
Sri tinon ing pasewakan
Busana manekawarna kebak
Puspiteng udiyana miyang
Hanjrah sarwa rukma …
ASTINA.—Para pamimpin Kurawa nuju ngagelar sidang umum, kangge ngarembag babagan krisis Kurusetra.
DURYUDANA: Dewan sidang anu mulya! Krisis Kurusetra parantos janten krisis dunya anu kedah dirojong sacara global seteuacanna janten Perang Dunya Baratayuda. Kangge kajayaan Kurawa, sidang ieu dibuka. Wilujeng sumping kangge Jendral Baladewa.
BALADEWA: Iyo, nuhun! Huahahaha… punten, kaula telat dongkap. Maklum—sibuk! Loba urusan di jero nagara. Pikeun ngarataan pangwangunan! Huahahaha….
SAKUNI: Hehe… sami! Malah Astina kiwari nuju ngarojong kadamean dunya. Nyegah PD III Baratayuda! Kitu nya, Prof?
DURNA: Leres! Nah, justru eta Kurawa perlu nerapkeun strategi politik mancanagara anu jitu! Menang tanpa perang! Nah, hahaha….
DURYUDANA: Tepat, Prof Dur! Salaku mahaguru pinuh-ilmu canggih-teori loba-pustaka tangtos andika sanggem masihan strategi jitu!
DURNA: Nah, hahaha… tangtu, tangtu! Durna sanes saukur profesor tampang, sanes profesor pangkat, nanging mahapakar sarwa pinter, mahaahli multicanggih!
BALADEWA: Krrk-cuah! Ulah balaga! Buktikeun, Prof!
DURNA: Sae! Saluyu sareng panalungtikan, dasar kakiatan hankam Amarta teh ayana dina kamanunggalan antara Pandawa sareng Panakawan. Nyaeta kamanunggalan antara aparat sareng rakyat! Nah, demi ngabubarambyarkeun eta kakiatan—culik Semar! Sandra! Upami perlu, podaran!
KARNA: Ke heula! Eta teh ngalanggar hak-hak azasi manusa. Kaula teu saluyu!
SAKUNI: Tenang, Bapa Gubernur Awangga! Kabijakan eta aya di Presiden Duryudana, decision-maker.
DURYUDANA: Hmh, saluyu! Kumaha, Jendral Baladewa?
BALADEWA: OK!
DURYUDANA: Sae—Brigjen Dursasana, siapkeun Operasi Panakawan. Sandra Semar!
DURSASANA: Ait! Sayagi! Huaha… e-e-e, permios!
Lampah kebat“Haturan ka sadayana! Ieu daftar perwira pinilih kangge Operasi Panakawan: Dursala, Dursata, Durmagati, Durmuka, Durkarma, Durwigata, Duradara, Kartamarma, Kartipeya, Citrayuda, Citra-marma, Citrakandala, Citraksa, Citraksi, Citragada, Drepayuda, Drepawarman, Drepasastra, Dredarata, Ugrasewa, Drestahasta, Adityaketu, Bimabahu, Dirgarama, Dirgabahu, Dirgalacana…!”
“Sayagi! Sayagi! Sayagi! Sayagi!”
Siap ngembat
Waspada Gatotkaca
Perwiratama gegana
TAPAL BATAS, AMARTA.—Pesawat tempur Krincingwesi mesat kebat mapak mega jumantara!
BALADEWA: Krrk-cuah! Gawat!“Hmmm… laknat Kurawa! Hareupan heula Angkatan Udara Amarta!"—(Plas! Plas! Plas!)
“Awas bom! Tiarap!”
(Blar! Blar! Blar!)
“Krrk-cuah! Kapal laknat keparat! Kumawani ngajegal pasukan Astina—rasakeun tah!”—(Dreder-der-der…!!!)
“Break, Divisi Jangkarbumi, di dieu Marsekal Gatotkaca butuh bantuan Angkatan Darat Amarta, over!”
“Well, Kolonel Antareja sayagi ngabantu—”
“Kontek Laksamana Antasena!”
“Sayagi!”
(Blar! Blar! Blar!)
KARNA: Dur, Dir, Cit, Karta… mundur! Mundur!
BALADEWA: Krrk-cuah! Kumaha, Prof?
DURNA: Beurat! Tinimbang ancurlebur, leuwih sae mundur. Ganti taktik diplomatik! Kaula bade nepangan Gubernur Arjuna di Madukara.”
DURSASANA: Sae! Ati-ati, Prof!”
DURNA: Sae, permios!”
Cepatkebat Prof Durna
Tumuju ka Madukara
MADUKARA.—Jendral Arjuna nyambut dongkapna Prof Durna.
ARJUNA: Wilujeng sumping, Prof.
DURNA: Nuhun! Salaku duta Astina ama diutus ku Presiden Duryudana pikeun ngarunding masalah krisis Kurusetra. Kangge nyegah perang Baratayuda, demi kadamean dunya, Astina minta Amarta masrahkeun Semar.
ARJUNA: Kangge naon, Prof?
DURNA: Pikeun dijadikeun sesepuh Astina! Nah, lamun teu ka kabeuratan, geura anteurkeun Semar ka nagara anu baheula, eh… ka Astina.
ARJUNA: Sae! Petuduh rama guru kaula laksanakeun.
DURNA: Nah, hahaha… mangga!
Bumi goncang
Laut goncang
GARA-GARA—Taktiklicik konflik politik karsundut genipati. Tumaritis keuna wabah sarakah babangus kurawus.
Suwe ora jamu, Mas
Jamune godong telo
Suwe ra ketemu Mas
Lho kok malah bodo
ARJUNA: Sampurasun!“Hobat, Reng—kuno! Teu maju-maju! Seni kudu boga ciri anu mandiri. Kudu khas, lain klise!”
“Penting duit—Anjing!”
“Hobat! Keuna wabah dokuisme, idealisme seni luntur!”
“Kajeun—Bangsat!”
“Minggeus! Ribut wae! Era tuh ku panongton.”
“Sendika dawuh, Yayi Prabu—”
“Minggeus—Anjing! Ulah dadalangan edan kitu!”
“Hihi… keun wae, omongan wayang ngeunaheun euy. Lamun aing dalang!"
“Naon?”
“Arek ganti aran jadi Cepot De Vito—hihihi….”
“Busyet! Sugan the naon?”
“Eh, tempo tuh aya Agan Arjuna!”
SEMAR: Rampes, Jendral Arjuna, mangga ka lebet.
ARJUNA: Nihun. Kang Semar, kaula menta kasayagianana jadi duta kadamean Amarta di Astina. Ayeuna pisan andika kudu mangkat sareng Prof Durna.
DURNA: Leres, Ki Semar!
SEMAR: Sae, mangga—Jang, jaga desa!”
Kocap kacarita Durna“Beres, Pa!”
Mawa Semar ka Astina
ASTINA.—Dina panjara jero tanah Semar dibui. Sanes janten duta mantenna, nanging katalangsara. Mantenna teu kawasa teu daya teu upaya.
Duka daku dikau daki“Aduh, Gusti! naon noda, dosa, cela, atawa mala anu dipidamel ku sim kuring, dugi ngalampahan nasib anu medel kieu?”
Dikau duka daku daki
Kurawa lalumpatan“Hey, Kurawa! Semar leungit ti bui ilang tina panjara!”
“Krrk-cuah! Bangsat! Saha sia?”
“Ulah kaget, Kurawa! Kaula Sang Hyang Mayadewa anu geus ngabebaskeun Ki Semar Badranaya.”
“Dur, Cit, Karta—tewak!”
“Sayagi!
Sayagi! Sayagi!”
(Clap!)—“Ciaat!”—(Jder!)—“Ait! Pfuh!”—(Splak! Bugh!)
“Aduh!”
“Krrk-cuah! Keparat! Hiaatt!”— (Zplak! Dez! Bugh!) —“Heughk!
Hoeekh ooo…!”
“Tenjo tuh, Dur! Jendral Baladewa ditonjok dugi olab muntaber!”
“Krrk-cuah! Lumpat, Cit!”
“Oke deh!”
Kabur paburantakan
Sang Hyang Mayadewa
Kebat tumuju ka Amarta
AMARTA.—Jendral Arjuna menta suaka.
YUDISTIRA: Aya naon, Jendral Arjuna?
ARJUNA: Cilaka! Kaula diudag mahajaksa anu ngaku Sang Hyang Mayadewa.
BIMA: Hmh, naha?
ARJUNA: Kaula parantos ngirim Kakang Semar ka Astina salaku duta kadamean, nanging mantenna murca.
KRESNA: O, pantes!
ARJUNA: Belaan kaula.“Heh, Arjuna! Ulah sambat kaniaya! Najan lumpat ka luar tata jagat pramudita, anjeun moal bisa bebas leupas tina tuntutan Mahajaksa Sang Hyang Mayadewa!”
KRESNA: Keun akang anu mayunan!
KRESNA: Punten, Mahajaksa—memang Arjuna aya di pihak kadakwa, upami aya bukti kasalahanana. Nanging Amarta teh nagara hukum anu ngajungjung azas praduga tanpa salah. Nah, mangga urang badamikeun di pangadilan.”“Babo krrk-cuah! Budak hideung, arek naon anjeun?”
KRESNA: Sae, kasaksian andika tiasa dijelentrehkeun di pangadilan. Andika tiasa nungtut Jendral Arjuna! Apa andika warga Amarta?”“Ulah ngadalih! Arjuna kalibat dina panipuan tanaga kerja, nyalahgunakeun jabatan, ngomplot jeung Kurawa pikeun nyilakakeun Ki Semar Badranaya.”
KRESNA: Eladalah! Kakang Semar?“Enya! Ieu KTP kaula!”
KRESNA: O!
SEMAR: Uhahahahah… atoslah, Agan Kresna. Kahilafan Jendral Arjuna dihapunten ku sim kuring! Sim kuring bade teras wangsul ka desa Tumaritis. Permios!”
KRESNA: Mangga, Kakang Semar!”


No comments:
Post a Comment