Sunday, May 15, 2011

Ekek Paeh

Semar Semar
Ya gegelar
Semar kuncung
Dana wulung



KARANG TUMARITIS--Semar Badranaya nuju kadehesan para putra pun Sastrajingga, Udawala, lan Nala Gareng nuju katamuan sahiji seniwati ti macanegara namina Nyai Rachel Brice anu bade duetjoget diiringan ku Nayi Upit Sarimanah.

SEMAR: Jang, cing geura caralik. Iye geuning aya Nyai Upit Sarimanah sareng Nyai Rachel Brice ti jagad Likamaya.

CEPOT: Enya, Pa. Teu sangka geuning tiasa patepang di dieu nya?

DAWALA: Sumuhun geuningan. Kombinasi Ratu goyang sareng ratu haleuang ngahiji jadi seni anu sajati.

GARENG: Cicing ulah garandeng! Hayu urang tongton.

SEMAR: Mangga, Jang. Urang haturan lagu "Ekek Paeh".

CEPOT: O, "Tablo" tea, Pa?

SEMAR: Enya, tah eta. Ari basa Inggris na mah teuing.

DEWALA: "Parrot Died" meureun?

SEMAR: Heueuh tah eta.


Wednesday, May 11, 2011

Panakawan Jaipongan

Semar semar ya gegelar
Semar kuncung
Dana wulung
Semar pakuning alam


KARANG TUMARITIS—Mangga urang pinton Panakawan Lurah Semar Badranaya sapara putra Sastrajingga, Udawala, lan Nala Gareng anu nuju nanggap jaipongan Majalengka kangge hiburan sadaya hamarayat duniamaya.

SEMAR: Jang, sok ka dieu. Urang nonton Jaipongan Majalengka.
CEPOT: Mangga, Pa. Hehe.... rame euy! Dewala, ngibing yu.
DEWALA: Sok atuh. Keur ngalemeskeun awak. Pararegel yeuh. Si Gareng di mana, Aa?
CEPOT: Tuh di ditu, deukeut sinden.
DEWALA: Aduh eta si Gareng, jaiponganana mani kahot pisan.
GARENG: Ngajedog sia! Gandeng! Hayu ngigel!



CEPOT: Huaduuh... cape euy. Ngibing jaipongan Majalengka mah siga gelut dina pencak silat.
DEWALA: Itung-itung olah raga, Aa?
SEMAR: Jang, hayu atuh urang tepangan itu geuning Juragan Arjuna dongkap.
CEPOT: Mangga, Pa.