Friday, September 25, 2009

Konsep Estetik Lakonet


Bubuka

Murwa anu aya di luhur teh dicatet tina situs http://wayangcitra.blogspot.com/, hiji situs wayang di duniamaya anu diasuh ku Ki Harsono Siswocarito, kawit November 2007. Situs ieu nyanggakeun genre-genre enggal wayang, nyaeta lakonet, wayang visual, wayang digital, wayang grafis, wayang animasi, sareng wayang interaktif. Nanging dina seratan ieu genre anu bade dibahas namung lakonet, utamana anu magepokan sareng konsep estetikna.

Anu dimaksad konsep estetik lakonet dina judul seratan ieu nyaeta gagasan-gagasan ngenaan kaendahan anu aya dina lakonet. Sedengkeun anu dimaksad tegangan antara tradisi sareng inovasi nyaeta konsep estetik anu dumasar kana gagasan-gagasan kaendahan tradisional sareng gagasan-gagasan kaendahan modern.

Hartina Lakonet

Lakonet mangrupi gabungan tina tembung "lakon" (carita wayang) sareng tembung "net" (Internet). Sebatan ieu didamel ku Ki Harsono Siswocarito kangge nami lahirna hiji genre enggal wayang anu dipublikasikeun dina Internet. Lakon mangrupi genre sastra wayang lampahan kangge pagelaran, sedengkeun internet nyaeta mediamaya online anu nyambung sacara global. Mungguh ti eta, lakonet hartosna lakon anu dipagelarkeun dina mediamaya internet.

Konsep Estetik Lakonet

Konsep estetik lakonet mangrupi tegangan antara tradisi sareng inovasi. Kukituna, lakonet dumasar kana konsep estetika tradisional sareng estetika inovatif. Sacara tradisional, konsep estetik lakonet salaku hiji genre enggal wayang dumasar kana sastra padalangan. Nanging, sacara inovatif, konsep estetik lakonet gaduh tegangan sareng tradisi eta kangge nyiptakeun inovasi-inovasi enggal. Tegangan antara tradisi sareng inovasi ieu anu janten dadasar konsep estetik lakonet.

Sastra Padalangan

Sastra padalangan mangrupi rekabasa dalang dina seni pagelaran wayang. Sastra pedalangan mangrupi murwa atawa pelungan (suluk bubuka padalangan), nyandra janturan (deskripsi jejer adegan wiwitan) sareng pocapan (narasi adegan), suluk (puisi padalangan), antawacana (dialog wayang), sabetan (basa awak wayang), sora (sora, celotehan, sareng onomatopi), tembang (lalagon), mantra (puisi magis), sareng lalakon (carita wayang).

A. Murwa


Murwa mangrupi suluk bubuka dina pagelaran wayang. Padalangan Jawa Timur ngangge nami pelungan; padalangan Jawa Tengah ngangge nami ilahengan; sareng padalangan Jawa Barat ngangge nami murwa. Di handap ieu conto murwa pondok padalangan Jawa Barat.

Kembang sungsang binang kunang
Cahaya nira kadya gilang gumilang

Murwa panjang di handap ieu tina lalakon Jaya Renyuan garapan ki dalang Dede Amung Sutarya padalangan Jawa Barat.

Adam adam babuh lawan
Ingkang ngagelaraken cahya nur cahya
Dangiang wayang wayanganipun
Perlambang alam sadaya
Semar sana ya danar guling
Basa sem pangangen-angen
Mareng ngemaraken Dzat Kang Maha Tunggal
Wayang agung wineja wayang tunggal
Wayang tunggal

Dina lakonet Ki Harsono Siswocarito, murwa anu asalna tina sastra padalangan dimodifikasi janten bentuk enggal. Di handap ieu conto-conto murwa dina lakonet-lakonetna.

Langit kelir tabir Gusti
Tabire ya wong ngawayang
Wayang manut maring dalang
Dalange murba ing wayang
Kelire ayon sabita Gusti

Sareng

Kembang sungsang cahya kunang
Kadia soca lintang gilang gumilang
Tembang hyang pangreka dalang
Dadia piwulang wong ngawayang

Sareng oge

Dene utamaning nata
Berbudi bawa laksana
Dene utamaning praja
Adilmakmur paramarta

B. Nyandra


Nyandra mangrupi deskripsi adegan anu ngangge basa prosa dina pagelaran wayang. Aya dua jenis nyandra: janturan sareng pocapan. Janturan mangrupi deskripsi adegan anu diiringan gamelan; sareng pocapan mangrupi narasi adegan tanpa iringan gamelan. Dumasar kana padalangan Jawa Barat, Ki Harsono Siswocarito ngamodifikasi janturan anu dicatet tina lalakon Jaya Renyuan garapan ki dalang Dede Amung Sutarya.

Suh rep data pitana! anenggih wau kocapa negara ing pundi ingkang kaeka adi dasa nama purwa, eka sawiji adi linuwih dasa sapuluh nama iku panjenengan purwa nami wiwitan. Sandyan katah titahing dewa kasongan ing akasa, sinangga ing pertiwi, kaideng ing samudra, tebih ing parang muka, dasar negara Dwarawati silokane jero tancebe, jembar laladane, gede obore, duwur kukuse, padang jagate, adoh kakoncarane. Sigeg ingkang murweng kawi paparab kang dadi nalendra, inggih kang ngarenggani pura, jejeneng Sri Maha Batara Kresna ya Prabu Jenggalamanik, Prabu Harimurti, Prabu Padmanaba, Prabu Basudewaputra, saweg dipunadep dening ingkang rayi Arya Setiyaki lan ingkang raka Patih Udawa. Sreg tumeluk kaya kuncim pertala mukanipun sarta kadiya tata malih krama paningalipun Padmanegara lan Udawa saking ajrih dateng pangkonan. Samya prapta ngabiyantara, jajar denira pinara.

Nyandra dina lakonet dimodifikasi janten bentuk anu pondok sapertos conto di handap.

MERCUKUNDA, SURALAYA.—Maharaja Tri-buwana Sang Hyang Otipati Pramesti Guru Jagatgirinata ya Sang Hyang Manikmaya maharaja diraja jagat pramudita calik dina singgasana Dampar Kencana lemek babut permadani sutra rerenda permata tinaretesing sosoca dipunadep dening para dewa pemuka triloka samiya pada jajar denira pinara.

Sareng di handap ieu hiji conto anu leuwih pondok deui.

ASTINA.—Para Kurawa nuju badami sareng Jendral Baladewa, Presiden Mandura, ngarem-bag masalah musibah negara.

2. Conto Pocapan

Pocapan mangrupi nyandra tanpa iringan gamelan kangge nyarioskeun kajadian dina adegan. Di handap ieu hiji conto pocapan dina lalakon Jaya Renyuan garapan ki dalang Dede Amung Sutarya.

Padmanegara nyandak dua hulusapu bade dicipta ku Kresna. Atuh Kresna rep sidakep ana sinuku tunggal babakane caturdriya--catur papat, driya angen-angen, sir budi cipta kalawan rasa. Pangambung teu diangge ngangse; soca teu diangge ningal; cepil teu diangge ngarungu; baham teu diangge ngucap lir ibarat anu paeh ngadeg, nanging bentena pedah ngangge ambegan.

Dina lakonet, pocapan oge dimodifikasi janten bentuk anu pondok sareng mangrupi baris-baris puisi. Di handap ieu conto-contona.

Siapsiaga para dewa
Basmi mala Triloka!

Sareng di handap ieu hiji conto pocapan anu puitis.

Berang! Garang!
Buta menyerang!

C. Suluk

Suluk mangrupi citra anu ditembangkeun ku ki dalang dina pagelaran wayang. Di handap ieu conto suluk tina lalakon Jaya Renyuan garapan ki dalang Dede Amung Sutarya tipadalangan Jawa Barat.

Conto 1

Saur nira tandana panjang
Sinenggih sabda ya uninga lawan
Sabda ya uninga lawan
Sauri nira tandana panjang sinengih
Sabda uninga
wis mama
Ulun layu dening sekti ala bakti dening asih

Ya ding asih

Wong asih ora katara

Conto 2

Betet ijo
Kepodang ulese kuning
Abang manuke wulung kadya wowor
Sandang rawit puter gemeke ya lurik-lurik
Dadanira kinuwungan ya kinuwungan
Kadya bocah ngangge kakalung
Ningsor waringin wulung

Conto 3

Sri tinon ing pasewakan
Busana manekawarna

Murub mubyar cahayanira

Kadya kunang-kunangan
Sri tinon ing pasewakan
Busana manekawarna
Murub mubyar socanira
Kadya parada tinabur
Kadya kunang-kunangan
Sekar wijaya kusuma lawan

Dina lakonet, suluk dimodifikasi janten sajak couplet. Di handap ieu conto suluk dina lakonet Ki Harsono Siswocarito.

Siaptegap sang Dursasana
Panglima pasukan Astina!

Kurawa menyerbu kampus
Mahasiswa bikin mampus

D. Antawacana


Antawacana mangrupi dialog antartokoh wayang. Sedengkeun antawacana antara tokoh wayang sareng nayaga, wirasuara, atawa juru kawih disebat dialog samping (aside). Antawacana biasana disanggakeun saparantos pocapan. Di handap ieu conto dialog dina lalakon Jaya Renyuan garapan ki dalang Dede Amung Sutarya.

Kresna: Eladalah, Yayi, Yayi Setiaki.

Setiaki: Kaula nun.

Kresna: Kakang Patih Udawa.

Udawa: Lo, lo, lo, Hahahah… pun kakang Patih Udawa.

Kresna: Marajeng ka payun calikna.

Setiaki: Ti payun anu kapihatur pun rayi nyanggakeun sembah pangabakti mugiya ditampi.

Kresna: Sembah Rayi ditampi kudua panangan kiwa kalawan tengen, disimpen di luhur dina embun-embunan, di handap dina pang-konan, dicatet dina tungtung emutan anu teu keuna kuowah gingsir.

Setiaki: Ngahaturkeun nuhun. Kalih perkawisna—

Kresna: Kumaha, Yayi?

Setiaki: Bilih aya kalepatan ageng sumawanten alit, agung cukup lumur, neda jembar hapunten anu diteda.

Kresna: Perkawis kalepatan sok bujeng ku aya basana menta dihampura, sanaos teu aya basana akang parantos jadi lautan hampura kana kalepatan sampean, Yayi.

Setiaki: Ngahaturkeun nuhun.

Di handap ieu conto antawacana dina lakonet.

Bima: Para Profesor sing dakurmati! Apa para sedulur kabeh padha kuciwa karo tumindake bala Kurawa?

Kanetra: Tangtos! Nanging dianggap banyolan we. Toh tiasa ngabela diri.

Pulasia: Huahaha… bener! Gempuran eta teu aya hartosna kangge biomacrobot karyarekayasa kaula.

Estibanda: Oge kangge monsterobot ka payun tiasa ngabedahbubrah eta mamala.

Maningrat: Dasar Kurawa! Wayang mbeling model kitu kumawani gumasep. Ngagaya! Khhkcuah!

Maruta: Perlu dihajar, Prof! Amih nyaho!

Baruna: Bener! Naha ari elmu panemu teh ngan aya di Universitas Negeri Sokalima wungkul, teknologi ngan aya di Universitas Talkanda? Umaing rasa aing! Gumagus!

Bima: Iyo! Tumindake militer Astina perlu dibales. Siapke balayuda biomacrobot lan monsterobot kanggo ngajurmumur balamala Astina.

Pulasia: Sayagi!

Estibanda: OK!

E. Sabetan


Sabetan nyaeta gerak wayang anu mangrupi tarian, lakuan, sareng lagaan. Tarian nyaeta gerak wayang anu diiringan tembang sareng gamelan. Lakuan nyaeta gerak wayang anu diiringan kecrek atawa kendang wungkul. Sedengkeun lagaan nyaeta gerak wayang dina paperangan anu diiringan gamelan atawa diiringan kecrek sareng kendang. Dina lakonet, sabetan disanggakeun ngangge adegan action.

RIMBAMALA.—Mintaraga aduyuda sareng bala Manimantaka.

“E-eureun! S-saha s-sia?”

“Dawala, sikat yu!”

“Soklah!”—(Duk! Bugh!) Ambruktakluk (Blug! Gludug!)—“Yeuh rasakeun! Hih!”—(Jplak! Gdubrak!)—“Aaawww!”

“Bah! Keparat! Kaladurga, Kaladurjana, Kaladuraksa, Kaladurmala, Kalastuwila, Kala-daksa, Kaladarba, Kalagarba, Kaladuskerta, Kaladusta, Kaladursila—majuserbu!”

“Reng, embat granat!” + “Okelah!”—(Plas!)

(BLAARR!)

F. Sora


Sora nyaeta koceakan, jeritan, aduhan, tobatan, atawa sora tiruan anu disebat onomatopia. Sora mangrupi palengkap sabetan lagaan. Di handap ieu conto sora dina lakonet Ki Harsono Siswocarito.

“E-e-babo-babo… Gog—aya p-panjalajah r-rimba Pringgadingacala. S-saha, Gog?

“Sst! Jendral Arjuna!”

“E-e-babo-babo… s-serbu!”—(Clap!)—“C-ciaat!”—(Dez! Zplak! Deb! Bugh!)—“Hugk-khoeekh uhuooo… m-modar a-aing, Gog!”—(Bruk!)

“Cakil paeh, Lung!”

“Keun wae, Gog!”

“Grr-babo-babo, keparat! Hareupan kaula Dityakala Badaisegara! Heh, kanca-kanca: Pragalba, Rambutgeni, Padasgempal, Jurang-rawah, Buta Ijo, Buta Terong, Buta Endog—hayu urang koroyok tuh si perwira keparat!”

“C’mon!” + “OK!” + “Move!”

“Satu, dua, tilu! Ciat! Ciat! Ciiaatt!”—(Blaarr!)—“Aduh! Ahk! Khk! Klk!”—(Blug! Blug! Blug!)

“Zuilah! Mampuz zadaya!” + “Benel! Ayo lumpat, Mas!”

(Jleg!)—“Eureun!”

“Zaha zia? O yez! Kenalan—aing Mr George! Yez, Mr Joz!”

“Busyet! Ginding teuing geuning ieu Buta—make nama beken sagala! Silaing kalah, Reng.”

“Em… sia saha, Pelo?”

“Mistel Gabliel! Ayo mantog ah! Ulah ngulusan jalma teu benel!”—(Bugh! Bugh!)—“Adow! Main pelmak deui! Blantem-blantem, tapi spoltif! Ngawul sia mah!”

(Dor-dor!)—“Beres, Gong!”

G. Tembang


Tembang mangrupi lalaguan anu dihaleuangkeun ku sinden, wirasuara, atawa dalang. Tembang wiwitan pagelaran wayang dihaleuangkeun ku sinden. Tembang iringan pagelaran dihaleuangkeun ku sinden sareng wirasuara. Tembang dina adegan Limbukan sareng Gara-gara dihaleuangkeun ku dalang anu ngangge kolaborasi sareng sinden atawa bintang tamu. Di handap ieu conto tembang bubuka dina lalakon Jaya Renyuan garapan ki dalang Dede Amung Sutarya ti padalangan Jawa Barat.

Sampurasun dulur-dulur
Nu aya di pilemburan
Wilujeng patepang dangu
Ti abdi saparakanca
Ti abdi saparakanca
Gamelan Munggul Pawenang
Nyanggakeun hiburanana, Juragan
La mugiya janten panglipur
Pangbeberah duh kana manah

Sedangkeun tembang di handap ieu dihaleuangkeun ku si Cepot dina lalakon Jaya Renyuan garapan ki dalang Dede Amung Sutarya.

"Lagu Nu Ngusep"

Barung herang liar mijah
Clom kiriwil ari anclom ngagiriwil
Mawa epan rupa-rupa
Clom kurunyud lamun anclom sok ngurunyud
Plung kecemplung plung kecemplung
Empan teuleum kukumbul ambul-ambulan
Kenur manteng jeujeur jeceng
Leungeun lempeng panon mah naksir nu mandi
Kop tah lauk mere dahareun
Mangga mangga mangga geura tuang
Geura raos ditanggung deudeuieun
Mangga mangga ulah isin-isin
Empan cangkilu ungkul dilangkung
Empan papatong kalah dipelong
Ku epan colek kalah ngadelek
Lekcom lekcom panon belek nyambel oncom

Dina lakonet in Ki harsono Siswocarito aya tembang anu dihaleuangkeun ku Panakawan tina tembang Asmarandana Sunda.

Gandasari buah ati
Pujaan urang sadaya
Buku pinuh kupapaes
Alus jadi patamanan

Oge aya tembang anu dimodifikasi tina dua baris lirik lagu Rolling Stones.

Yu yus tu bi mai parti dol
Bat now yu sey de parti’s oper

Lirik aslina nyaeta:

You used to be my party doll
But now you say the party's over

H. Mantra


Mantra atawa sastra mantra padalangan aya dua kategori. Kahiji, mantra anu mangrupi doa ki dalang dina pagelaran wayang. Kadua, mantra anu mangrupi rapalan tokoh wayang kangge ngedalkeun kasaktianana.


Conto kahiji mangrupa mantra bubuka pagelaran ti Mpu Tan Akung:

Ingsun Angidhepa Sang Hyang Guru Reka,

Kamatantra: swaranku manikastagina.

Conto kadua mangrupi rapalan mantra panyirepan ku tokoh wayang Indrajit:

Rep sirep si Megananda

Wong sarewu padha tumut

Salaksa wong serah nyawa

I. Lakon


Lakon dina lakonet asalna tina carita-carita wayang anu tiasa diklasifikasikeun kana carita pakem, carangan, gubahan, sareng sempalan. Carita pakem asalna tina Mahabarata, Ramayana, Serat Paramayoga, Serat Pustaka Rajapurwa, Serat Purwakandha, sareng anu sanesna. Carita carangan mangrupi versi carita pakem anu parantos dimodifikasi ku ki dalang. Carita gubahan mangrupi versi carita anu diadaptasi. Carita sempalan mangrupi cerita wayang kreasi enggal.


Unsur tambihan


Salain unsur-unsur sastra padalangan di luhur, lakonet gaduh unsur-unsur dukungan anu mangrupi citra, hiperteks, sareng cyberteks.


Citra mangrupi gambar anu diangge ilustrasi salaku unsur tambihan lakonet. Citra kangge ilustrasi lakonet ngangge wayang digital, nyaeta gambar wayang anu didamel ngangge teknik seni lukis digital. Dumasar kana konsep estetika layarmaya, wayang digital didamel wawalikan tina wayang cetak. Layarmaya ngangge latar hideung, sedengkeun wayang cetak ngangge latar bodas. Kukituna wayang digital anu aya dina lakonet mangrupi bayangan bodas dina latar hideung. Hal ieu benten tina wayang cetak anu ngagambarkeun bayangan hideung dina latar bodas. Kitu oge bayangan hideung dina pagelaran wayang kulit anu ngangge kelir bodas.


Hiperteks dina lakonet mangrupi link internal sareng link eksternal. Ayana link eta anu ngabentenkeun teks sareng hiperteks. Hipertekstualisasi mangrupi proses mediamorfosis tina teks tulis janten hiperteks elektronik.


Cyberteks dina lakonet mangrupi wahana interaktif antara hipertekstualisasi anu didamel ku ki dalangmaya sareng komunitasmaya di duniamaya. Interaktivitas ieu masihan peluang kangge sadaya netizen di komunitasmaya pikeun ngadamel interaksi sacara aktif.


Simpulan


Sastra padalangan gaduh anekaragam gaya. Hal ieu nunjukkeun ayana pluralitas gaya dina tradisi padalangan Indonesia, sapertos padalangan gaya Jawa Barat, Jawa Tengah, Jawa Timur, Bali, Lombok, Banjar, sareng anu sanesna.


Kunerapkeun konsep estetik anu mangrupi tegangan antara tradisi sareng inovasi ieu lakonet janten hiji genre wayang posmodern anu ngangge internet salaku media pagelaran sareng publikasina.


Semarang, 22 Juni 2008

Referensi

Harghana SW, Bondhan. 2003. Janturan Jangkep Wayang Purwo. Sukoharjo-Surakarta: Cendrawasih.

Haryanto, s. 1992. Bayang-bayang Adhiluhung. Semarang: Dahara Prize.

Sukatno, Anom. 1993. Janturan lan Pocapan Ringgit Purwo. Sukoharjo-Surakarta: Cendrawasih.

Sutarya, Dede Amung. 1977. Jaya Renyuan. Indonesia: Gita Record Metropolitan.

Timoer, Soenarto.1988. Serat Wewaton Padhalangan Jawi Wetanan II. Jakarta: Balai Pustaka.

Rumpaka

Monday, September 7, 2009