos sare dipepende.

KARTAMARMA: Busyet--emang eta jalma keur in action. Lain molor, Pral. Goblog sia mah!

Tanpa disangka, Bima mantingkeun botol minuman sareng tepat ngembat jidat Letkol Kartamarma. Teu ampun deui, anjeunna kontan pingsan. Awakna rubuh mirip gedebog ditebas pedang. Panon beureum-ngantuk Mayor Citraksi molotot jiga traffic light. Beureum-koneng-hejo!

CITRAKSI: Tewak, Pral!

Bima kaget-copet disentak-bentak Kopral Citrayuda. Nagagini ngaderegdeg kamigilan. Bima lugay. Diteuteupna beungeut Mayor Citraksi sareng Kopral Citrayuda anu jiga cow boy kampung tea. Bima nyangka marantenna eta barandalan anu sok jagoan nuju milari story. Ngangge sikap jantan ala pendekar, Bima jumangkah siap tempur.

CITRAKSI: Nyerah waelah, Jang!

Panangnan mucuk pestol nyolonong kana irung Bima. Sakolebat kilat anjeuna nyambar eta pestol, sareng tinjuna nabrak telak beungeut bewos-jembros si Mayor. Ningali pimpinanna di-KO dina menit mimiti, Kopral Citrayuda nyandak pestolna. Tanpa sempat ditodongkeun, hiji teunggeulan anu bobotna 3 kintal ngabentur beuteung-bucittreukna. Teu ampun deui kopral-sial eta ngagubrag di luar taman, teras ragrag kana jero got butek. Tongtonan gratis tuh--cek jalmi anu liwat.

Bima ngaresikan leungeun bajuna. Nagagini anu ti tadi kaku-beku di pojok taman, buru-buru nubruk doi'na. Bima ngarangkul kabogohna.

NAGAGINI: Aa teu kumaha-maha, kitu? Sieun abdi tadi--tapi, asyik oge. Gaya Aa jiga Mr T bintang The A Team tea!

Bima mesem-kalem. Kadua sejoli eta "cup-mmmh-cup-mmmh", teras bablas.

Siang anu panas
Tumaros poe naas

MARKAS.--Letjen Sakuni ngadampratan anak-buahna.

SAKUNI: Bodo! Mancen tugas siga kitu wae teu becus!

KARTAMARMA: Soalna teu mempan mantra.

SAKUNI: Mantra? Nanaonan si? Tolol sia mah! Pake otaklah. Ditembak-bius oge--beres!

CITRAKSI: Bener oge, nya? Ku obat-bius, dijamin lemes-ambles tah si Bima. Let's go, Pral!

"Biang Kaniaya Dr Kumbayana Katewak!"

SOKALIMA.--Arjuna olohok maos wartos Suara Astina. Bima buru-buru diajukeun ka pangadilan. Arjuna ndoyong jadina--naha malah Bima, lanceukna, anu ditewak sareng didakwa nganiaya Dr Kumbayana? Jelas fitnah!--pikir Arjuna. Talungtikanana sorangan nembe saparo jalan: serat gombal-kumal tulisan Dr Kumbayana, parantos katemu ku Arjuna dina wadah runtah. Serat eta aya patalina sareng kembang kampus Sokalima--Srikandi. Di emper kampus, Arjuna dihadang Banowati.

BANOWATI: Jun, anteur abdi shopping nya?

ARJUNA: Wah--sorry lah, Ban. Andi nuju sibuk yeuh.

BANOWATI: Sakedaaap wae, naha atuh, Jun?

ARJUNA: Teu tiasa, Ban. Aya urusan penting!

Banowati suntrut-camberut, gagal ngagaet Arjuna kangge diajak jalan-jalan. Padahal anjeunna parantos taruhan sareng Surtikanti oge Dursilawati. Arjuna teu ngagubris muka-kuciwa eta. Serat gombal-kumal ngajak anjeunna tumuju ka bumina Srikandi.

PANCALA.--Saparantos ngisi buku-tamu anu disodorkeun si beungeut sadis-bengis Gandamana, Arjuna nembe tiasa tumuju ka ruang tamu. Srikandi muncul bari imut ngagelenyu manis sapertos iklan lipstick. Awakna katempo padat-sehat kabalut calana jeans ketat sareng T-shirt ngepas. Arjuna anu apal kana Katuranggan Perawan, kontan ngalebetkeunana kana tipe wanoja Gedang Kencana sareng rada Mitra Dharma!

SRIKANDI: Come in, Jun. Ahirna anjeun dugi ka dieu.

ARJUNA: Danke! Abdi perlu bantuan, Kandy.

SRIKANDI: O-ya? Naon atuh?

ARJUNA: Anjeun kenal serat ieu?

Ningali serat gombal tulisan Dr Kumbayana aya dina panangan Arjuna, Srikandi kaget-monyet. Arjuna mesem-kalem.

SRIKANDI: Serat eta kapungkur dipiceun ku abdi. Naha nyasar ka anjeun, Jun?

ARJUNA: Abdi nemu tina wadah runtah Dr Kumbayana. Anjeun anu mulangkeun?

SRIKANDI: Ah, henteu! Memangna kunaon si, Jun?

ARJUNA: Serat ieu aya patalina sareng panganiayaan Dr Kumbayana. Sareng deui, Bima parantos janten korban salah tewak. Pamohalan mantenna tega ngepruk-remuk dosenna.

SRIKANDI: Teras anjeun nuduh abdi, Jun?

ARJUNA: Sanes kitu, Kandy. Meureun aya jalmi anu timburuan teras ngarogahala anu nulis serat ieu. Anjeun parantos gaduh kabogoh, Kandy?

SRIKANDY: Em… teu acan, Jun. Papa ngelarang bebenean. Cek papa, "Cita-cita heula, nembe cinta!" Sareng deui, pangawalan Mang Ganda ketat pisan.

Kasempatan!--pikir Arjuna. Lengket diteuteup ku anjeunna. Dasar panon lalaki! Srikandi rumaos isin. Rona beureum dina pipina malah ngajumlah kageulisanana. Anjeunna nyabut teuteupanana tina gigir sofa. Teras anjeunna ngwantunkeun diri ngalirik cowok super-kece di beulah katuhu payuneunana. Nnging barantakan! Sorot socana tabrakan. Saoles imut Richard Gere kalukis-manis dina biwir Arjuna. Spontan-kontan jantung Srikandi daligdug nyaingan beat-drums Phil Collins.

ARJUNA: Abdi permios heula--see you later, Kandy.

SRIKANDI: Kok cepetan, sih? Bade ka mana, Jun?

ARJUNA: Maklum--detektif amatir! Yoo, Kandy.

SRIKANDI: Yoo-bye!

Nembe wae Arjuna ngalengkah ka luar pager, kadangu soanten beurat manggil. Anjeunna ngalieuk. Gandamana stand-by caket jeep plat hejona. Beungeut sadis-terorisna teu kenal kompromi.

GANDAMANA: Ulah coba-coba ngagoda putri Sang Jendral, lamun teu hayang sanasib siga Dr Kumbayana. Deuleu yeuh--Leungeun katuhu aing rumah sakit, leungeun kede aing naraka!

ARJUNA: O, ieu geuningan--anu nganiaya Dr Kumbayana teh?

GANDAMANA: Heu-euh--erek naon sia?

ARJUNA: Jantan oge rupina! Atawa mentang-mentang Ajudan? Prex! Kaadilan leuwih penting tina jabatan.

GANDAMANA: Ulah sok pahlawan, Jang! Jadi pangecut waelah amih salamet.

ARJUNA: Prex ah! Jalmi model kieu mah pantesna jadi eusi bui. Go to jail, Mang!

Ngadadak Gandamana luncat, tinjuna siap ngabentur sirah Arjuna. Nanging moleset! Si juru-kepruk panasaran, ambekna kawalagar nyaingan kilang minyak Iran anu dibom Irak. Pertempuran teu kasinglar. Segi fisik, Arjuna kalah gede; nanging segi taktik, anjeunna menang pinter. Teu aneh upami Gandamana kawalahan, teras nyabut peso commando-na. Kasurung ku buas-ganas eta peso nilup ngarah dada Arjuna. Sakolebat kilat disamber ku Arjuna, sareng talapunganana cekap pikeun nyungsepkeun Gandamana nyium aspal panas.

Gandamana buru-buru hudang. Muntang kana gigir jeepna, bari sempoyongan siga gaya mabuk, anjeuna nyandak bedil Rambo-na. Teras ditodongkeun ka Arjuna.

GANDAMANA: He-he-he… mampus-pupus sia, Jang!

ARJUNA: Bae! Sia oge pasti modar lamun nyaho saha aing.

GANDAMANA: Naha saha sia?

ARJUNA: Arjuna! Calon minantu Jendral Drupada.

Bedil siap "DOR" eta laun turun. Sanes lantaran grogi disentak-gertak Arjuna, nanging lantaran Jendral Drupada muncul sareng Srikandi.

DRUPADA: Maneh arek migawe nanahaon, Kapiten?

GANDAMANA: Anjeunna atos nyasaak harga diri kaula, Jendral.

DRUPADA: Bener eta omongan teh, Arjuna?

ARJUNA: Bohong, Oom! Ngaco-beo. Malah anjeunna anu miheulaan ngajak gelut. Anjeunna anu nganiaya Dr Kumbayana, Oom.

SRIKANDI (kaget): Naha dugi nekad kitu, Ganda?

GANDAMANA: Demi salira Nona Muda--kaula mikacinta ka salira.

Midangu pangakuan model kitu, Srikandi bengong-bolong. Arjuna imut kageget. Konyol! Sorot socana Gandamana rubuh-runtuh nubruk tungtung sapatu Jendral Drupada.

DRUPADA: Andika kudu tanggung jawab kana sagala resiko ieu perkara, Kapiten! En kula moal bisa nulungan atawa ngalindungan kana kalakuan model kitu. Kaadilan leuwih kawasa tibatan jabatan.

Mobil tahanan mapag Gandamana. Sakedap anjeunna sempat ngalirik kembang kampus Sokalima. Srikandi neuteup dugi mobil eta leungit ditilep tikungan. Teras anjeunna banting-panon ka Arjuna di sagigireunana. Arjuna mapag ngangge imutna anu "cup-mmmh". Tebar mekar kembang-kembang cinta dina dada Srikandi nantang kumbang rubuh-luluh dina rangkulan. Cup-mmmh--CUT! Kamesraan kembang sareng kumbang kampus kapapag lagu Greatest Love of All lantunan si super hitam manis Whitney Houston.




Semarang, 22 Januari 2008
Ki Harsono Siswocarito

Sunday, January 13, 2008

Senapati Wanoja di Kurusetra



Aja nangis aja nangis
Nangisi sing ora ana

MARKAS RANDUGUMBALA, AMARTA.--Pasukan Multinasional Wirata tumpas-kandas di naraka Kurusetra. Matswapati, Presiden Wirata, ambek-nyelek! Tapi teu daya, mantenna jago tua. Demi ngajaga wibawa, mantenna leupas-bablas ka markas. Pandawa nuju ngayakeun rapat-kilat.

DARMAKUSUMA: Para Pangagung Pandawa--urang perlu nyusun strategi sareng ngangkat senapati enggal demi nandingan pasukan Multimodern Kurawa anu dipimpin Jendral Bisma. Kitu manawi, Jendral Kresna?

KRESNA: Leres! Rupinya teu aya anu mampu ngagempur-ancur Jendral Bisma kajabi Kolonel Srikandi. Pangapesan eta senapati teh ayana dina panangan wanoja. Nah, kumaha Jendral Arjuna teu kabotan kitu?

ARJUNA: Henteu! Tapi apa teu salah-angkat? Masih loba perwiratama di Amarta. Naha milih wanoja pikeun jadi senapati?

KRESNA: Memang, Jendral Arjuna--tapi urang perlu cara lain. Amarta kalah margi kaliwat ngandalkeun strategi sareng teknologi tempur. Padahal strategi sareng teknologi tempur Jendral Bisma jauh leuwih tangguh-ampuh tanpa kuciwa pisan. Hiji-hijina cara kangge milarian pangapesan Jendral Bisma nyaeta kedah nalungtik biografina, utamana dina "Carios Dewi Amba". Di dinya ayana tragic aspect manusa Bisma. Sareng wanoja anu leuwih waspaos maos kakuatan makna-batin eta carios.

BIMA: Waaah, teu nalar! Moal bisa sastra dijadikeun tandingan teori-strategi perang!

NAKULA: Kaunaon kitu? Umapi dicandak sacara tepat sareng jitu, inspirasi bisa leuwih hebat-dahsyat daripada teori maupun strategi.

SADEWA: Bisa jadi! Sareng deui ieu nagara teh anti diskriminasi. Divisi Sawojajar saluyu kana dingkatna senapati wanoja.

BIMA: Hade! Divisi Jodipati oge saluyu!

DARMAKUSUMA: Harepan kaula musyawarah ieu kedah mufakat-bulat. Magi upami teu aya kamufakatan, moal bisa kalaksana manunggalna tindakan. Sareng kumaha miturut Kakang Semar?

"Siplah, Pa. Usulkeun kuring jadi senapati."
"Huh, sok gaya maneh mah, Aa!"
"Keur bela-bakti atuh, Dawala."
"Bela-bakti naha pangkat?"
"Jadi hansip oge teu becus!"
"Sok pahlawan!"
"Sssh, ulah ribut, Jang!"
"Sae, Pa!"
SEMAR: Hatur nuhun, abdi percanten kana kabijakan-kabajikan para pangagung. Nya, sumangga teh teuing nun.

"Payah! Teu nyorakeun nurani hamarayat."
"Sst! Loyalitas, Aa!"
(Zzzz!)
"Eh, sora naon eta, Dawala?"
"Gareng kerek--"
"Dasar!"
"Cicing, Jang!"
DARMAKUSUMA: Nuhun, Kakang Semar. Sae, dupina urang parantos mufakat pikeun ngangkat Kolonel Srikandi jadi senapati. Sareng rapat ieu dipungkas.

(Tok! Tok! Tok!)

"Excuse me, Sir. Can you tell me about--"
"No! Scat!"
"Op de rekord, Mistuh!"
"Saha, Reng?"
"Isuis-luar, nyasar!"
"He-he, yo-ah ka garis hareup!"
(Kriiing… klek!)--"Hello, saha?… O, Mas Gatot… Di dieu Sri! Aya wartos penting?… Oke, Brigade Jane d'Ark Madukara sayagi miyang ka Kurusetra!… Muhun, Merdeka!"--(Klek!)
Mabuk, ulah sibuk
Mabuk, ulah sibuk
Mabuk, ulah sibuk

MARKAS BULUPITU, ASTINA.--Kurawa nuju pestaria ngrayakeun kaunggulanana. Nginum-inuman dugi ambruk-mabuk! Cek budak ngora mah: "Teller!" Ningali anak-buahna lagrag-disiplin jiga kitu rupina, Jendral Bisma kuciwa-beurat. Memang, kamenangan bisa ngamabukkeun!

"O ciu kahirupan!"
(Gluk! Gluk!)--"Aahh…."
"Vodka. O dansa Mazurka!"
(Pluf!)--"Nginum, Dur! Salamet--" (Ting!)
"O Subadra, Subadra, ka dieu, Geulis… isuk Arjuna arek dipanggang! A-anjeun r-rek d-dipasihan s-suaka… hooeekh!"
CITRAYUDA: Huh! Mabok-kampungan!

DURSASANA: Piceun we kana got, amih nginum comberan!

DURMAGATI: Eh, zangan--kazihan! Kazih racun aza zekaliguz biar mampuz!

"Oh, Rukma, m-maneh p-paeh? K-kajeun, m-maneh pahlawan anu p-paling--"
"Konyol!"

Jendral Bisma kaluar ti markas. Mantena teu tahan ningali kaayaan wadyabala Kurawa! Naon hartina kamutakhiran strategi sareng teknologi perang upami para tamtama-punggawa lumpuh-sampyuh mati-disiplin? Teu aya gunana!

"Aya naon, Pral?"
"Lapor! Pandawa masihan upeti wanoja!"
"Eleuh! Aziiik!"
"Cihuy, hayu ah ka Kurusetra!"
(Prok! Prok! Prok!)--"Hey Dur, Cit, Karta! Hayu ka front!"
BISMA: Heh wadyabala! Piceun botol-botol setan eta! Pandawa nyerbu!
"S-sayaaagi!"

BISMA: Kapaksa! Bala-mabok ieu kapaksa digiring ka medan perang.

Mabok-tempur!
Babak-belur!

Do not weep
War is kind

"Kaula bade ningali perang, Tante."
"Ulah, Sanjaya! Engkin keuna ku rudal nyasar!"
"Moal ah, Tante Kunti--pan aya kelir Anti Nuklir."
"Ngaco! Abah ambek tuh!"
"Keun wae, hayu-ah, Tante."
"Widura! Widura! Anak maneh nekat minggat ka Kurusetra!"
"Keun wae, Ceu. Saha nyaho wartawan perang?"
KURUSETRA.--Di Pasisian!

"Nongtonna di dieu wae."
"Heu-euh lah!"
Dug-drugdug-dug-dug!
Sora bedug daligdug!

"Hidup Bisma! Hidup Kurawa!"
"Hinup Ngurawa! Ngamari uing mengang naruhan nerong-- hinup Muna Nerong!"
"Reng, teunggeul tuh botoh Kurawa!"
"Dipalinteng wae, Dawala!"
"Yeuh batuna."
(Cpret!)--"Hinup--(Plethak!)--anuh! Menyut hulu uing!"
"He-he-he…!"
"Roko-roko, premen Menthos, tisu Getsby! Tisu, Oom--anti-hamil?"
"Teu ah!"
"Es-es! Es panas!"
"Koran-koran! Berita panas--KURUSERTA MEMBARA. Tempur konyol di Kurusetra, mangga, koran-koran!"
"Teloor, telor manis!"
(Jreng!)--"Punten para wargi, wilujeung tepang sareng idinan ngahibur sadayana!"--(Jreng!)
"Maaas, paring kula nyuwun, eMaaas!"--(Klotrak!)
(Cplek!)--"Sip! Pandawa jago aing! Naon taruhanna?"
"Bebene aing!"
"Jang naon! Kolot-bakekot!"
"Ngece-kere!"
(Tet-treteeet!)
"Hitut, Mang?"
"Terompet belegug!"
"Kehed! Pindah ah!"
"Euleuh ituh barisan awewe--bade perang apa renang?"
"Sst! Tempur di kasur!"
"Hush! Ngawur!"
Dina waktos harita Brigade Jane d'Ark Madukara tiasa ngajebol-ambrol wadyabala Kurawa. Sareng konyolna deui, para tamtama-punggawa Kurawa mayunan eta serangan sami sareng mayunan pamajikan.
"O, come, Darling!"
"Darling-darling ngaje--(Dor!)--hulu sia!"
"Eladalah! Teja-teja sulaksana, tejanira wong anyar katon, ing wingking pundi pinoko, ing ngajeng--"
(Dor!)--"Lila teuing!"
"Seepkeun wae, Neng! Perang make basa-basi kuno!"
SRIKANDI: Bisma, tarima tah wanci-mustari pikeun tamat riwayat!

"Awal, Jendral!"--(Dor!)

BISMA: Aaakkkhhh!

"Hooorrreee! Bisma gugur!"
"Hidup Panglima Wanita!"


Ki Harsono Siswocarito
Semarang, 14 Januari 2008

Thursday, January 3, 2008

Seta Senapati Amarta




Taneuh beureum getih
Langit beureum Agni


KURUSETRA--Kawalagar! Hurung-ngajelegur, siling-bom, siling-tembak, siling-bantai janten tanda kaayaanana perang Baratayuda. Nafas-sakarat sareng keleh-paeh ngarajalela. Naraka Kurusetra teu pisan ngenal kompromi. Seureum-kejem jiga jahanam!

Di garis hareup, Kolonel Wratsangka menang ngagempur mundur pasukan Kurawa. Teras mantena ngibarkan bandera Amarta di tengah medan Kurusetra.

ARDAWALIKA: Teu salah deui, anu ngibarkeun bandera di tengah medan Kurusetra itu pasti si keparat Arjuna. Ayeuna wanci-pinasti pikeun modaran si Arjuna demi dendam. Arek dihujanan bom atom ku aing--modar-ambyar sia keparat!

"Awas! Pesawat siluman!"
"Bom--tiaraaap!"

(GELEGAR!)

"O, my God!"
"Wratsangka gugur!"
ARDAWALIKA: Hah? Wratsangka? Sial-dangkal! Salah ngebom. Cilaka--aing kudu geuwat-minggat amih salamet!

"Tembak-lagrag! Aduh kaburu jauh!"
"Buruan kontek Kapten Utara!"
"Sayagi!"
Wartos tewasna Kolonel Wratsangka di garis hareup bener-bener ngawalagar-kobar kaperwiraan Kapten Utara.

UTARA: Biadab! Kaula mesti males patina Wratsangka.

Hutang maut ditebus maut
Hutang nyawa bayar nyawa

"Hutang kolonel bayar kopral!"
"Hush! Eta can lunas-puspas!"
UTARA: Bangsat Kurawa, tampanan balasan kaula.

"Euleuh, Kapten Utara amuk-amukan!"
"Geuwat dibentar granat!"--(Pluk!)
"Busyet, apes, Dur!"
BISMA: Awas, Utara--ulah nanya dosa! Rasakeun senjata laser ganas-panas ieu.

(ZOZZZ!)
"Utara gugur! Utara mati! Utara modar!"
"Duh, Gusti! Kumaha, Dawala?"
"Lapor ka markas, Reng!"
"Gawat tuh! Buru lumpat!"
MARKAS RANDUGUMBALA, AMARTA.--Gempar! Wartos tumpur-ludesna pasukan mancanegara ti Wirata migawe para pangagung Pandawa haseum-hate. Ternyata pasukan Kurawa anu dikomandanan Panglima Jendral Bisma tuhu tangguh tur ampuh! Para inohong Amarta buru-burua ngangkat panglima tandingan. Pilihanana tumiba ka Jendral Seta, mahapakar strategi tempur pamungkas ti Wirata.

YUDISTIRA: Wilujeng ngemban tugas, Jendral Seta.

SETA: Sayadi ngalaksanakeun!

KRESNA: Marsekal Gatotkaca--kawal jengkarna Bapak Panglima!

GATOTKACA: Sayagi lumampah!

Cepat-kebat pesawat-tempur Krincingwesi mapak mega jumantara. Lajeng Panglima Seta diturunkeun ka medan perang.

FRONT KURUSETRA.--Dongkapna bantuan pasukan Wirata sareng Panglima Seta mikukuh kakuatan tempur Amarta. Sawatawis di pihak Astina teu acan dipasok pasukan enggal. Jendral Seta henteu nyia-nyia eta kasempatan. Atuh gampil pisan pasukan Amarta ngagempur-lebur pasukan Kurawa.

SETA: Hmh, Bisma, aing tandingan sia! Sia kudu nebus dua nyawa panglima Wirata. Sanghareupan yeuh Seta, Panglima Pamungkas ti Wirata!

"Gempur-mundur!"
Geuwat-minggat
Bisma ngabur
Mundur-tempur

BISMA: Edan! Si Seta bener-bener setan!

"Moal mampu urang nangkis si Seta setan eta!"
"Geuwat lumpat amih salamet, Let!"
"Ulah nekad, Citraksi!"
"Dur, mundur!"
SETA: Hua-ha-ha… Bisma mundur-kabur! Mana kadigdayaan sia, Bisma? Ulah sambat kaniaya! Rek minggat ka mana sia, Bisma?

"Euleuh, Bisma ngaluncatan blabar kawat!"
"Sikat granat!"
(BLAAAR!)
"Tumpur-ludes tah Kurawa!"

SETA: Hmh, euweuh urang Kurawa anu wani asup ka Kurusetra. Medan tempur ieu mutlak aya dina kakuasaan kaula.

Suasana herang-tenang
Situasi hening-wening

"Asyik, dewek arek kukumpul rongsokan tank ah."
"Juragan besi-tua nya, Mang?"
"Ist, lain! Dewek mah laskar pamulung."
"Eh, Kang, keur naon si ngurusan barang sesa perang?"
"Ah, lumayan jangeun didaur--(Dor!)--eh!"
"Gawat! Ada panembak gelap!"
"Awas tiarap!"
(Dor!)
SETA: Hmh? Panembak gelap! Ti mana, nya? Aneh--teu katenjo.

(Dor!)
SETA: Hai pengecut! Tembongkeun awak sia lamun rek bener-bener satria. Tandingan Seta.

(Dor!)

SETA: E-eh keparat! Si pengecut eta kudu dipicundang. Kaula arek pura-pura paeh, amih kaluar tina panyalindunganana.

(Dor!)
"Seta gugur! Seta mampus!"
"Seta modar di-dor petrus!"
"Perang isu yeuh?"
"Sst, rahasia!"

"Eh, Pral, hayang nyaho teu? Tapi ulah cacarita. Seta dipetrus Letnan Rukma!"
"Hidup Rukma! Pf, pahlawan Kurawa!"

RUKMA: Ha-ha-ha… yeuh kaula Rukma pahlawanna! Satria pilih tanding! Mana koncarana aran si Seta? Cuih--omong-kosong! Ayo datangkeun sekabeh kakuatan tempur Amarta, pasti kugiles-tandes pake invisible-tank ieu.

SETA: Hua-ha-ha… dasar gede bacot! Rukmaa-Rukma, sia ngira aing teu gableg polo pikeun nyiasatan kalicikan sia eta? Rasakeun senjata buas-ganas ieu!

(Leb-Der!)

"Rukma mampus! Rukma mati-konyol!"
"Hidup Panglima Amarta! Hidup Seta!"
"Seta! Seta! Seta!"
BISMA: Heh, Seta, ulah kaburu bangga heula! Sia pasti buntung-tutung keuna ku ieu senjata laser. Rasakeun, Seta!

(ZOZZZ!)

SETA: Aaakkkhhh!!!

Takdir teu kapungkir
Qadar teu kasinglar

"Seta, o, Seta… Gusti!"
"Seta gugur! Seta gugur!"

BISMA: Ha-ha-ha… Seta, modar akhirna sia. Moal bakal aya anu mampu tanding-jurit jeung kaula!

"Horreee… Seta mampus!"
"Mampus! Mampus! Mampus!"
"Hidup Bisma!"
"Bisma! Bisma! Bisma!"

Hakekat semesta kata
Mibanda aya teu aya





Ki Harsono Siswocarito
Semarang, 4 Januari 2008