
Taneuh beureum getih
Langit beureum Agni
KURUSETRA--Kawalagar! Hurung-ngajelegur, siling-bom, siling-tembak, siling-bantai janten tanda kaayaanana perang Baratayuda. Nafas-sakarat sareng keleh-paeh ngarajalela. Naraka Kurusetra teu pisan ngenal kompromi. Seureum-kejem jiga jahanam!
Di garis hareup, Kolonel Wratsangka menang ngagempur mundur pasukan Kurawa. Teras mantena ngibarkan bandera Amarta di tengah medan Kurusetra.
ARDAWALIKA: Teu salah deui, anu ngibarkeun bandera di tengah medan Kurusetra itu pasti si keparat Arjuna. Ayeuna wanci-pinasti pikeun modaran si Arjuna demi dendam. Arek dihujanan bom atom ku aing--modar-ambyar sia keparat!
"Awas! Pesawat siluman!"ARDAWALIKA: Hah? Wratsangka? Sial-dangkal! Salah ngebom. Cilaka--aing kudu geuwat-minggat amih salamet!
"Bom--tiaraaap!"
(GELEGAR!)
"O, my God!"
"Wratsangka gugur!"
"Tembak-lagrag! Aduh kaburu jauh!"Wartos tewasna Kolonel Wratsangka di garis hareup bener-bener ngawalagar-kobar kaperwiraan Kapten Utara.
"Buruan kontek Kapten Utara!"
"Sayagi!"
UTARA: Biadab! Kaula mesti males patina Wratsangka.
Hutang maut ditebus maut
Hutang nyawa bayar nyawa
"Hutang kolonel bayar kopral!"UTARA: Bangsat Kurawa, tampanan balasan kaula.
"Hush! Eta can lunas-puspas!"
"Euleuh, Kapten Utara amuk-amukan!"BISMA: Awas, Utara--ulah nanya dosa! Rasakeun senjata laser ganas-panas ieu.
"Geuwat dibentar granat!"--(Pluk!)
"Busyet, apes, Dur!"
(ZOZZZ!)MARKAS RANDUGUMBALA, AMARTA.--Gempar! Wartos tumpur-ludesna pasukan mancanegara ti Wirata migawe para pangagung Pandawa haseum-hate. Ternyata pasukan Kurawa anu dikomandanan Panglima Jendral Bisma tuhu tangguh tur ampuh! Para inohong Amarta buru-burua ngangkat panglima tandingan. Pilihanana tumiba ka Jendral Seta, mahapakar strategi tempur pamungkas ti Wirata.
"Utara gugur! Utara mati! Utara modar!"
"Duh, Gusti! Kumaha, Dawala?"
"Lapor ka markas, Reng!"
"Gawat tuh! Buru lumpat!"
YUDISTIRA: Wilujeng ngemban tugas, Jendral Seta.
SETA: Sayadi ngalaksanakeun!
KRESNA: Marsekal Gatotkaca--kawal jengkarna Bapak Panglima!
GATOTKACA: Sayagi lumampah!
Cepat-kebat pesawat-tempur Krincingwesi mapak mega jumantara. Lajeng Panglima Seta diturunkeun ka medan perang.
FRONT KURUSETRA.--Dongkapna bantuan pasukan Wirata sareng Panglima Seta mikukuh kakuatan tempur Amarta. Sawatawis di pihak Astina teu acan dipasok pasukan enggal. Jendral Seta henteu nyia-nyia eta kasempatan. Atuh gampil pisan pasukan Amarta ngagempur-lebur pasukan Kurawa.
SETA: Hmh, Bisma, aing tandingan sia! Sia kudu nebus dua nyawa panglima Wirata. Sanghareupan yeuh Seta, Panglima Pamungkas ti Wirata!
"Gempur-mundur!"Geuwat-minggat
Bisma ngabur
Mundur-tempur
BISMA: Edan! Si Seta bener-bener setan!
"Moal mampu urang nangkis si Seta setan eta!"SETA: Hua-ha-ha… Bisma mundur-kabur! Mana kadigdayaan sia, Bisma? Ulah sambat kaniaya! Rek minggat ka mana sia, Bisma?
"Geuwat lumpat amih salamet, Let!"
"Ulah nekad, Citraksi!"
"Dur, mundur!"
"Euleuh, Bisma ngaluncatan blabar kawat!"
"Sikat granat!"
(BLAAAR!)
"Tumpur-ludes tah Kurawa!"
SETA: Hmh, euweuh urang Kurawa anu wani asup ka Kurusetra. Medan tempur ieu mutlak aya dina kakuasaan kaula.
Suasana herang-tenang
Situasi hening-wening
"Asyik, dewek arek kukumpul rongsokan tank ah."SETA: Hmh? Panembak gelap! Ti mana, nya? Aneh--teu katenjo.
"Juragan besi-tua nya, Mang?"
"Ist, lain! Dewek mah laskar pamulung."
"Eh, Kang, keur naon si ngurusan barang sesa perang?"
"Ah, lumayan jangeun didaur--(Dor!)--eh!"
"Gawat! Ada panembak gelap!"
"Awas tiarap!"
(Dor!)
(Dor!)SETA: Hai pengecut! Tembongkeun awak sia lamun rek bener-bener satria. Tandingan Seta.
(Dor!)
SETA: E-eh keparat! Si pengecut eta kudu dipicundang. Kaula arek pura-pura paeh, amih kaluar tina panyalindunganana.
RUKMA: Ha-ha-ha… yeuh kaula Rukma pahlawanna! Satria pilih tanding! Mana koncarana aran si Seta? Cuih--omong-kosong! Ayo datangkeun sekabeh kakuatan tempur Amarta, pasti kugiles-tandes pake invisible-tank ieu.(Dor!)
"Seta gugur! Seta mampus!"
"Seta modar di-dor petrus!"
"Perang isu yeuh?"
"Sst, rahasia!""Eh, Pral, hayang nyaho teu? Tapi ulah cacarita. Seta dipetrus Letnan Rukma!"
"Hidup Rukma! Pf, pahlawan Kurawa!"
SETA: Hua-ha-ha… dasar gede bacot! Rukmaa-Rukma, sia ngira aing teu gableg polo pikeun nyiasatan kalicikan sia eta? Rasakeun senjata buas-ganas ieu!
(Leb-Der!)BISMA: Heh, Seta, ulah kaburu bangga heula! Sia pasti buntung-tutung keuna ku ieu senjata laser. Rasakeun, Seta!
"Rukma mampus! Rukma mati-konyol!"
"Hidup Panglima Amarta! Hidup Seta!"
"Seta! Seta! Seta!"
(ZOZZZ!)
SETA: Aaakkkhhh!!!
Takdir teu kapungkir
Qadar teu kasinglar
"Seta, o, Seta… Gusti!"
"Seta gugur! Seta gugur!"
BISMA: Ha-ha-ha… Seta, modar akhirna sia. Moal bakal aya anu mampu tanding-jurit jeung kaula!
"Horreee… Seta mampus!"
"Mampus! Mampus! Mampus!"
"Hidup Bisma!"
"Bisma! Bisma! Bisma!"
Hakekat semesta kata
Mibanda aya teu aya

Ki Harsono Siswocarito
Semarang, 4 Januari 2008
No comments:
Post a Comment