Sunday, December 23, 2007

Balada Utopia Dr Sucitra




Dene utamaning nata
Berbudi bawa laksana
Dene utamaning praja
Adilmakmur paramarta

ATASANGIN.—Sareng Dekan FISIP Prof Dr Kumbayana, Dr Sucitra ngadep Rektor Universitas Atasangin Prof Dr Baratwaja.

BARATMAJA: Kaula kaget maos serat panyuwun andika pikeun undur diri salaku akademisi. Naha, Dr Sucitra?

SUCITRA: Kaula bade ganti profesi.

BARATMAJA: Profesi naon?

SUCITRA: Politisi!

KOMBAYANA: Jadi politikus? Nah, hahaha… hebring! Utopia anu kacida luar biasana! Nangng, naha atos dipigalih ku anjeun? Pan anjeun teh teoretisi ilmu sosial politik, sanes praktisi. Bisa naon?

SUCITRA: Justru eta! Kaula bade turun kana politik praktis. Dina jagat akademisi teu aya peluang pikeun jadi politisi. Kaula butuh kabebasan politik, sanes saukur kabebasan mimbar!

BARATMAJA: Naha aya?

SUCITRA: Aya di luar negeri! Kaula bade emigrasi ka nagara anu ngajungjung demokrasi.

BARATMAJA: Atasangin oge nagara demokrasi. Arek ka mana deui andika milari demokrasi?

SUCITRA: Hmh! Demokrasi Atasangin semu-feodal! Kaula bade ka Pancala. Di ditu nuju aya suksesi. Presiden Pancala Jendral Gandabayu nuju matrapkeun suksesi demokratis.

KOMBAYANA: Naon eta teh?

SUCITRA: Saha wae tiasa janten presiden Pancala, upami mibanda power anu sanggem nandingan Jendral Gandamana.

KOMBAYANA: Nah, hahaha… power naon anu jadi andelan anjeun? Power Wagon, Power Metal, Power Slave? Nah, hahaha… naon coba? Teori? Gombal! Teori handal jiga naon oge sakadar aya dina wacana, sareng sadaya wacana pisah tina realitana. Leuwih radikal deui, teu aya hartina sadaya anu aya di luar wacana! Nah, Citra ulah ngimpi! Realistislah! Minterkeun kahirupan bangsa leuwih mulya tibatan utopia. Nah, hahaha.…

SUCITRA: Punten, Prof Yan! Kaula sungkan debat sareng anjeun. Acuan teori urang mah benten. Kaula saluyu sareng Michel Foucault! Wacana lan kawasa teu misah tina realita. Ieu perlu bukti! Prof Dr Baratwaja—kaula permios!

BARATMAJA: Sae, masing wiyatna di jalan!

SUCITRA: Permios, Prof Yan.

KOMBAYANA: Mangga-mangga, pamugi teh sukses! Upami aya hasilna, engkin tapaklacak anjeun diturutan ku kaula. Nah, hahaha… good bye!

SUCITRA: G’bye!

Kebat lumampah Sucitra
Tumuju ka nagara Pancala
Sayembara Pancala
Ngalawan Gandamana

PANCALA.—Presiden Gandabayu ngangkir Menhankam Jendral Gandamana kangge ngarembag suksesi politik.

GANDABAYU: Kumaha, Jendral Gandamana? Masih acan aya anu sanggup nandingan andika?

GANDAMANA: Acan, Pak! Nanging ieu aya jago anyar, Dr Sucitra ti Atasangin, inohong ageung ilmu sosial politik, sareng … bujangan! Huahaha… mangga majeng, Dr Sucitra.

SUCITRA: Hatur Nuhun!

GANDABAYU: Atoh terang kana aturan sayembara ieu? Air-war, perang gegana! Upami sanggem nandingan kahebatan tempur-udara Jendral Gandamana, andika boga hak diangkat jadi presiden Pancala sareng ngistrenan putri kaula Dewi Gandawati.

SUCITRA: Hah?

GANDAMANA: Huahahaha… ulah kaget! Naha arek adutinju kitu? Kuno! Hayu adulaga di angkasa! Salira bisa milih pesawat tempur mana anu salira suka.

SUCITRA: Modar awak kaula! Sae kaula bade nyoba.

GANDAMANA: Mangga!

Tandang gonera
Sang Gandamana
Sadaya warga
Nongton laga

PALAGAN.—Jendral Gandamana ngalengkah gagah ka arah pesawat tempur supermewah. Dr Sucitra bingunglutung! Sayembara ieu kanyana ku mantenna. Emutanna namung kaeusi ku teori politik, teu kenal strategi tempur. Bade mundur, isin! Tibatan mundur, mendingan tempur.

“Hayu, Sucitra!”
“Sayagi!” (Blaas!)

Dua pesawat
Pesat-kebat

“Hidup, Jendral Ganda!” “Hidup! Hidup!” (Prok! Prok! Prok! Suit-suit!) “Wah, nekad!” (Teet!) “Trompetna, Jang—torek yeuh!” (Toeet!) “Kehed!” (Buk!) “Adoow!” (Bruk!)
“Rasakeun tah!”
“Sst! Gandeng!”
“Caaang-kacaaang! Kacang, Om?” “Teu!” “Rokok, tisu, Getsbi!” “Teu!” (Jdak!) “Aduh, anjing! Teu meli, ninju!” “Hahaha…!”
(Duut!) “Hitut deui sia!” (Hfuh!) “Dasar!”
“Cicing! Ubreg wae! Eh, totoan yo?” “Oke, uing ngajagokeun Om Ganda!” (Cplek!) “Siplah! Kuring, Om Goen!” “Lho!”
“Heheheh…!”
(Zoss!) “Luput” (Blar!)
(Plas!) “Keuna!” (Glar!)

Pesawat tempur
Sucitra hancur

“Modar sia?”
“Teuing atuh!”

Gandamana jaya
Jago sayembara
Ganti kang cinarita
Tandana gara-gara

KARANG KABOLOTAN.—Teuis angin sumilir di pereng gunung. Pucuk gunung katutup layung. Tina hiji saung eurih nguumandang tembang. Kidung panghibur kalbu, tembang pangbeberah manah! Panakawan pada sempal kapiguyon.

Wayang mana, wayang mana?
Wayang eta nu pang jagona
Hayang mana, hayang mana?
Hayang eta nu pang gedena

“Ehm, brr… tiris euy! Moro bareng Agan Pandu mah sial wae kuring teh! Mantenna meunang anu ageung terus; ari kuring meunang nu leutik wae.”
“Nya heu-euh atuh, Dawala! Agan mah make bedil, ari silaing make palinteng. Beda!”
“Ahihi… tradisionil!”
“Moal bisa nyaruaan Agan Pandu: alat modern! Alat leuwih hebat tibatan bakat. Najan bakat hebat, tanpa alat pasti lambat. Biasa serba santai, nya narima atuh. Budaya statis arek ngalawan budaya dinamis. Moal bisa?”
“Enya-nya! Bapa ka mana?”
“Sareng Agan Pandu!”
“Ka ditu, yu?”

PANDU: Jigana liburan kaula atos cekap, Kang Semar. Hayu urang ka Astina.

SEMAR: Mangga, Gan!—Hayu, Jang!

“Asiiik!” “Siplah, Pa!”

Pandu ngambah jalan
Leuweung pangalasan
Halang terjang
Perang kembang

ALASAMAR.—Pandu Dewanata ogol begalan pati. Rintang-halang ditarajang. Para danawa nunjangmalang. Salangtunjang!

“Puah, bangsat! H-hareupan k-kaula Gendir Penjalin!”
“O, Cakil—teunggeul, Reng!”
(Pletak!) “Aduh!” (Cpret!) “Rasakeun!” (Bletak!) “Wadow! M-modar a-aing….” (Bluk!) “Hehe… ngan sakitu! Deui yeuh!” (Cpret! Thaak!) “Waaw… palinteng sia keuna hulu aing, Reng! Ngawur sia mah!” “Hehe…!”
“Babo-babo! Pragalba, Rambutgeni, Padasgempal, Jurangrawah, Buta Terong, Galiuk—serbu!" (Jlap! Jlap! Jlap! Jlap!)
(Plas!) “Hakan tah bom!”
(BLAARR!)

Para Buta
Pada fana
Kaget denira ningali
Satria ing geganawiyati

“Eh, tempo, Dawala! Tuh!”
“Hah? Parasit lagrag!”

Panakawan
Lalumpatan

PANDU: Saha andika?

SUCITRA: Kaula Sucitra. Haduh… untung kaula salamet! Eh, ari anjeun saha?

PANDU: Kaula Pandu sareng ieu Ki Semar. Naha andika bisa lagrag di dieu?

SUCITRA: Yeah… kaula kalah sayembara. Sialdangkal! Kaula teu mampuh nandingan kapiawaian air-war Jendral Gandamana ti Pancala. Luarbiasa!

PANDU: O, memang! Komo deui upami mantenna ngangge jet tempur Wungkalbener, moal tiasa nandingan. Eta kakiatan Pancala! Nanging, upami andika kersa, kaula tiasa ngabantu.

SUCITRA: Hah? Nanging—?

SEMAR: Em, hahahah… ulah samar, Pak Citra! Jendral Pandu Dewanata ieu the Presiden Astina. Mantenna ahli polemologi, pakarakbar budaya tempur.

SUCITRA: O, sae atuh!

PANDU: Tandinganana jet tempur Wungkalbener teu aya deui namung jet tempur Narantaka. Ieu logika perwira. Nanging kaperwiraan perlu disarengan ku kapinteran. Tempur sanes mung adubedas, nanging oge aducerdas. Modernitas Pancala ngan tiasa ditandingan ku posmodernitas. Inget Powershift Toffler, sareng War and Anti-War tiasa diacu.

SUCITRA: Wah, kawiryan teu leupas tina kawinasisan. Ngeunah teuing sare kaula dina menaragading politik. Kacipta ku realita, hirup dina utopia. Bener-bener anugerah, kaula tiasa papendak sareng Jendral Pandu Dewanata.

PANDU: Bawa jet Narantaka. Mugi-mugi tiasa sukses! Bral!

SUCITRA: Hatur nuhun!

Kebat Narantaka
Melesat angkasa
Genah ayena Sucitra
Megadigdaya di udara

PANCALA.—Dr Sucitra menang! Sarengsena sayembara mantenna dipasihan anugerah pangkat Jendral, nikah sareng Dewi Gandawati, lan dilantik janten presiden Pancala. Ayeuna mantenna ganti nami Jendral Drupada. Dina pamarentahanana, mantenna saluyu upami Jendral Gandamana diangkat janten Wapres.

Petik kembang sinebaran
Tutup lawang singgotaka


Semarang, 22 Desember 2007 Ki Harsono Siswocarito

No comments: