Monday, January 21, 2008

Kembang Kampus Sokalima




Melati asri ti mimiti janari
Mawar mekar suminar liar
Kembang ros kembang soka
Kadia salendang bawana!

UNIVERSITS NEGERI SOKALIMA.—Beat drum ngiringan megah-lengkah kembang kampus Sokalima. Mojang lenjang herang-mencrang ciri estri jaman kiwari! Inceran saban lalaki. Leuwih-leuwih lalaki anu gaduh julukan kumbang kampus siga Arjuna, pinasti julalatan jadina. Namina cukup ngetop—Srikandi. Soal kageulisanna, tingali dina “Catetan Si Kumbang Kampus,” Arjuna ngagambakeunana kieu—

“Kandy estu awewe super trendy: biwirna manis siga iklan lipstick; panonna eksotik siga iklan eyeshadow; buukna aksi siga iklan styling foam; seungitna khas siga iklan parfum; rasukanna trendy siga iklan mode; bodyna sexy siga iklan bikini; gayana saluwes L’poseur; otakna ngaleuwihan komputer; sikapna praktis-emansipatoris; hobina ngeceng ‘n mejeng; cita-citana keren ‘n beken; idolana artist-oriented; musikna ngerock; cintana paten ‘n kapercanten; semboyanna—maca, cita, sareng karya!”

Juilah! Arjuna estu jenius! Jitu pisan anjeunna ngagambarkeun citra eta awewe super kontemporer. Benten tina gaya seniman orthodox! Tingali wae gayana: naon eta lambene gula satemplik, halisna ngajeler paeh, lan sajabana? Komo deui seniman anu sok abstrak—sadaya kaendahan bubar-ambyar teu karuhan. Keun bae—suka-suka. Dangukeun wae semboyan klisena, “Bentuk-bentuk kasenian magelarkeun hukum-hukumna sorangan, sanes alesan-alesan anu ngajurung urang dina hirup sapopoena.” Eta cek Viktor Sjiklovski. Arjuna teu saluyu pisan. Keur anjeuna, “Seni nya eta deformasi!” Sae oge!

Srikandi lumampah sapertos dina luhur catwalk. Sikapna nantang model Jane d’Arc. Kacamata mejeng ngahias buuk new wave-na. Binar-suminar panonna nyambar-liar sapertos blitz. Kasumpinganana midamel Dr Kumbayana geuwat-kebat luncat ti kantorna lewat jandela. Astaga--nekad oge eta doktor. Hoyongna nguber Srikandi. Kantenan anjeuna teh naksir-tajir pisan ka kembang kampusna. Pantes! Sanaos anjeuna parantos gaduh putra saumuran Srikandi, Dr Kumbayana tetep wae prex-cuek. Kaburu keuna puber kasajuta, go ahead lah!

Sagedengeun ti eta, Wilutama, partner kumpul-kuda Dr Kumbayana, teu tangtos kamarna. Sawaktos Aswatama masih saalit piit, Wilutama kabur gara-gara teu ngalakon dipasihan artos kangge balanja. Da gaji eta doktor teh mines terus. Ngobyek ngan tiasa 4 SKS, bade korupsi teu tiasa. Anjeunna sanes birokrat! Tur … sst--emut Waskat! Nah eta--modar sia!

Tibatan pusing sakuriling-bungking, mending milarian hiburan murahan. Dr Kumbayana nyaketan kembang kampusna. Kurawa ce-es ribut suat-siut. Burisrawa anu jago gombal kontan obral cinta, ngahaja ngagoda dosenna.

BURISRAWA: Hellaouw, Kandy--Madonna kampus kuring. Keur naon daek diemproceh ku duda kolot-peot kitu? Mending indehoy jeung kuring, yuk? Pinasti syuuurrr-syeeerrr lah!

Srikandi ngadelek tapi tetep geulis-sinematis. Dr Kumbayana molotot keuna tembak mahasiswana anu kurang-ajar tea.

DURSASANA (seuri nyakakak). Huahahaha... anjeunna mah leuwih klop sreng ogut. Yeuh--mahasiswa Pamarentahan--calon bupati Banjarjumut!

DURMAGATI: Mending zareng abdi, calon inzinyur zepezaliz real-eztate maza-depan! Neng Zri teu perelu jadi korban cinta model rumah zuzun. Bebenean di real-eztate--pan canggih?

Masabodo teuing ka eta ocehan setan! Srikandi buru-buru miang ka perpustakaan. Ditinggal ngeblas siga kitu, Dr Kumbayana keuheul-sebel jadina. Demi ngalampiaskeun sial-sebelna, anjeunna kukulutus ka para mahasiswana.

KUMBAYANA: Maraneh teh teu boga pisan etika, nya? Naha maraneh kabeh hayang dijieun hanteu lulus dina eta ujian ku aing? Aing arek mere ka maraneh kabeh biji E! Verdoooven!

DURMAGATI: Aziiik!

BURISRAWA: Youw ngancam, Dok? Youw kenow saha kuring? Putra pangagung! Ulah macem-macem lamun youw teu hayang dipecat! Youw andesten, Dok?

Dr Kumbayana saukur tiasa gegedeg sirah. Teras anjeunna bablas siga Cakil kalah perang.

PERPUSTAKAAN.--Di ruang baca perpustakaan, Arjuna katempo asyik maca novel seratan Yudhistira, Arjuna Milari Cinta. Anjeuna teu sakedik oge malire sumpingna Srikandi. Kitu oge sawaktos Kurawa ce-es liar-brutal ngabebek kembang kampus dugi ka sela-sela lomari buku. Ruang baca robih jadi ruang cuci-mata. Lantaran risi Arjuna geuwat luncat-pantat, cabut hanteu itu-ieu.

SRIKANDI: Hai, Jun! Antosan!

Arjuna ngalieuk. Diteuteup eta kembang kampus ngangge sorot panon anu satiis es-batu. Kaku-beku! Saukur basa-basi anjeunna tumaros.

ARJUNA: Aya naon?

SRIKANDI: Teu nanaon--anjeun bade ka mana si?

ARJUNA: Milari privacy.

Tanpa ngantosan reaksi, Arjuna ngayun-lengkah. Bengong-bingung Srikandi jadina. Banowati anu nuju ngagosip lekoh-alewoh sareng rencangna, seuri nyakakak jadina.

BANOWATI: Eh, tingali tuh--kembang kampus urang keuna batuna. Muas sia! Ulah ngarep-ngarep Aa Jun bade ngagubris nya. Rumaosna anjeunna leuwih geulis ti abdi. Yeuh--peragawati!

Dursilawati nyengir jiga kelede ningali Banowati ngalenggak-lenggokkeun awakna anu simon (super seksi tur montok) tea.

DURSILAWATI: Tapi maneh kalah cadas, Ban.

BANOWATI: Naon ari kalah cadas teh?

DURSILAWATI: Kalah cantik jeung cerdas!

BANOWATI: Kajeun! Nu mahapenting menang sexy. Abdi jamin bakal sukses dina saingan. Otak mah teu penting! Nah--naon si hebatna Srikandi anu memang cantik jeung cerdas eta? Sareng deui approach abdi ka Aa Arjuna eta atos ti mimiti TK. Pasti Srikandi kalah beurat!

SURTIKANTI (imut-kalem): Hanjakal abdi atos tunangan sareng Aa Awangga. Upami acan mah, abdi oge bade ngiring raramean saingan sareng ente. Naon si hesena mentel Arjuna?

DURSILAWATI: Pegatkeun wae tunangan anjeun, Kanti. Keur dijadikeun kabogoh kuring.

SURTIKANTI: Enakna!

Bom-seuri ngagaur di tengah maranehna. Di kajauhan Srikandi masih nangtung kaku-beku ningali Arjuna anu leungit ditilep juru kampus. Anjeuna lugay tina ngahuleng-jentulna sawaktos Aswatama nyodorkeun serat anu sampulna biru laut. Anjeuna sempat ngecapkeun nuhun, teras bablas.

Mega tambaga di langit
Kulon ngajurung poek
Sandekala lengket dipepende
Peuting anu tiis tingtrim!

PANCALA.--Srikandi nutup panto kamarna. Lalaunan anjeunna muka sampul serat ti Aswatama. Geuningan eta serat teh tulisan Dr Kumbayana. Wah--bapa dicomblangan anak ni yee!--pikir Srikandi. Isina gombal! Rampung maos eta serat gombal teh dipiceun ka luar.

Di luar, Gandamana--ajudan Jendral Drupada, ramana Srikandi--kapeupeuh remesan serat gombal eta tepat ngembat jidatna. Serat dicandak sareng dibaca ku mantenna bari lumampah:--

Dear Srikandi,

Anjeun geulis leuwih ti Juliet
Cinta abdi ka Anjeun leuwih ti Romeo!
Aksesori anu tinaretes dina dada Anjeun
Migawe hate abdi timburuan siga Othelo
Ka Desdemona!

Mit der Liebe
Dr Kumbayana

Gandamana kaget-monyet. Bari cicing mantenna teh neundeun kadeudeuh ka putri atasanna. Timburuanna ngadadak ngagolak nyaingan kawah Candradimuka. Sakolebat kilat mantenna luncat kana jeep plat hejona. Teras bablas kabawa gas! Ningali solah-polah eta ajudan, panjaga piket molongo siga kebo bodo.

Peuting serem-kejem
Nyaingan jahanam
Jalan poekmongkleng


Jeep plat hejo eta ngabelesat dahsyat. Ngadadak jerit rem meulah langit. Kendaraan-kendaraan anu ngahindar tina benturan sareng jeep anu nuju kasetanan eta, aya anu tiguling ka jurang, nyuruduk kutis jalanan, ngalabrak-nabrak padagang kaki lima, sareng … ah, macam-macamlah. Gandamana teu malire! Ti jero eta jeep kadangu soanten:--

"I don't care anymore! Cinta leuwih penting tina bahaya, leuwih utama tina etika! Kumbayana jahanam--dipodaran ku aing!"
SOKALIMA.--Estu sarwa rusuh teu puguh, Gandamana banting stir. Jeep ngaliuk siga jurutari ballet. Di payuneun bumina Dr Kumbayana, jeep eureun. Gandamana luncat turun. Jangkah-lengkahna mantap, gagah-megah ala Commando. Tampangna leuwih sadis-bengis tibatan teroris!

GANDAMANA: Kumbayana--kaluar sia!

Goakanana ngagaur ngabentur bisu. Nanging di jero imah kadangu aya tuur saling bentur, gemeter margi kacida sieuna. Gandamana najong panto dugi jebol-ambrol.

Dr Kumbayana nyamuni di kolong ranjang; teu eureun-eureun anjeunna adu-tuur! Jangkah-gagah sapatu radial sky-high nyaketan. Ranjang milu ngaderegdeg teu katahan. Sapatu radial eta beki caket. Moncong bedil model Rambo nyolonong pas kana cocopong irung Dr Kumbayana.

GANDAMANA: Milih hulu sia dhedhel-duel, atawa nyerah?

KUMBAYANA: Modar aing! Enya-enya… a-abdi b-bade k-kaluar! T-tapi u-lah d-ditembak, Agan.

Nanging Dr Kumbayana teu tiasa lugay tina panyamunianana. Mani kasar sareng kurang-ajar pisan Gandamana nyeret mantenna.

KUMBAYANA: A-abdi u-ulah d-ditembak, Agan. Mangga Agan candak eta TV, video, atawa eta gaji abdi masih utuh….

GANDAMANA: Cicing!!! Aing lain rampok! Hayu milu jeung aing!

KUMBAYANA: Agan bade yandra abdi? Percuma, Gan. Abdi teh jalmi teu penting, sanes politisi, sanes pangagung. Saukur pagawe, Gan.

GANDAMANA: Sia geus lancang-pena. Sia kudu narima hukuman beurat lantaran geus kumawaningagoda putri sang jendral!

KUMBAYANA: Ngahukum? Tapi man serat tugasna, Gan?

GANDAMANA: Teu perlu tugas-tugasan!
KUMBAYANA: Tapi, Agan--dupi nagara urang teh nagara hukum. Sanaos abdi salah, abdi mohon Agan kersa ngangge prosedur anu berlaku.

GANDAMANA: Prex! Dunya satria ala wayang ngan kenal teunggeul-teunggeulan, jotos-jotosan, jeung adu kanuragan. Aing hanyang ngabuktikeun naha si Kumbayana ieu bener-bener sakti mandraguna ora tedas tapak paluning pande--eh, sorry--eta kuno! Maksadna, tapak-cetak teknologi nuklir, rudal jeung sajabana!

KUMBAYANA: Wah, Agan--ampun dah! Abdi saukur intelektual-brahmana, Gan.

GANDAMANA: Naon maksadna, Dok?

Dr Kumbayana imut demi ningali Gandamana luntur-lulur sadis-bengisna. Kasempatan eta teu disia-siakeun.

KUMBAYANA: Nah! Agan hoyong terang naon hartosna intelektual-brahmana? Goed! Eta teh manusa anu gaduh batok sirahna pinuh ku dalil-dalil iptek sareng falsafah sedengkeun batinna pinuh ku jopa-japu!

Gandamana suntrutkerut jidatna. Bedil Rambo-na diturunkeun. Dr Kumbayana teu ginggilapeun deui. Mantenna ngaraos polemologina sukses. Beungeut sadis-bengis ngadadak luntur sepertos gombal murahan.

GANDAMANA: Naon eta jopa-japu teh? Sajenis mantra nya, Dok?

KUMBAYANA: O, sanes! Eh, enya oge. Nah--eta! Nanging mantra benten tina doa-doa. Uninga, Gan?

GANDAMANA: O?

KUMBAYANA: Malah upami Agan kersa uninga--aya mantra modern anu tiasa midamel jalmi janten naon anu dikersakeun. Leres, Gan.

GANDAMANA: Naon eta teh, Dok?

Dr Kumbayana sajurus ngemutan mantra modern anu diapalna. Ngangge gaya bujangga mantenna maos eta mantra:--

Papaliko arukabazuku kodega suzukalibu tutuk liba dekodega zamzam lagotokoco
Busyet! Eta mah tina "Husspuss" damelan Sutardji Calzoum Bachri. Dasar-dasar! Gandamana rumaos dibobodo katotoloyo. Lantaran teu kiat nahan sewot campur kekerot, jab sahebat Tyson telak nabrak irung Dr Kumbayana. Sareng tajongan Tae Kwon Do Gandamana cekap pikeun midamel remuk panangan kenca sasaranna. Doktor sial-dangkal eta ambruk.

Bumi goncang langit goncang!
Tinggal poek dina kiceup!

RUMAH SAKIT.--Sokalima gempar! Dr Kumbayana ancur-babak-belur. Aswatama teu daya teu upaya. Anjeunna teu terang saha anu ngarogahala ramana. Peuting eta saparantosna nganjang ka Dursilawati, anjeuna nyampakan bumina barantakan sareng bokapna tilelep dina jero got persis cucurut. Anjeunna ngira parantos aya kajadian parampokan rajapati. Nanging teu aya barang anu leungit kacuali kancing baju bokapna anu rontok katawuran. Hasil panalungtikan detektif partikelir positif sanes motif parampokan, nanging panganiayaan.

Di ruang tunggu rumah sakit, Aswatama bingung ngahurun balung. Sawaktos hiji dokter kaluar ti ICU, anjeunna nyaketan.

ASWATAMA: Kumaha, Dok?

DOKTER: Emm--sae. Gegar otakna tiasa dicageurkeun, nanging cacad teu tiasa disinglar. Utamina, waos, pangambung, sareng panangan kenca Dr Kumbayana teu tiasa pulih kajati sempurna sapertos sedia kala.

Aswatama ngagereges lemes. Anjeunna rubuh-runtuh nubruk korsi lipat anu sukuna x. panonna redup lir lampu kurang setrum. Dokter eta saukur tiasa imut cuka. Haseum-asem! Tina kaca, langit katempo pucet siga kain kafan. Tatahan wajah pasrah lemah kabalut luka parah. Dr Kumbayana ngabujur di ditu. Dina sela-sela peurih-balilihna sasakali kadangu ngalinduran, "papaliko… bazuku… suzu… ibu…"

Lemes-ngenes Aswatama jadina. Diteutteupna saratus botol infus giliran ngalawan mampus. Dina kesedih waktos karaos laun pisan.***


Waos janari sepi
Tanpa kocap tanpa
Taros tanpa wartos!

Aswatama narik nafas bedas! Anjeunna muka catetan dintenanna: Minggu, Senin, Selasa… Minggu, Minggu, Minggu--sareng duka atos sabaraha Minggu kaliwat, Dr Kumbayana teu acan cageur. Laun tapi pasti, Aswatama nyoretkeun pulpenna:--

Tinggal tanggal anu robih; tapi dinten teu ganti-ganti. Bokap abdi masih kuyu. Perkarana beku. De polis ken du nating! Meureun ngahaja dikulkaskeun. Bebene abdi, si gembrot Dursilawati, oge sialan. Caket kamar mayat, manehna masih menta di-68. Cek manehna, "Cinta teu kenal sangsara!" Aje gileee! 68 deui sareng deui-deui 68. Gila-gelina teka-teki! Manehna memang seneng anu hot-hot: martabak panas, atawa kue Bandung haneut. Rakusna juilah! Abdi kakara sapotong, manehna geus seep tujuh. Cocoklah sareng huntuna anu radial jiga ban traktor! Dasar ondel-ondel Betawi! Cuweklah….

Kadangu lengkah gagah nyaketan. Aswatama nutup bukuna. Tina waos corridor muncul Arjuna.

ARJUNA: G'morrow, Tom! Pak Doktor atos cageur?

ASWATAMA: G'monin, Fren--nya kitulah!

ARJUNA: Panalungtikan polisi kumaha hasilna?

ASWATAMA: Nihil!

ARJUNA: Sure?--may and may not be. Abdi nuju nyobi nyukcruk masalahna. Kajahatan teu bisa minggat kajaba ka neraka.

ASWATAMA: Yes, Fren--smes it! Yu'll be ol rait.

Arjuna maklum-mafhum kana dialek Inggris mbeling Aswatama. Saparantos ngalongok Dr Kumbayana, Arjuna cabut-suku.

ARJUNA: G'bye, Tom!

ASWATAMA: G'bay, Fren!

Waos corridor neureuy Arjuna buleud-buleud. Lenyap-ngeclap!

Singkat wartos
Ngudag peristiwa
Tandana Kurawa
Pada unjuk-rasa!

ASTINA.--Letjen Sakuni, Kapoltabes Astina, nuju mimpin briefing. Letkol Kartamarma calik bari milintir kumisna anu sakaku ruji bui. Mayor Citraksi angguk-anggukan sirahna sanes ngartos kana intruksi pamingpin, nanging lantaran ngantuk. Kopral Citrayuda sare dugi dahdiran.

SAKUNI: Hasil panalungtikan anu motifna politik geus positif yen anu nganiaya Dr Kumbayana teh Bima! Sabab jalma anu boga ramo jiga cau ambon sasisir mah ngan si Bima wungkul. Teu ragu deui--tewak si Bima bangsat eta. Laksanakeun!

KARTAMARMA: Sayagi!

Saparantos hormat ka pamingpin, Letkol Kartamarma ganti nyiku anak-buahna. Leletak ka luhur sisiku ka handap teh parantos ngakar dina tradisi! Budaya mines anu teu tiasa disinglar. Borok samodel kitu mah ulah diperban--amputasi wae amih nyaho.

KARTAMARMA: Yor-Mayor--hudang sia! Molor wae. Hudang, Yor!

Mayor Citraksi malah kontes kerek sareng Kopral Citrayuda. Letkol Kartamarma teu seepeun cara kangge ngagugah anak-buahna.

KARTAMARMA: Mayor, kuring meunang bonus yeuh!

CITRAKSI: Mana-mana? Bagi hasil atuh, Overste!

CITRAYUDA: Fifty-fifty wae atuh, Ov, sareng anak-buah.

Letkol Kartamarma miringis sinis. Nah sia! Upami parantos kitu mah, anak-buah daek teu daek kudu disiplin. Marantenna teu tiasa midamel anu sanes kajabi jengkar mancen tugas.

TAMAN.--Lantaran Bima sanes buronan, gampil pisan ditepanganana. Di hiji taman, anjeunna nuju asyik bebenean sareng kabogohna--Nagagini. Letkol Kartamarma buru-buru ngatur strategi pikeun newak Bima.

KARTAMARMA: Kasempatan! Bima keur bebenean jeung banci. Awas ulah sampe lolos! Maneh nyaho cara pangcanggihna pikeun nyiduk Bima, Mayor?

CITRAKSI: Gampang! Tembak di tempat wae, model petrus tea.

KARTAMARMA: Hush--ngaco! Eta mah cara nu ahir. Emut--urang teh kudu ngajaga citra de polis.

CITRAYUDA: Abdi usul. Saena mah ngangge mantra panyirepan amih Bima kapineuhan teras tinggal digusur. Pan beres?

KARTAMARMA: Maneh bisa ngrapalna, Pral?

CITRAYUDA: Atuh puguh we. Saha heula, abdi!

CITRAKSI: Alaaa--bibisaanan sia mah. Coba sok uing hayang nyaho.

Kopral Citrayuda sidakep nangkeup dada. Panonna peureum. Waosna komat-kamit ngarapal lafal mantra panyirepan:--

Rep sirep si megandana,
Wong sarewu pada tumut,
Salaksa wong serah nyawa.
Reaksina teu acan katempo. Bima sareng kabogohna malah tambah mesra. Mayor Citraksi mulai calangap lir buhaya heuay; tapi anjenna mah memang gaduh panyawat lethargy. Letkol Kartamarma bengong-monyong. Suasana malah nambah gairah Bima. Komo deui doi'na teu sungkan-sungkan nyungsepkeun sirahna dina dada Bima.

KARTAMARMA: Cilaka dua-belas, Pral! Urang tewak waelah!

CITRAYUDA: Antosan sakedap. Tingali tuh Bima mulai nunduk. Doi'na atos sare dipepende.

KARTAMARMA: Busyet--emang eta jalma keur in action. Lain molor, Pral. Goblog sia mah!

Tanpa disangka, Bima mantingkeun botol minuman sareng tepat ngembat jidat Letkol Kartamarma. Teu ampun deui, anjeunna kontan pingsan. Awakna rubuh mirip gedebog ditebas pedang. Panon beureum-ngantuk Mayor Citraksi molotot jiga traffic light. Beureum-koneng-hejo!

CITRAKSI: Tewak, Pral!

Bima kaget-copet disentak-bentak Kopral Citrayuda. Nagagini ngaderegdeg kamigilan. Bima lugay. Diteuteupna beungeut Mayor Citraksi sareng Kopral Citrayuda anu jiga cow boy kampung tea. Bima nyangka marantenna eta barandalan anu sok jagoan nuju milari story. Ngangge sikap jantan ala pendekar, Bima jumangkah siap tempur.

CITRAKSI: Nyerah waelah, Jang!

Panangnan mucuk pestol nyolonong kana irung Bima. Sakolebat kilat anjeuna nyambar eta pestol, sareng tinjuna nabrak telak beungeut bewos-jembros si Mayor. Ningali pimpinanna di-KO dina menit mimiti, Kopral Citrayuda nyandak pestolna. Tanpa sempat ditodongkeun, hiji teunggeulan anu bobotna 3 kintal ngabentur beuteung-bucittreukna. Teu ampun deui kopral-sial eta ngagubrag di luar taman, teras ragrag kana jero got butek. Tongtonan gratis tuh--cek jalmi anu liwat.

Bima ngaresikan leungeun bajuna. Nagagini anu ti tadi kaku-beku di pojok taman, buru-buru nubruk doi'na. Bima ngarangkul kabogohna.

NAGAGINI: Aa teu kumaha-maha, kitu? Sieun abdi tadi--tapi, asyik oge. Gaya Aa jiga Mr T bintang The A Team tea!

Bima mesem-kalem. Kadua sejoli eta "cup-mmmh-cup-mmmh", teras bablas.

Siang anu panas
Tumaros poe naas

MARKAS.--Letjen Sakuni ngadampratan anak-buahna.

SAKUNI: Bodo! Mancen tugas siga kitu wae teu becus!

KARTAMARMA: Soalna teu mempan mantra.

SAKUNI: Mantra? Nanaonan si? Tolol sia mah! Pake otaklah. Ditembak-bius oge--beres!

CITRAKSI: Bener oge, nya? Ku obat-bius, dijamin lemes-ambles tah si Bima. Let's go, Pral!

"Biang Kaniaya Dr Kumbayana Katewak!"

SOKALIMA.--Arjuna olohok maos wartos Suara Astina. Bima buru-buru diajukeun ka pangadilan. Arjuna ndoyong jadina--naha malah Bima, lanceukna, anu ditewak sareng didakwa nganiaya Dr Kumbayana? Jelas fitnah!--pikir Arjuna. Talungtikanana sorangan nembe saparo jalan: serat gombal-kumal tulisan Dr Kumbayana, parantos katemu ku Arjuna dina wadah runtah. Serat eta aya patalina sareng kembang kampus Sokalima--Srikandi. Di emper kampus, Arjuna dihadang Banowati.

BANOWATI: Jun, anteur abdi shopping nya?

ARJUNA: Wah--sorry lah, Ban. Andi nuju sibuk yeuh.

BANOWATI: Sakedaaap wae, naha atuh, Jun?

ARJUNA: Teu tiasa, Ban. Aya urusan penting!

Banowati suntrut-camberut, gagal ngagaet Arjuna kangge diajak jalan-jalan. Padahal anjeunna parantos taruhan sareng Surtikanti oge Dursilawati. Arjuna teu ngagubris muka-kuciwa eta. Serat gombal-kumal ngajak anjeunna tumuju ka bumina Srikandi.

PANCALA.--Saparantos ngisi buku-tamu anu disodorkeun si beungeut sadis-bengis Gandamana, Arjuna nembe tiasa tumuju ka ruang tamu. Srikandi muncul bari imut ngagelenyu manis sapertos iklan lipstick. Awakna katempo padat-sehat kabalut calana jeans ketat sareng T-shirt ngepas. Arjuna anu apal kana Katuranggan Perawan, kontan ngalebetkeunana kana tipe wanoja Gedang Kencana sareng rada Mitra Dharma!

SRIKANDI: Come in, Jun. Ahirna anjeun dugi ka dieu.

ARJUNA: Danke! Abdi perlu bantuan, Kandy.

SRIKANDI: O-ya? Naon atuh?

ARJUNA: Anjeun kenal serat ieu?

Ningali serat gombal tulisan Dr Kumbayana aya dina panangan Arjuna, Srikandi kaget-monyet. Arjuna mesem-kalem.

SRIKANDI: Serat eta kapungkur dipiceun ku abdi. Naha nyasar ka anjeun, Jun?

ARJUNA: Abdi nemu tina wadah runtah Dr Kumbayana. Anjeun anu mulangkeun?

SRIKANDI: Ah, henteu! Memangna kunaon si, Jun?

ARJUNA: Serat ieu aya patalina sareng panganiayaan Dr Kumbayana. Sareng deui, Bima parantos janten korban salah tewak. Pamohalan mantenna tega ngepruk-remuk dosenna.

SRIKANDI: Teras anjeun nuduh abdi, Jun?

ARJUNA: Sanes kitu, Kandy. Meureun aya jalmi anu timburuan teras ngarogahala anu nulis serat ieu. Anjeun parantos gaduh kabogoh, Kandy?

SRIKANDY: Em… teu acan, Jun. Papa ngelarang bebenean. Cek papa, "Cita-cita heula, nembe cinta!" Sareng deui, pangawalan Mang Ganda ketat pisan.

Kasempatan!--pikir Arjuna. Lengket diteuteup ku anjeunna. Dasar panon lalaki! Srikandi rumaos isin. Rona beureum dina pipina malah ngajumlah kageulisanana. Anjeunna nyabut teuteupanana tina gigir sofa. Teras anjeunna ngwantunkeun diri ngalirik cowok super-kece di beulah katuhu payuneunana. Nnging barantakan! Sorot socana tabrakan. Saoles imut Richard Gere kalukis-manis dina biwir Arjuna. Spontan-kontan jantung Srikandi daligdug nyaingan beat-drums Phil Collins.

ARJUNA: Abdi permios heula--see you later, Kandy.

SRIKANDI: Kok cepetan, sih? Bade ka mana, Jun?

ARJUNA: Maklum--detektif amatir! Yoo, Kandy.

SRIKANDI: Yoo-bye!

Nembe wae Arjuna ngalengkah ka luar pager, kadangu soanten beurat manggil. Anjeunna ngalieuk. Gandamana stand-by caket jeep plat hejona. Beungeut sadis-terorisna teu kenal kompromi.

GANDAMANA: Ulah coba-coba ngagoda putri Sang Jendral, lamun teu hayang sanasib siga Dr Kumbayana. Deuleu yeuh--Leungeun katuhu aing rumah sakit, leungeun kede aing naraka!

ARJUNA: O, ieu geuningan--anu nganiaya Dr Kumbayana teh?

GANDAMANA: Heu-euh--erek naon sia?

ARJUNA: Jantan oge rupina! Atawa mentang-mentang Ajudan? Prex! Kaadilan leuwih penting tina jabatan.

GANDAMANA: Ulah sok pahlawan, Jang! Jadi pangecut waelah amih salamet.

ARJUNA: Prex ah! Jalmi model kieu mah pantesna jadi eusi bui. Go to jail, Mang!

Ngadadak Gandamana luncat, tinjuna siap ngabentur sirah Arjuna. Nanging moleset! Si juru-kepruk panasaran, ambekna kawalagar nyaingan kilang minyak Iran anu dibom Irak. Pertempuran teu kasinglar. Segi fisik, Arjuna kalah gede; nanging segi taktik, anjeunna menang pinter. Teu aneh upami Gandamana kawalahan, teras nyabut peso commando-na. Kasurung ku buas-ganas eta peso nilup ngarah dada Arjuna. Sakolebat kilat disamber ku Arjuna, sareng talapunganana cekap pikeun nyungsepkeun Gandamana nyium aspal panas.

Gandamana buru-buru hudang. Muntang kana gigir jeepna, bari sempoyongan siga gaya mabuk, anjeuna nyandak bedil Rambo-na. Teras ditodongkeun ka Arjuna.

GANDAMANA: He-he-he… mampus-pupus sia, Jang!

ARJUNA: Bae! Sia oge pasti modar lamun nyaho saha aing.

GANDAMANA: Naha saha sia?

ARJUNA: Arjuna! Calon minantu Jendral Drupada.

Bedil siap "DOR" eta laun turun. Sanes lantaran grogi disentak-gertak Arjuna, nanging lantaran Jendral Drupada muncul sareng Srikandi.

DRUPADA: Maneh arek migawe nanahaon, Kapiten?

GANDAMANA: Anjeunna atos nyasaak harga diri kaula, Jendral.

DRUPADA: Bener eta omongan teh, Arjuna?

ARJUNA: Bohong, Oom! Ngaco-beo. Malah anjeunna anu miheulaan ngajak gelut. Anjeunna anu nganiaya Dr Kumbayana, Oom.

SRIKANDI (kaget): Naha dugi nekad kitu, Ganda?

GANDAMANA: Demi salira Nona Muda--kaula mikacinta ka salira.

Midangu pangakuan model kitu, Srikandi bengong-bolong. Arjuna imut kageget. Konyol! Sorot socana Gandamana rubuh-runtuh nubruk tungtung sapatu Jendral Drupada.

DRUPADA: Andika kudu tanggung jawab kana sagala resiko ieu perkara, Kapiten! En kula moal bisa nulungan atawa ngalindungan kana kalakuan model kitu. Kaadilan leuwih kawasa tibatan jabatan.

Mobil tahanan mapag Gandamana. Sakedap anjeunna sempat ngalirik kembang kampus Sokalima. Srikandi neuteup dugi mobil eta leungit ditilep tikungan. Teras anjeunna banting-panon ka Arjuna di sagigireunana. Arjuna mapag ngangge imutna anu "cup-mmmh". Tebar mekar kembang-kembang cinta dina dada Srikandi nantang kumbang rubuh-luluh dina rangkulan. Cup-mmmh--CUT! Kamesraan kembang sareng kumbang kampus kapapag lagu Greatest Love of All lantunan si super hitam manis Whitney Houston.




Semarang, 22 Januari 2008
Ki Harsono Siswocarito

No comments: